Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 28 Komponén pangajaran minangka diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar. Komponén peniléyan prosés téh ngawengku sababaraha komponén nyaéta tujuan intruksional, Matéri pangajaran, murid, guru, alat, sumber diajar jeung peniléyan. Kritéria peniléyan prosés ngawengku tujuh aspék nyaéta: 1 Konsisténsi kagiatan diajar ngajar maké kurikulum, 2 prak-prakan ku guru, 3 prak-prakan ku murid, 4 motivasi diajar murid, 5 aktip henteuna murid dina kagiatan diajar, 6 interaksi guru jeung murid, 7 kamampuh sarta kaparigelan guru waktu ngajar, jeung8 kualitas hasil diajar nu dicangkem ku murid. Peniléyan hasil ditujulkeun pikeun ngukur hasil diajar murid dina tungtung pangajaran. Peniléyankudu nyumponan dua hal: 1maké prosédur baku jeung2 maké instrumén standar. Prosédur baku nyaéta peniléyan anu dilakukeun kudumaké léngkah-léngkah nu tangtu jeungsikep anu adil ka muridsarta tinimbangan nu diluyukeun jeung situasi, waktu, tempat, jeung kamampuhna. Ari instrumén baku nyaéta instrumén anu disusun maké prosédur mekarkeun instrumén anu baku jeungbisa dipertanggungjawab-keun, boh tingkat validitas boh réliabilitasna. Tés bisa didéfinisikeun minangka prosédur sistematik dina ngukur paripolah individu. Éta definisi téhngandung dua hal utama, nyaéta prosédur sistematis jeung ngukur paripolah individu. Tés kaparigelan basa nyoko kana aspék 1 tés ngaregepkeun, anu ngukur kamampuh nyangkem basa lisan; 2 tés maca, anu ngukur kamampuh nyangkem basa tulis; 3 tés nyarita, anu ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa lisan; jeung 4 tés nulis, anu ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa tulis.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 29 Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui atawa deres deui matéri dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu can dicangkem. Réfléksijeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis wanda peniléyan oténtik, prosés, jeung hasil, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis matéri wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 30 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 31 2 KAGIATAN DIAJAR 2 PROSÉDUR, PRAKTÉK, JEUNG INSTRUMÉN PENILÉYAN, KATUT KKM

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar II, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun prosédur, prakték, instrumén peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda katut KKM Kritéria Ketuntasan Minimal kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta Sadérék dipiharep bisa 1. ngajéntrékeun prosédur peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan; 2. ngaidéntifikasicara prakték jeung ngolah peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif; 3. ngaidéntifikasiinstrumén peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kréatif; 4. ngajéntrékeun tujuan jeung prinsip nyusun peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan kukuh pamadegan; sarta 5. nganalisisKKM Kritéria Ketuntasan Minimal pangajaran basa jeung sastra Sunda kalawan gawé bareng. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 32

C. Pedaran Matéri