Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan .1 Lokasi Panalungtikan Desain Panalungtikan Metodé Panalungtikan

Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III METODÉ PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan Lokasi atawa tempat ngalakukeun ieu panalungtikan di SMA Kartika XIX 2 Bandung jln. Pak Gatot Raya 73 S Tlp. 2011854 Kota Bandung.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjek anu ngahasilkeun éta data Arikunto, 2010, kc. 129. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung anu jumlahna 35 siswa, ngawengku 20 lalaki jeung 15 awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Champbell jeung Stanley dina Arikunto, 2010, kc. 123 desain panalungtikan dibagi dua dumasar kana sampurna atawa henteuna éta panalungtikan. Desain panalungtikan kahiji nya éta pre-examperimental design atawa disebut ogé ékspérimén anu can sampurna. Ku sabab kitu, sok disebut ogé quasi ékspérimén atawa ékspérimén semu. Desain anu kadua disebut true ékspériméntal design atawa ékspérimén murni. Metodé panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén. Arikunto 2010, kc. 123 nétélakeun yén aya tilu jenis desain panalungtikan dina kategori pre ékspériméntal desain 1 One Shot Case Study, 2 Pre- Tést jeung Post-Tést, 3 Static Group Comparison. Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta Pre-Tést jeung Post-Téstanu maké dua kali tés, tés awal tés saméméh perlakuan jeung tés ahir tés sanggeus perlakuan. Desain panalungtikan digambarkeun dina tabél ieu di handap. Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.1 Desian Panalungtikan O1 X O2 Arikunto, 2010, kc. 123 Keterangan : O1 = Pre-tés tés awal saméméh perlakuan X = Tréatmen perlakuan maké modél Time Token Arend O2 = Post-tést tés ahir sanggeus perlakuan

3.3 Metodé Panalungtikan

Metodé nya éta cara utama anu dipaké pikeun ngahontal tujuan. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metodé kuasi ékspérimén, nya éta metodé panalungtikan ékspérimén semu anu nyoko kana sebagian variabel, tujuanna pikeun nyangking informasi kalawan pratés jeung postést. Metodé ékspérimén mangrupa metodé anu dipaké ku cara ngayakeun kagitan percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara variabel-varibel anu ditalungtik. Tujuan dipakéna metodé ékspérimén kuasi dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngukur jeung nguji kamampuh siswa dina nyarita. 3.4 Variabel jeung Watésan Opersional 3.4.1 Variabel