Kasang Tukang Modul H PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL H 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Évaluasi pangajaran téh kaasup salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran.Lima komponén séjénna nyaéta tujuan pangajaran, kurikulum jeung Matéri ajar, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, sarta média jeung sumber diajar. Évaluasi pangajaran mangrupa salasahiji komponén tina trisula atikan, dua komponén trisula atikan séjénna nyaéta ngararancang jeung pelaksanaan atikan. Minangka salasahiji komponén pangajaran, peniléyan pangajaran ditujulkeun pikeun meunteun jeung ngukur tahap kahontalna tujuan pangajaran anu geus ditarékahan ngaliwatan prosés pangajaran. Sakumaha nu kaunggel dina permendikbud nomer 23 taun 2016 ngeunaan standar penilaian, yén nu dimaksud ku peniléyan téh nyaéta proses ngumpulkeun jeung ngolah inpormasi pikeun ngukur kahontal henteuna proses diajar siswa. Tina évaluasi atawa peniléyan dipiharep bisa meunang wawaran anu bisa dipercaya ngeunaan hasil pangajaran, utamana mah tahap ngawasa jeung kamampuh pamilon atikan siswa dina widang nu diulikna. Ku jalan museurkeun kana tahap hasil diajar siswa dina wangun peunteun niléy nu dicangking ku pamilon atikan, komponén évaluasi pangajaran bisa méré wawaran ngeunaan segi séjén saperti kasaluyuan tujuan pangajaran, kualitas lumangsungna pangajaran, kasaluyuan matéri nu diajarkeun, jeung kualitas instrumén nu dipaké pikeun ngayakeun évaluasi pangajaran. Dina peniléyanaya kagiatan meunteun atawa ngajén hiji obyék dumasar kritéria nu geus tangtu. Pikeun nangtukeun niléy atawa harga hiji obyék diperlukeun ayana ukuran atawa kritéria. Peniléyanatikan ngawengku tilu sasaran utama nyaéta program atikan, prosés diajar ngajar, jeung hasil-hasil diajar.Wengkuan évaluasi pangajaran téh nyoko kana téhnik peniléyan, wangun peniléyan, jeung instrumén peniléyan. Évaluasi nu sok disaruakeun jeung peniléyan mindeng dipatalikeun kana istilah pengukuran. Pengukuran téh mangrupa tarékah pikeun ngadadarkeun PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 hiji perkara sacara kuantitatif luyu jeung hakékat katut sipat barang anu diukur, upamana waé, méter keur ngukur panjang. Dadaran kuantitatif kalawan nyata dilaksanakeun ku ngukur hasilna nu bisa dipaké Matéri keur peniléyan atawa assesment. Ieu modul téh ngadumaniskeun antara tiori pédagogik jeung kaprofésionalan kana konsép ngukuhan atikan karakter anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nyaéta religius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Ajén religiius bisa katingali tina paripolah ngalaksanakeun ibadah jeung kataatan kana ajaran agama nu dicepengna, ngajénan kana rupaning agama, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. Ajénnasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. Ajénmandiri bisa katitén tina sikep anu teu gumantung ka nu séjén jeung daék mikir tur bajoang pikeun ngahontal harepan jeung angen-angen. Ajéngotong royong ébréh tina paripolah anu daék gawé bareng, rempug jukung sauyunan dian nyanghareupan pasualan, resep nyarita jeung teu kurung batok, sarta daék nulung ka nu butuh nalang ka nu susah. Panungtung, Ajénintegritas mangrupa ajén anu ngadadasaran hiji jalma dina ngalaksanakeun pagawéan sangkan bisa dipercaya, boga komitmen jeung tuhu kana ajén kamanusaan katut moral. Lima ajén-inajén di luhur ngajanggélék dina proses pangajaran nu aya dina ieu modul. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuhna tur ngalarapkeun ajén-inajénpenguatan pendidikan karakter PPK dina hirup kumbuh sapopoé,boh keur dirina sorangan boh népakeun ka nu séjén.

B. Tujuan