PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
101
4
pangaruh éfék anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun.
Dina ngagunakeun gaya basa dipilih tur disusun kekecapan kalayan ngagunakeun sababaraha cara anu maksudna sangkan bisa
ngamunculkeun imaji éstétis, anu hasilna disebut diksi puitis. Ku kituna, dina nangtukeun gaya basa kudu dilakukeun kalawan taliti
sangkan bisa ngahasilkeun gaya basa anu cocog tur luyu sarta ngawakilan ma’na nu dimaksud ku pangarang.
b. Unsur Batiniah Rumpaka Kawih
Minangka wangunan puisi, rumpaka kawih mibanda struktur batin, anu ngawéngku téma, rasa, nada suasana, jeung amanat Tarigan,
2011:9-10. Téma asalna tina basa Latin titéhnai
anu hartina ‘tempat neundeun hiji alat’. Pangna disebut kitu lantaran téma nyaéta ideu atawa
gagasan anu ngadadasaran hiji karya sastra nepi ka mibanda peran jadi puseur pangarang dina nepikeun karya nu disusunna. Téma
mangrupa patalina antara ma’na jeung tujuan Aminuddin, 1991:91. Téma henteu sawasna aya dina wangun moral atawa ajaran moral.
Téma ngan bisa muncul dina wangun panitén pangarang kana kahirupan anu teu kudu ditapsirkeun ku dirina, tapi kudu ditapsirkeun
ku nu maca. Rasa feeling mangrupa
the poet’s attitude toward his subject matter, anu hartina sikep panyajak kana jejer pasualan anu aya dina puisina.
Rasa mungkin waé aya dina lapis ma’na puisi sabab unggal ngahadirkeun jejer pikiran nu tangtu, manusa dipangaruhan ku sikep
nu tangtu anu biasa jadi gumantung kana kaayaan haténa Tarigan, 2011:12.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
102
4
Nada tone mangrupa sikep panyajak ka pamaca atawa ka dirina sorangan. Nada nyoko kana warna émosional atawa warna ma’na
tina karya nu nulis tur mangrupa unsur penting tina gunggungan ma’na Muridntoro, 2014:143. Nada anu diébréhkeun ku panyajak
dina hiji puisi aya patalina jeung rasa nu aya dina éta puisi. Nada patalina jeung suasana sabab suasana mangrupa warna dasar tina
hiji karya sastra, kaasup dina rumpaka kawih. Amanat mangrupa kapercayaan, pesen, pesenan, pihapé, popoyan,
atawa talatah Danadibrata, 2009:17. Kitu deui amanat puisi, nyaéta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Pangarang
boga tujuan atawa maksud tina puisi nu dijieunna, boh tujuan pikeun nyumponan kabutuh pribadi atawa nu séjénna, gumantung kana
sawangan hirup pangarang Tarigan, 2011:21. Tujuan disusunna karya sastra téh nyaéta pikeun kasugemaan pribadi. Ku kituna, dina
nyiptakeun hiji karya saperti puisi, pangarang kudu ngaluyukeun diri kana tujuan nu hayang dihontal ku dirina. Amanat dina karya sastra,
kaasup rumpaka kawih, mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa nu ngaregepkeun.
Struktur unsur lahir jeung struktur unsur batin rumpaka kawih sacara umum mibanda sasaruaan jeung wangun puisi.Minangka
wujudiah tina puisi, struktur lahir jeung struktur batin rumpaka kawih bisa dibagankeun saperti ieu di handap.
Bagan 4. 1 Struktur Rumpaka Tembang
Imaji Lambang
Struktur Lahir Wirahma
Gayabasa STRUKTUR
RUMPAKA KAWIH Téma
Rasa Struktur Batin
Nada Amanat
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
103
4
3. Kakawihan