Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang  Masalah
Basa  téh  salasahiji  pakakas  anu  dipaké  ku  manusa  dina  hirup  kumbuhna. Basa  diulik  ku  paélmuan  nu  husus  nu  disebut  élmuning  basa  atawa  lingusitik.
Jadi,  basa  téh  mangrupa  obyék  linguistik.  Ieu  téh  nuduhkeun  yén  disawang  tina jihat  filsafat,  linguistik  diaku  minangka  hiji  paélmuan  lantaran  miboga  sipat
ontologis  atawa mibanda  obyék ulikan  nya  éta basa. Basa  mangrupa  alat  komunikasi  nu  éféktif,  nu  dilengkepan  ku  unsur-unsur
nu  aya  di  jerona,  nu  ngawengku  aspék-aspék  basa  sarta  aturan-aturan  ngeunaan basa  nu  dipikawanoh  ku  panyaturna.  Wardhaugh  dina  Sudaryat  2004:6
nyebutkeun yén “Language is a system of arbitrary vocal symbols used for human
communication”,  basa  téh  nya  éta  sistem  lambang  sora  nu  arbitrér  nu  dipaké  ku manusa  pikeun  komunikasi.
Basa  perlu  pisan  ditalungtik  jeung  diajarkeun.  Hartina  pikeun  negeskeun basa  ku  cara  nyaritakeun  pangalaman  manusa  dina  beungkeutan  nu  miboga  ma’na
katut  ngagunakeun  kabébasan  robahna  basa. Basa  miboga  harti  nu  lega,  nya  éta  salaku  alat  komunikasi.  Manusa  moal
leupas  tina  basa,  sabab  euweuh  kagiatan  manusa  nu  teu  maké  basa.  Aya  sawatara hal  nu  perlu  diperhatikeun  dina  komunikasi,  nya  éta  1  tempat  lumangsungna
paguneman,  2  saha  panyaturna,  3  maksud  nu  rék  ditepikeun,  4  eusina  ngeunaan naon,  5  kumaha  carana,  6  alatna  lisan  atawa  tulisan,  7  norma  atawa  aturan,
katut  8 ragam  basa nu  digunakeun.
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Basa  Sunda  mangrupa  basa  indung,  basa  panganteur  di  masarakat,  sarta basa  nu  ngarojong  kana  kabudayaan  Sunda,  saperti  nu  geus  diunikeun  dina
Penjelasan  Pasal  36  Undang-Undang  Dasar  1945,  yén  basa  daérah  kaasup  kana basa  anu  dipiara    jeung  dimumulé  ku  rahayatna  kalawan  bener-bener.  Ku  kituna,
basa  kudu  dipiara  ku  nagara,  nurutkeuun  anggapan  yén  basa  daérah  ogé  mangrupa bagian  tina  kabudayaan  Indonésia  nu  hirup.  Basa  Sunda  kaasup  kana  salasahiji
basa  daérah  di  Indonésia  anu  nepi  ka  ayeuna  pungsi  basa  Sunda  masih  kénéh  tetep kuat.
Basa  Sunda  téh  basa  nu  miboga  ma’na  nu  leubeut,  produktip,  unik, dinamis,  dialékna  loba,  sarta  manusiawi  nu  luyu  jeung  hakékat  basa.  Salasahiji
pungsi  basa  Sunda  dina  komunikasi  nya  éta  pungsi  fatis  phatic  function  dina harti  mangrupa  pungsi  basa  nu  nerangkeun  ngeunaan  bubuka,  nandeskeun,  sarta
mairan.  Éta  pungsi  basa  téh  sok  digunakeun  ku  masarakat  dina  gunem  catur pikeun  ngaraketkeun  hubungan  sosial.
Basa  Sunda  ngalaman  kamekaran  sarta  parobahan  ti  jaman  ka  jaman,  sarta bisa  leungit  lamun  teu  digunakeun  kalawan  bener    jeung  teu  dipiara  ku  urang
Sundana  sorangan.  Salian  tina  kamekaran  basana,  basa  Sunda  ogé  miboga  kecap nu  ngalaman  prosés  nalika  dina  ngagunakeunnana,  boh  dina  basa  tinulis  boh  dina
basa  lisan.  Dumasar  prosés  dipakéna  basa,  basa  lisan  ngalaman  parobahan  leuwih gancang  tibatan  basa  tinulis.  Sanajan  ngalaman  parobahan  dina  kalimah  ku  cara
ngaleungitkeun  unsur-unsur  atawa  bagéan-bagéan  kalimah,  ieu  hal  teu mangaruhan  kana  harti  prosés  komunikasina.  Unsur  atawa  bagian  anu  henteu
dikedalkeun  bisa  mangrupa  unsur  anu  sarua  wujudna,  bisa  mangrupa  anu  wenang
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
ayana  dina  hiji  struktur,  atawa  nurutkeun  kontéks  situasina  éta  unsur  téh  geus dipikaharti  ku nu  marakéna  basa.
Nurutkeun  Sudaryat,  spk.  2007:4  ragam  basa  nurutkeun  atikan  formal ngabédakeun  ayana  ragam  basa  nyakola  jeung  ragam  basa  teu  nyakola.  Ragam
basa  ti  panyatur  anu  nyakola  ilaharna  ébréh  lebah  ucapan  foném-foném  tina  basa kosta, ngukuhan  kaédah basa, boh tata basana boh undak-usuk  basana.
Ragam  basa  nurutkeun  sikep  panyatur  raket  patalina  jeung  kakawasaan, kalungguhan,  sarta  lomana  antara  panyatur,  pamiarsa,  jeung  jalma  anu
dicaritakeun,  disebut  undak-usuk  basa  atawa  tatakrama  basa.  Ku  kituna,  undak- usuk  basa  sok  dipasing-pasing  jadi  ragam  basa  lemes  hormat  jeung  ragam  basa
kasar  loma,  atawa  teu  hormat.  Ragam  basa  lemes  aya  dua  rupa,  nya  éta  lemes  ka batur  jeung  lemes  keur  sorangan,  anu  bisa  katitén  wujudna  dina  lisan  atawa  kecap,
pasemon,  rengkuh  jeung  peta, sarta lentong  anu  merenah. Ragam  basa  nurutkeun  warna  makéna  basa  disawang  tina  jihat  jejer
omongan,  medium  atawa  sarana,  jeung  sipat  pasosokna.  Disawang  tina  jejer omongan  aya  ragam  basa  urang  réa  balaréa  anu  ilahar  dipaké  sapopoé  jeung
ragam  basa  urang  aré  anu  dipaké  husus  dina  widang  jurnalistik,  paélmuan,  sastra, jeung  agama.  Disawang  tina  medium  makéna  aya  ragam  basa  lisan  anu  dipaké
dina  paguneman  atawa  biantara,  aya  ragam  basa  tulis  nu  dipaké  dina  surat,  koran, majalah,  jeung  buku.  Ragam  basa  nu  rék  diguar  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta
ragam  basa nurutkeun  sikep  panyatur  sarta warna  makéna  basa. Salian  ti  éta,  hirup  kumbuh  di  masarakat  tangtu  moal  leupas  tina  ragam
basa  lisan,  ragam  basa  lisan  ieu  nya  éta  ragam  basa  nu  diungkapkeun  ngaliwatan
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
média  lisan  sarta  kawatesanan  ku  waktu  jeung  tempat.  Salian  ti  éta,  situasi  atawa
kaayaan  ogé  bisa  mantuan  ngungkabkeun  hal  nu  dimaksud  sarta  unsur gramatikalna  loba  nu  teu  diécéskeun  sacara  lengkep  jeung  dipangaruhan  ku  luhur
handapna  sora atawa lentong. Ragam  basa  lisan  miboga  kaunggulan  sarta  kahéngkéran.  Kaunggulan  nu
nyampak  dina  basa  lisan  nya  éta  bisa  disaluyukeun  jeung  situasi,  faktor  éfisiénsi, faktor  pangjéntré  dina  harti  panyatur  bisa  nambahan  unsur  séjén  nu  mangrupa
tekenan  jeung  gerak  awak  supaya  nu  diajak  nyarita  ngarti  kana  naon  anu
dicaritakeun.  Salian  tina  kaunggulanana,  ragam  basa  lisan  miboga  kahéngkéran  di antarana  basa  lisan  diwangun  ku  sababaraha  kalimah  nu  teu  lengkep,  malah
diwangun  ku  frasa-frasa  basajan,  kaidah-kaidah  basa  nu  digunakeun  remen
ngagunakeun  ragam  basa  formal.    Basa  lisan  nu  wangunna  paguneman  dina situasi  formal  bakal  béda  kaédah-kaédah  kabakuanana  dina  paguneman  dina
situasi  teu formal  atawa dina  waktu  rinéh. Hal  ieu  katitén  dina  ungkara  kalimah,
“Mangga  atuh  dileueut  [kopina, lalawuhna,  opakna].  Dina  ungkara  kalimah  di  luhur,  nu  di  jero  kurung  tara
dikedalkeun,  tapi  hal  ieu  teu  mangaruhan  kana  kontéks  kalimahna,  alatan  hal  ieu dirojong  ku  situasi  kondisina.  Ungkara  kalimah  di  luhur,  remen  kajadian  dina  basa
lisan.  Conto  séjénna  nalika  interaksi  nu  aya  di  lingkungan  pasar,  antara  nu  meuli jeung  nu  ngajual  sok  tara  lengkep  unsur  kalimahna,  dina  harti  sok  aya  nu
dileungitkeun.  Contona  “Néng,  gula  jeung  tipung  sadayana    janten  dua  belas lima”.  Dina  ungkara  kalimah  nu  bieu,  jéntré  pisan  aya  kecap  nu  ngalaman  sirna
nya  éta  kecap  harga  nu  teu  disebutkeun,  sarta  kecap  bilangan  nu  ngan  ukur  disebut
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
dua  belas lima,  padahal  kalimah  nu  sakuduna  mah  nya  éta  “Néng,  pangaos  gula
jeung  tipung  téh  sadayana  janten  d ua belas réwu lima  ratus”.
Tina  katerangan  di  luhur  ébréh  yén  dina  kahirupan  sapopoé  kapanggih  réa kalimah-kalimah  nu  sok  dileungitkeun  unsur-unsurna.  Unsur-unsur  kalimah  nu
dileungitkeun  téh  umumna  unsur-unsur  fungsional.  Nurutkeun  Sudaryat,  spk. 2007:  181,  unsur-unsur  fungsional  dina  kalimah  basa  Sunda  téh  ngawengku
jejer, caritaan,  udagan,  panglengkep,  jeung  katerangan. Nganalisis  unsur-unsur  nu  sirna  dina  kalimah,  bisa  digunakeun  rupa-rupa
pamarekan  di  antarana  waé  pamarekan  struktural  jeung  pamarekan  transformasi. Ieu  panalungtikan  ngagunakeun  pamarekan  transformasi  dina  nganalisis  unsur
sirnaan  kalimah.  Tiori  transformasi  méré  wangenan  yén  transformasi  téh  salaku parobahan  wangun  kalimah  tina  wangun  kalimah  anu  disebut  kalimah  dasar.  Ciri-
ciri  kalimah  transformasi  téh  nya  éta  mangrupa  kalimah  rangkepan  ngantét, sumélér,  tanlengkep  tansampurna,  pananya  interogatif,  panitah  imperatif,
pamungkir  négatif,  jeung  dipigawé  pasif.  Konsép  transformasi  miboga sasaruaan  jeung  konsép  strukturalisme,  nya  éta  struktur  basa  anu  alami  mangrupa
struktur,  anu  nétélakeun  yén  basa  alami  téh  bisa  ditepikeun  ngaliwatan  sistem  anu logis  anu  miboga  maksud  ngaleungitkeun  rasa  samar,  istilah  anu  kurang  merenah,
sarta  méréskeun  pasualan-pasualan  basa  sacara  umum.  Inti  tina  ieu  tiori  nya  éta maluruh  hubungan  antara  hiji  kalimah  jeung  kalimah  lianna  dumasar  kana
tingkatan  kacukupan,  dina  harti  hiji  basa  nyumponan  tingkatan  kacukupan  téh lamun  ngaliwatan  kacukupan  observasi,  kacukupan  déskripsi,  jeung  kacukupan
éksplanasi.
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Sudaryat,  spk.2007:  273  nétélakeun  yén  konsép  transformasi  kalimah
didadasaran  ku  anggapan  yén  kalimah-kalimah  anu  dipaké  dina  komunikasi,  anu rupa-rupa  wangunna  téh,  lolobana  mangrupa  rékaan  tina  hiji  wangun  kalimah  anu
disebut  kalimah  dasar.  Ditilik  tina  jihat  transformasi,  kalimah-kalimah  nu  aya  dina hiji  basa  bisa  diklasifikasikeun  jadi  dua  rupa  nya  éta  kalimah  dasar  inti  jeung
kalimah  transformasi  rékaan.  Kalimah  inti  miboga  ciri  nya  éta  salancar  tur sampurna,  aktif,  afirmatif,  jeung  déklaratif.  Sabalikna  tina  kalimah  salancar  tur
sampurna,  aktif,  afirmatif,  jeung  déklaratif  disebut  kalimah  transformasi. Transformasi  téh  loba  rupana,  anu  ngawujud  dina  prosés  parobahan-parobahan
tina  kalimah  dasar  kana  kalimah  transformasi,  saperti  parobahan  tina  kalimah salancar  kana  kalimah  rangkepan,  tina  kalimah  wawaran  kana  kalimah  pananya,
jeung  saterusna,  anu  patali  jeung  parobahan  tina  cirri-ciri  kalimah  dasar  téa.  Ieu parobahan  téh  lumangsung  nurutkeun  kaédah  anu  aya  dina  sistem  basana,  anu
disebut  kaédah  transformasi.  Anapon  rupa  kalimah  transformasi  nya  éta pérmutasi  paselup  prosés  parobahan  susunan  unsur-unsur  kalimah,  topikalisasi
parobahan  salasahiji  unsur  kalimah  topik,  négasipamungkir  prosés  ngarobah kalimah  positif  jadi  kalimah  negatif  atawa  kalimah  ingkar,  délisi  elipsis  kalimah
sirnaan.  Ieu  panalungtikan  leuwih  nyoko  kana  prosés  kalimah  transformasi délisiélipsis.
Transformasi  kalimah  saacanna  geus  aya  nu  nalungtik  nya  éta “Kalimah
Transformasi  Basa  Sunda  dina  Média  Citak  Patalina  jeung  Adegan  Batin  katut Adegan  Lahir
”  Widyastuti,  2012,  tapi  bédana  kalimah  transformasi  di  dieu  mah saukur  dipaké  pamarekanana.  Sugono  1995:218  kungsi  nalungtik  sirnaan
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
ngeunaan  jejer  Pelesapan  Subjek  dalam  Bahasa  Indonesia  dina  ragam  basa  tulis, sarta  tina  pangalaman  nganalisis  sirnaan  jejer  dina  ambahan  wacana  katitén  yén
gejala  sirnaan  jejer  leuwih  alus  dina  ragam  basa  lisan  alatan  lain  ukur  kaédah basana  wungkul  nu  mangaruhan  téh  tapi  ngeunaan  sababaraha  paktor  di  antarana
paktor  budaya  atawa  pola  pikir  panyatur  basa  nu  teu  ngungkabkeun  hiji  hal kalawan  écés  pikeun  panyatur  jeung  nu  ngaregepkeun.  Nepi  ka  ayeuna,  can  aya
panalungtikan  ngeunaan  unsur  sirnaan  dina  kalimah  basa  Sunda,  komo  deui  dina basa Sunda  lisan.
Ku  kituna, panalungtikan  ngeunaan  “Wangunan  Sirnaan  dina  Kalimah
Basa  Sunda  Lisan  di  Pasar  Padayungan  Tasikmalaya  Tilikan  Tata  Basa Transformasi
”  perlu  diayakeun.
1.2 Identifikasi  Masalah