Prosédur Analisis Data

35 Rusmiati, 2012 Manaqib Syeh Abdul Qodir Jailani Di Kacamatan Sukabumi Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.7 Prosédur Analisis Data

Prosédur analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktifMiles jeung Huberman, 1992:16, nyaéta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur kagiatan: réduksi data, midangkeun data, katut nyindekkeun jeung vérifikasi, nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap. Bagan 3.1: Tehnik Analisis Interaktif Miles jeung Huberman, 1992:16 Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun maké téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada dikla- sifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés séléksi, museurkeun, ngabasajan- keun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diséléksi ku jalan milah-milah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina puseur pasualan panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun nga- 36 Rusmiati, 2012 Manaqib Syeh Abdul Qodir Jailani Di Kacamatan Sukabumi Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu rakit atawa ngaorganisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyin- dekkeun jeung vérifikasi. Kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didadasaran ku kagi- atan ngaorganisasikeun informasi nu dicangking dina kagiatan analisis data. Saba- da éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicang- king. Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan, prosédur analisis data téh ngawengku léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap. 1 Maca sakabéh data; 2 Ngaidéntifikasi eusi téks manaqibSyéh Abdul Qodir Jailani; 3 Ngaidéntifikasi jeung nalaah kontéks manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani; 4 Ngaidéntifikasi tanda ikon, indéks, katut simbol dina téks jeung kontéks manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani;jeung 5 Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih lengkep jeung bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero luyu jeung udagan panalungtikan, digunakeun triangulasi. Ieu tahap dilaksanakeun ngaliwatan koréspondénsi jeung wawancara ka sababaraha narasumber. 89 Rusmiati, 2012 Manaqib Syeh Abdul Qodir Jailani Di Kacamatan Sukabumi Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan