Péta Kompeténsi Ambahan Matéri

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 5 3. Maham tur biasa ngalarapkeun ajén-inajén karakter réligius, mandiri, gotong royong, integritas, jeung nasionalis dina gawé jeung kahirupan sapopoé.

C. Péta Kompeténsi

Péta Kompetensi Kagiatan Diajar Guru Pembelajar Basa Sunda Tahap H

D. Ambahan Matéri

Matéri anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Kelompok Kempeténsi H nyoko kana Matéri peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda, aksara Sunda,sajak, jeungguguritan. Ari pidanganana diwangun ku 4Kagiatan Diajar saperti ieu di handap. Kagiatan Diajar I : Medar peniléyan oténtik, prosés, jeung peniléyan hasil. Kompeténsi Pédagogik Nyangkem jeung mampuh mekarkeun peniléyan oténtik, prosés jeung hasil diajar basa jeung sastra Sunda 2. Prosédur, Prakték, Instrumén Peniléyan, jeung KKM 1. Peniléyan Oténtik, Prosés, jeung Hasil 3. Aksara Sunda Kompeténsi Profésional Nyangkem aksara Sunda, sajak, jeung guguritan. 4. Sajak jeung Guguritan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 6 Kagiatan Diajar II : Medar Prosédur, Prakték, Instrumén Peniléyan, jeung KKM Kagiatan Diajar III : Medar aksaraSunda. Kagiatan Diajar IV : Medar sajak jeung guguritan. É. Cara NgagunakeunKagiatan Diajar Aya sawatara hal anu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu narékahan sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca. Katilu, Sadérék kudu niténan jeung migawé unggal latihan nu dipidangkeun dina unggal ahir pedaran. Titénan jeung pigawé unggal bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina unggal matéri nu dipidangkeun. Ulah poho pigawé sakur latihan jeung évaluasi dina unggal bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék kana Matéri ieu Kagiatan Diajar baris diniléy ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawengku 1 prinsip jeung cara peniléyan,2 aksara Sunda, 3 sajak jeung guguritan. Dina ngulik ieu matéri kagiatan diajar téh, Sadérék kudu maca jeung migawé latihan kalawan ngaruntuy. Ari sababna, matéri dina kagiatan diajar I jadi dasar pikeun matéri dina kagiatan diajar II, jsté. Lamun manggihan kasulitan,boh nu patali jeung matéri, boh patali jeung latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka instruktur. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 KOMPETENSI PEDAGOGIK: PENILÉYAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KAGIATAN DIAJAR 1 PENILÉYAN OTÉNTIK, PROSÉS, JEUNG HASIL

A. Tujuan