Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
paham  jeung  bisa  neuleuman  kana  objék  anu  jadi  sasaran  panalungtikan Syamsudin  jeung  Damaianti,  2006:14.
Métode  anu  dipaké  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta  metode  déskriptif analitis  tina  hasil  transkripsi  basa  lisan  nu  ngandung  unsur-unsur  sirnaan.  Métode
déskriptif  ieu  pungsina  nya  éta  pikeun  milih,  milah,  ngolah  jeung  nafsirkeun  data. Salian  ti  éta,  objék  anu  didéskripsikeunana  nya  éta  sakabéh  wangun  kalimah  dina
basa  lisan  nu  digunakeun  ku  masarakat  di  masarakat  pasar  Padayungan  Kota Tasikmalaya.  Analisisna  nyoko  kana  unsur-unsur  nu  sirna,  sarta  transformasi
kalimahna.
3.4 Wangenan  Operasional
Sangkan  jelas  tur  aya  kasaruaan  pandangan  ngeunaan  istilah-istilah  poko anu  dipaké  dina  ieu  panalungtikan,  perlu  diwincik  wangenan  operasional  nya  éta
ieu  di handap. a.
Kalimah  nya  éta  wangunan  basa  maksimal  nu  miboga  harti  sarta  diébréhkeun ngaliwatan  hiji  omongan  atawa  wacana    nu  miboga  lentong  pamungkas  turun
atawa naék. b.
Sirnaan  kalimah  nya  éta  ngaleungitkeun  unsur-unsur  fungsional  jejer, caritaan,  udagan,  panglengkep,  jeung  katerangan  dina  kalimah  sirnaan  kalimah
unggal  bagian  tina  preposisi  kalimah. c.
Sirnaan  disebut  ogé  délisi.  Délisi  disebut  ogé  kalimah  ringkesan,  nya  éta wangun  kalimah  anu  sabagian  unsur  kalimahna  dileungitkeun.  Lamun  ditilik  tina
kalengkepan  unsurna,  éta  kalimah  téh  kaasup  kalimah  teu    lengkep.  Ieu  kalimah téh  disebut  ogé kalimah  sirnaan,  anu  prosésna  disebut  délisi  élipsis.
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Délisi  atawa    elipsis  téh  lumangsung  lamun  dina  hiji  kalimah  aya  unsur- unsur  atawa  bagian-bagian  anu  dileungitkeun  atawa  henteu  dikedalkeun.  Unsur
atawa  bagian  anu  henteu  dikedalkeun  téh  bisa  mangrupa  unsur  anu  sarua  wujudna, bisa  jadi  mangrupa  unsur  anu  wenang  ayana  dina  hiji  struktur,  atawa  nurutkeun
kontéks  situasina  éta  unsur  téh  geus  kamaphum  ku  nu  marakéna  basa.  Kulantaran kitu,  unsur  anu  dileungitkeun  atawa  anu  henteu  dikedalkeun  téh  aya  nu  bisa
kapaluruh  tina  téksna  atawa  wacanana  délisi  tékstual,  aya  anu  bisa  kapaluruh dumasar  kana  strukturna  délisi  struktural,  aya  ogé  anu  bisa  kapaluruh  nurutkeun
kontéks  situasina  délisi  situasional. d.
Transformasi  nya  éta  prosés  pangwangunan  unsur  basa  tina  struktur  dasar  ka struktur  turunan.  Aya  lima  rupa  transformasi  nya  éta,  1  transformasi  tunggal,  2
transformasi  seselan,  3  transformasi  ngantét,  4  transformasi  puseur,  jeung  5 transformasi  husus.
3.5 Instrumén  Panalungtikan