Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
ngeunaan jejer Pelesapan Subjek dalam Bahasa Indonesia dina ragam basa tulis, sarta tina pangalaman nganalisis sirnaan jejer dina ambahan wacana katitén yén
gejala sirnaan jejer leuwih alus dina ragam basa lisan alatan lain ukur kaédah basana wungkul nu mangaruhan téh tapi ngeunaan sababaraha paktor di antarana
paktor budaya atawa pola pikir panyatur basa nu teu ngungkabkeun hiji hal kalawan écés pikeun panyatur jeung nu ngaregepkeun. Nepi ka ayeuna, can aya
panalungtikan ngeunaan unsur sirnaan dina kalimah basa Sunda, komo deui dina basa Sunda lisan.
Ku kituna, panalungtikan ngeunaan “Wangunan Sirnaan dina Kalimah
Basa Sunda Lisan di Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transformasi
” perlu diayakeun.
1.2 Identifikasi Masalah
Pasualan ngeunaan sirnaan remen kapanggih dina ragam basa tulis jeung ragam basa lisan. Dina ragam basa lisan utamana dina paguneman nu digunakeun
dina kahirupan sapopoé, kalimah atawa kontéks basa nu ngalaman sirnaan leuwih loba, alatan dirojong ku sababaraha paktor. Sedengkeun pikeun nganalisis éta
sirnaan téh ngagunakeun pamarekan transformasi kalimah. Dina harti pamarekan ngeunaan parobahan kalimah tina kalimah dasar ka kalimah transformasi.
Sangkan panalungtikan leuwih museur kana masalah nu ditalungtik, nu nyusun ngawatesanan ieu panalungtikan kana ungkara kalimah nu ngalaman
prosés transformasi kalimah nu museur kana unsur-unsur sirnaan dina ragam basa lisan.
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.3 Rumusan Masalah
Aya sababaraha masalah anu dirumuskeun dina wangun patalékan, nya éta:
a. Kumaha wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi
masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya? b.
Unsur-unsur naon waé anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu dipaké ku masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya?
1.4 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah nu geus diébréhkeun, ieu panalungtikan sacara umum miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun
“Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transform
asi”. Tujuan
ieu panalungtikan
nya éta
pikeun mikanyaho
jeung ngadéskripsikeun Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di
Masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya Tilikan Tata Basa Transformasi ”.
Ari déskripsina ngawengku opat hal ieu di handap, nya éta: a.
Wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya;
b. Unsur-unsur anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu dipaké ku
masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya;
Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.5 Mangpaat Panalungtikan