Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
8 siswa anu kuponna séép, henteu miboga hak pikeun nyarita. Siswa anu
masih nyekel kupon kudu nyarita nepi ka kuponna séép. Sangkan unggal siswa miboga hak nyarita anu sarua;
9 unggal siswa dibéré nilai luyu jeung waktu anu dipakéna;jeung
10 guru jeung siswa nyindekeun hasil diskusina.
2 Kamampuh nyarita nya éta kamampuh anu dipimilik ku hiji jalma pikeun
ngedalkeun naon anu aya dina pikiranna, kereteg haténa boh mangrupa ide atawa gagasan ku cara omongan atawa caritaan.
Dina ieu panaluntikan nu dijadikeun aspékdina kamampuh nyarita nya éta: 1 Akurat jeung aktualitas pedaran, 2 Hubungan antar eusi nu dipedar, 3 Adegan
basa jeung kabeungharaan kecap, 4 Kalancaran, 5 Kawajaran urutan pedarameusi, jeung 6 Gaya.
Jadi anu dimaksud “Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita” nya éta pikeun maluruh sajauh mana signifikan atawa henteu
modél Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan Purnamasari, 2013, kc. 4. Instrumén nya éta komponen penting dina hiji
panalungtikan anu fungsina pikeun ngahasilkeun data ngeunaan hal-hal anu ditalungtik. Data nu dihasilkeun tina instrumén panalungtikan dipaké pikeun
ngajawab hipotésis jeung masalah anu aya dina panalungtikan. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta wangun tés jeung obsérvasi.
1 Tés
Instrumén tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés dilakukeun dua kali, nya éta tés awal anu dilakukeun saméméh maké modél Time Token
Arend jeung tés ahir anu dilakukeun sanggeus maké modél Time Token Arend.
Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Data tina hasil tés lisan dipeunteun dumasar kana ugeran meunteun kamampuh nyarita anu ngawengku genep aspék, nya éta akurat jeung aktualitas pedaran,
hubungan antar eusi nu dipedar, adegan basa jeung kabeungharan kecap, kalancaran, kawajaran urutan eusi, jeung gaya Haerudin Suherman, 2013, kc.
128-130. Ugeran meunteun kamampuh nyarita digambarkeun saperti ieu di handap.
Tabél 3.2
Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita No
Aspék nu Diajén Skor
Tingkat
1 2
3 4
1 Akurat jeung aktualitas pedaran
teu akurat – akurat pisan
90 – 100
80 – 89
70 – 79
60 – 69
50 - 59 Alus pisan
Alus Cukup
Kurang Kurang pisan
2 Hubungan antar eusi nu dipedar
saeutik pisan- sagemblengna aya hubungan
90 – 100
80 – 89
70 – 79
60 – 69
50 - 59 Alus pisan
Alus Cukup
Kurang Kurang pisan
3 Adegan basa jeung kabeungharan kecap
teu mérénah – mérénah pisan
90 – 100
80 – 89
70 – 79
60 – 69
50 - 59 Alus pisan
Alus Cukup
Kurang Kurang pisan
4 Kalancaran
teu lacar – lancar
90 – 100
80 – 89
Alus pisan Alus
Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
70 – 79
60 – 69
50 - 59 Cukup
Kurang Kurang pisan
5 Kawajaran urutan pedaraneusi
teu normal – normal
90 – 100
80 – 89
70 – 79
60 – 69
50 - 59 Alus pisan
Alus Cukup
Kurang Kurang pisan
1 2
3 4
6 Gaya
kaku- wajarsopan 90
– 100 80
– 89 70
– 79 60
– 69 50 - 59
Alus pisan Alus
Cukup Kurang
Kurang pisan Jumlah ajénskor
300-600 Peunteun
50-100
Keterangan : 1
Akurat jeung aktualitas pedaran a
90 – 100 eusi caritaan akurat tur lengkep pisan luyu jeung topik; b
80 – 89 eusi caritaan akurat jeung topik, tapi aya sababaraha hal anu teu kacaritakeun;
c 70 – 79 eusi caritaan cukup akurat jeung topik, aya sababaraha teu
nyambung, jeung kurang lengkep; d
60 – 69 eusi caritaan kurang akurat jeung topik, jeung e
50 – 59 eusi caritaan teu akurat jeung topik, tur teu lengkep pisan. 2
Hubungan antar eusi nu dipedar
Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
a 90 – 100 pedaran kahiji jeung pedaran nu saterusna silihpakait, tur
mibanda hubungan anu logis; b
80 – 89 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait; c
70 – 79 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait tapi henteu sagemblengna;
d 60 – 69 pedaran eusi kahiji jeung pedaran eusi silihpakait, tapi teu aya
kalimah anu ngahubungkeunnana; jeung e
50 – 59 pedaran eusi kahiji jeung pedaran saterusna teu silihpakait jeung teu logis.
3 Adegan basa jeung kabeungharaan kecap
a 90 – 100 kekecapan nu dipaké mérénah jeung variatif, luyu jeung
kaayaan sabudeureun, jeung kayaan paregep; b
80 – 89 kekecapan nu dipaké mérénah, variatif, tapi henteu luyu jeung kaayaan atawa konteks caritaan;
c 70 – 79 kekecapan nu dipaké cukup mérénah tapi kurang variatif;
d 60 – 69 kekecapan nu dipaké kurang mérénah, kurang variatif sarta teu
luyu jeung kaayaan; jeung e
50 – 59 kekecapan nu dipaké teu mérénah tur teu payus jeung kaayaan. 4
Kalancaran dina nyarita a
90 – 100 caritaan lancar pisan, boh tina basana boh tina nyangking bahanna, jeung teu arapap-eureupeup;
b 80 – 89 caritaan lancar tapi kadang ngarandeg;
c 70 – 79 caritaan cukup lancar, kadang ngarandeg, jeung kekecapanana
dibulak-balik; d
60 – 69 caritaan kurang lancar, loba ngarandeg, kekecapanana dibulak- balik, jeung loba cicing; jeung
e 50 – 59 caritaan teu lancar, loba ngarandeg, loba cicing jeung
kekecapanana parondok. 5
Kawajaran urutan eusi
Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
a 90 – 100 caritaan sistematis pisan nurutkeun urutanana;
b 80 – 89 caritaan sistematis tapi aya sababaraha hal anu teu kajéntrékeun
sacara jéntré; c
70 – 79 caritaan cukup sistematis nurutkeun urutanana tapi kurang jéntré;
d 60 – 69 caritaan kurang sistematis, jeung teu kaharti; jeung
e 50 – 59 caritaan teu sistematis, teu kaharti, jeung teu jéntré.
6 Gayapintonan
a 90 – 100 pasemon, réngkak, jeung péta luyu pisan jeung eusi caritaan
nepi ka ngajadikeun caritaan leuwih ngirut; b
80 – 89 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi masih keneh aya pasemon atawa péta anu teu payus jeung kaayaan;
c 70 – 79 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi loba pasemon atawa péta
anu kaleuleuwihi tur teu payus jeung kaayaan; d
60 – 69 pintonan, péta jeung pasemon henteu luyu boh jeung eusi caritaan boh jeung kaayaan; jeung
e 50 – 59 pintonan, pasemon, réngkak jeung péta patukangtonggong jeung
eusi caritaan ogé kaayaan. Nurhayat, 2011, kc. 41-43
2 Obsérvasi
Instrumén obsérvasi dipaké pikeun niténan aktivitas siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran nyarita dina diskusi
saméméh jeung sanggeusmaké modél Time Token Arend. Instrumén anu dipaké nya éta padoman obsérvasi ieu di handap.
Tabél 3.3 Ugeran Obsérvasi
No Aktivitas Diajar
Éféktivitas Katerangan
Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Éféktif Teu Éféktif
1 Guru nepikeun matéri
pangajaran nyarita dina diskusi
2 Tés kamampuh siswa dina
nyarita Pratés 3
Guru nepikeun cara-cara nyarita dina diskusi maké
modél Time Token Arend 4
Tés kamampuh siswa dina nyarita postés
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta
téhnik tés jeung obsérvasi.
1 Tés
Tés nya éta alat pikeun ngukur kamampuh hiji objek nu ditalungtik Arikunto, 2006, kc. 223. Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés lisan
dilakukeun dua kali, nya éta tés awal jeung tés ahir. Tés awal dilakukeun saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nyarita
siswa saméméh maké modél Time Token Arend. Tés ahir dilakukeun sanggeus dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus maké
modél Time Token Arend.
2 Obsérvasi
Neni Nur’alia, 2014 Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sakabeh kagiatan- kagiatan salila proses panalungtikan lumangsung. Ieu téhnik dilakukeun sangkan
panalungtik nyaksian jeung maham sacara gembleng kana jejer panalungtikan ti mimiti nepi ka ahir panalungtikan.
3.7 Téhnik Ngolah Data Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun ngajawab masalah-masalah dina