Kagiatan Diajar LatihanPancén

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 93 - 100 A 83 - 92 B 75 - 82 C 75 D Dumasar kana tabél di luhur, dina KD pikeun KI-3 jeung KI-4, siswa can ngawasa KD lamun indikator peunteunna 75Siswa geus tuntas diajar mun peunteunna ≥ 75 tina hasil tés formatif. Siswa anu can tuntas kudu dirémédial, ari siswa nu geus tuntas bisa nuluykeun diajar kana kompeténsi satuluyna ku cara program pengayaan. Béda deui halna jeung cara meunteun KD-3 jeung KD-4, penileyan KD- 1 jeung KD-2 dina permendikbud no 23 taun 2016 nya éta dilakukeun ku mata pelajaran Agama jeung Pkn. Ku lantaran kitu, KKM ogé ditangtukeun ku satuan tingkat pendikan kalawan nyoko kana jurnal anu dijieun ku guru dina pelasanaan kagiatan pangajaran.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa gawé bareng dina diskusijeung kancamitra séjénna. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 63 2

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handapkalawan jujur 1. Naon waé komponén prosédur peniléyan basa téh? 2. Naon sasaruaan jeung bédana peniléyan kamampuh ngaregepkeun jeung nyarita? 3. Naon sasaruaan jeung bédana peniléyan kamampuh maca jeung kamampuh nulis? 4. Tétélakeun komponén naon waé dina meunteun ngarang bébas 5. Ku Sadérék terangkeun sing jéntré naon anu disebut wangun tés obyéktif, tés non obyéktif, jeung tés perbuatan sarta béré masing-masing contona 6. Naon bae anu kudu diperhatikeun dina ngolah hasil peniléyan? 7. Naon bédana peniléyan jeung pengukuran? 8. Itung rata-rata skor tina ieu data: 61, 59.5,62,60,60,52, 78, 78, 46, 66, 71, 61 9. Naon ari KKM téh? Saha anu kalibet dina nangtukeun KKM? 10. Kumaha cara jeung léngkah nangtukeun KKM dina Kurikulum 2013?

F. Tingkesan

Prosédur peniléyan atawa padika meunteun téh mangrupa cara-cara jeung léngkah-léngkah dina meunteun, boh meunteun hasil diajar boh meunteun prosés pangajaran. Peniléyan bisa dilaksanakeun ku dua rupa téhnik, nyaéta téhnik tés jeung téhnik nontés. Prosédur peniléyan mibanda sababaraha komponén saperti 1 sasaran peniléyan, 2 alat peniléyan, 3 kritéria peniléyan, jeung 4 prosédur prakna tés. Peniléyan kaparigelan basa nyoko kana opat aspek, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Kahiji, kamampuh ngaregepkeun bisa diukur ku tilu warna tés, nyaéta 1 tés réspons kauger, 2 tés réspons pilihan ganda, jeung 3 tés komunikasi jembar. Kadua, kamampuh nyarita bisa dipeunteun ku tilu téhnik, nyaéta 1 tés réspon kauger, 2 tés gumulung, jeung 3 tés wawancara. Katilu, peniléyan kamampuh maca ngawengku tés maham kalimah jeung wacana. Tés maham wacana bisa mangrupa tés pilihan ganda, tés eusian copong, jeung tés pedaran. Kaopat, meunteun kamampuh 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 nulis bisa diukur ku 1 tés pratulis, 2 tés nulis gumulung, jeung 3 tés nulis bébas. Évaluasi prosés pangajaran dilaksanakeun waktu prosés pangajaran ku maké alat: lambar panitén, angkét sapantar, rékaman, catetan anékdot, jeung réfléksi. Évaluasi hasil pangajaran dilaksanakeun waktu prosés pangajaran jeung dina tungtung satuan pangajaran ku maké jeung alat: tés lisanparipolah jeung tés tulis. Hasil évaluasi ahir kapanggih tina gabungan évaluasi prosés jeung évaluasi hasil pangajaran. Instrumén peniléyan dipaké pikeun ngukur préstasi diajar murid, anu diduga aya patalina atawa pangaruhna kana hasil diajar, kamekaran hasil diajar, kahontalna hasil prosés ngajar guru, jeung kahontalna hasil program nu tangtu. Aya dua rupa instrumén peniléyan, nyaéta instrumén tés jeung instrumén non-tés. Anu kagolong kana kelompok tés nyaéta tés préstasi diajar, tés intelegénsi, tés bakat, jeung tés kamampuh akademik. Ari anu kagolong kana kelompok non-tés nyaéta skala sikep, skala peniléyan, padoman obsérvasi, padoman wawancara, angkét, mariksa dokumén, jsté. Instrumén winangun tés sipatna mangrupa pérformansi maksimum, ari instrumén non- tés sipatna mangrupa pérformansi tipikal. Ngolah hasil peniléyan mangrupa hiji kagiatan anu kacida pentingna. Dina ngolah hasil peniléyan tinangtu henteu meunang ngarugikeun sawatara pihak. Ku sasab kitu, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina ngolah hasil peniléyan, nyaéta téhnik ngolah hasil tés, skor total total score, konvérsi skor, cara méré skor pikeun skala sikap, cara méré skor domain psikomotorik, jeung ngolah data hasil tés Peniléyan bisa dilaksanakeun ku dua rupa téhnik, nyaéta téhnik tés jeung téhnik nontés. Téhnik tés aya tilu rupa, nyaéta 1 tés tulis, 2 tés lisan, jeung 3 tés paripolah prakték. Ari téhnik nontés bisa mangrupa 1 niténan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 2 obsérvasi, 2 papancén, 3 produk, 4 portopolio. Umumna guru leuwih museur kana peniléyan hasil diajar. Peniléyan téh dumasar kana ukuran hontalan kompeténsi nu geus ditangtukeun. Ku kituna, satuan pendidikan kudu netepkeun Kriteria Ketuntasan Minimal KKM tiap mata pelajaran minangka dadasar dina meunteun hontalan kompeténsi murid.Ari KKM téh nyaéta kriteria ketuntasan belajar KKB anu ditangtukeun ku satuan pendidikan. Anu kalibet dina nangtukeun KKM téh nyaéta kapala sakola, wakasek kurikulum, tim pengembang kurikulum TPK sakola, jeung guru atawa MGMP. Aya tilu perkara nu kudu dititénan dina nangtukeun KKM, nyaéta: a Intake kamampuh rata-rata murid atawa pamilon atikan peserta didik; b Kompléksitas idéntifikasi indikator minangka tanda kahontalna kompeténsi dasar; c Kamampuh daya pangdeudeul anu oriéntasina kana sumber diajar.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku