Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber  Data
Pikeun  nyumponan  data  dina  ieu  panalungtikan,  data  anu  didéskripsikeun téh  dicokot  data  primér.  Data  primér  tina  sumber  lisan  nya  éta  hasil  sadap  rékam
paguneman  masarakat  nu  interaksi  di  sabudeureun    pasar  Padayungan  Kota Tasikmalaya.  Netepkeun  sumber  data  ku  cara  sadap  rékam  tina  data  basa  lisan  téh
jalaran  sajalan  jeung  sawangan  Grinder  jeung  Elgin  dina  Sudaryat  1991:10  nu nyebutkeun  yén  nu  nalungtik  basana  sorangan,  di  sagédéngeun  dirina  bisa  salaku
informasi,  ogé  bisa  merhatikeun  intuisi  panyatur  lianna.  Panyatur  basa  nu  dipilih salaku  informan  kudu  miboga  sarat  tina  segi  umur,  jenis  kelamin,  kualitas  budaya
katut  kajiwaan  basana. Nangtukeun  jeung  néangan  data  nu  saperti  kitu  téh  dipiharep  cukup
réfréséntatitf  pikeun  ieu  panalungtikan.  Nu  saterusna  dicokot  sajumlah  kalimah  nu bakal  dijadikeun  bahan  kajian  data.  Korpus  data  nu  alus  kudu  miboga  ciri
seragemna  sacara  dialkétis,  alamiah,  loba  ragamna,  lengkep,  terus-terusan,  jeung narik  Samarin  dina  Sudaryat,  1991:11.
3.2 Désain Panalungtikan
Désain  panalungtikan  nya  éta  gemblengan  rencana  pikeun  ngumpulkeun data  dina  raraga  ngajawab  patalékan  panalungtikan,  sarta  téhnik  analisis  atawa
métode  husus  anu  rék digunakeun  ku panalungtik. Desain  dina  ieu  panalungtikan,  nyoko  kana  léngkah-léngkah    ieu  di
handap,
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Nangtukeun  masalah  ngeunaan unsur-unsur  sirnaan  dina  ragam
basa lisan Ragam  basa lisan  di
sabudeureun  Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Rumusan  anggapan  dasar ngeunaan  sirnaan  dina  ragam
basa lisan  di sabudeureun  Pasar Padayungan  Kota Tasikmalaya
Nangtukeun  sumber  data
Bagan 3.1 Désain Panalungtikan
3.3 Métode Panalungtikan
Métode  panalungtikan  mangrupa  salah  sahiji  cara  pikeun  matotoskeun masalah  panalungtikan  anu  dilaksanakeun  kalawan  dirarancang  heula  sacara
gemet,  anu  maksudna  sangkan  meunang  fakta  jeung  kacindekan  sangkan  bisa mikaharti,  jeung  ngajelaskeun  kaayaan.  Métode  mangrupa  cara  digawé  sangkan
Rumusan  masalah  ngeunaan unsur  sirnaan  dina  ragam  basa
lisan Nyusun   laporan
Analisis  data
Transkripsi  Paguneman
Obsérvasi  ka lapangan  ku cara sadap rékam
Nyindekkeun
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
paham  jeung  bisa  neuleuman  kana  objék  anu  jadi  sasaran  panalungtikan Syamsudin  jeung  Damaianti,  2006:14.
Métode  anu  dipaké  dina  ieu  panalungtikan  nya  éta  metode  déskriptif analitis  tina  hasil  transkripsi  basa  lisan  nu  ngandung  unsur-unsur  sirnaan.  Métode
déskriptif  ieu  pungsina  nya  éta  pikeun  milih,  milah,  ngolah  jeung  nafsirkeun  data. Salian  ti  éta,  objék  anu  didéskripsikeunana  nya  éta  sakabéh  wangun  kalimah  dina
basa  lisan  nu  digunakeun  ku  masarakat  di  masarakat  pasar  Padayungan  Kota Tasikmalaya.  Analisisna  nyoko  kana  unsur-unsur  nu  sirna,  sarta  transformasi
kalimahna.
3.4 Wangenan  Operasional