Mangpaat Panalungtikan Srtuktur Organisasi Tulisan

Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Mangpaat Panalungtikan

a. Mangpaat Tioritis Ieu panalungtikan dipiharep pikeun nambahan référénsi utamana dina tata basa ngeunaan wangun kalimah nu asalna kalimah dasar jadi sirna atawa leungit bagian-bagian kalimahna. Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun ngungkab sacara tuluy tumuluy ngeunaan basa Sunda dina rupaning widang utamana dina basana. Salian ti éta, panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun kamekaran basa Sunda. b. Mangpaat Praktis Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta panalungtik bisa weruh kana tata basa transformasi kalimah sarta prosés dina transformasi kalimah utamana prosés sirnaan, ogé panalungtik bisa weruh kana unsur-unsur naon waé nu sirna dina ragam basa lisan utamana dina paguneman sapopoé nu nyampak di masarakat.

1.6 Srtuktur Organisasi Tulisan

Ieu panalungtikan diébréhkeun sacara écés di antarana nya éta bab hiji nu mangrupa bubuka ngawengku 1 kasang tukang masalah ngeunaan basa lisan nu mangrupa paguneman sapopoé nu ngalaman sirnaan, 2 idéntifikasi masalah, 3 rumusan masalah, 4 tujuan panalungtikan, jeung 5 mangpaat panalungtikan tioritis sarta mangpaat panalungtikan praktis. Bab dua diwengku ku ulikan tiori ngeunaan 1 hakékat kalimah, 2 tata basa transformasi, jeung 3 transformasi kalimah. Bab tilu ngadadarkeun métodologi panalungtikan nu dipaké dina Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nalungtik wangunan sirnaan. Bab opat nya éta nganalisis hasil panalungtikan dumasar tiori anu geus dijelaskeun dina bab dua. Bab lima ngawengku kacindekan jeung saran. Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN