Latihan Tingkesan Modul H PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL H 3

4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 119

E. Latihan

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap kalawan jujur jeung disiplin 1. Naon ari nu disebutsajak téh? 2. Naha sajak téh asli sastra Sunda? 3. Naon waé anu kagolong kana struktur batin sajak? 4. Naon sasaruaan katut bédana antara téma jeung amanat? 5. Kumaha ari basa dina sajak? 6. Terangkeun harti guguritan 7. Béré conto wangun guguritan 8. Terangkeun struktur guguritan 9. Tétélakeun bédana wawacan jeung guguritan 10. Pék analisis eusi guguritan ieu di handap dumasar kana unsur-strukturna KINANTI IMPIAN Tina Buku “Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan” Karya Dian Hendrayana Peuting dilimpudan Liwung liwungna pageuh na jempling saéna tuang jungjunan kersa rurumpaheun sumping ngalayadan ngalanglangan jigrah teuing ieu ati Ati dirungruman bingung bingungna maseuk na batin saéna tuang panutan kersa rinéh naros lirih mapaykeun nu keur sungkawa sungkawa teuing ku lami Lami diseundeuhan gandrung gandrungna nyeumat na pikir saéna tuang salira Kersa néang nu prihatin da cacak teu disindangan tangtos nineung langkung nambih Tambih nineung janten lamun lamunan eunteup na ngimpi saéna tuang pangersa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 120 4 léah nyungsi najan demit ngademit dina impian impian nu tanpa tepi

F. Tingkesan

Sajak Sajak téh nyaéta kedaling pamikiran anu ngahudang rasa tur wangwangan imajinasi pancaindra dina runtuyan kecap nu ngawirahma nepi ka pikatajieun tur méré kesan. Sajak mangrupa rékaman jeung tapsiran pangalaman manusa anu penting, dirékacipta dina wujud puitis tur nu nimbulkeun kesan. Sajak téh mangrupa wangun ugeran anu basana dirakit ku wirahma alatan ayana ébréhan rasa salaku éksprési pamikiran nu ngirut daya hayal jeung panca indera. Rasa jeung pikiran panyajak nu masih abstrak dikongkritkeun. Sajak téh ngabgaan struktur batin jeung struktur lahir. Struktur batin sajak Struktur batin sajak nyaéta médium pikeun ngébréhkeun ma’na anu ditepikeun ku pangarang. Aya opat struktur batin sajak, nyaéta téma, rasa, nada, jeung amanat. Ari struktur lahir sajak nyaéta unsur éstétik anu ngawangun struktur luar puisi tur bisa katitén sacara visual. Éta struktur téh ngawengku 1 Tata Rupa Tipografi 2 diksi, 3 imaji implengan, 4 kecap kongkrit kecap nyata, 5 basa figuratif gaya basa jeung 6 vérsifikasi. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 121 Guguritan Guguritan nyaéta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nyaéta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita naratip. Dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Guguritan diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta anu aya patalina jeung struktur jero struktur sarta struktur luar unsur ékstrinsik. Struktur dina guguritan di antarana nyaéta: téma, rasa, nada, jeung amanat.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku