Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 2 obsérvasi, 2 papancén, 3 produk, 4 portopolio. Umumna guru leuwih museur kana peniléyan hasil diajar. Peniléyan téh dumasar kana ukuran hontalan kompeténsi nu geus ditangtukeun. Ku kituna, satuan pendidikan kudu netepkeun Kriteria Ketuntasan Minimal KKM tiap mata pelajaran minangka dadasar dina meunteun hontalan kompeténsi murid.Ari KKM téh nyaéta kriteria ketuntasan belajar KKB anu ditangtukeun ku satuan pendidikan. Anu kalibet dina nangtukeun KKM téh nyaéta kapala sakola, wakasek kurikulum, tim pengembang kurikulum TPK sakola, jeung guru atawa MGMP. Aya tilu perkara nu kudu dititénan dina nangtukeun KKM, nyaéta: a Intake kamampuh rata-rata murid atawa pamilon atikan peserta didik; b Kompléksitas idéntifikasi indikator minangka tanda kahontalna kompeténsi dasar; c Kamampuh daya pangdeudeul anu oriéntasina kana sumber diajar.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disadiakeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66 Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar III. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar II, pangpangna bahan nu can dicangkem. Réfléksijeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diiluan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis wanda peniléyan oténtik, prosés, j eung hasil, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis matéri wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis wanda peniléyan kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 67 KOMPETENSI PROFESIONAL: AKSARA SUNDA, SAJAK, JEUNG GUGURITAN PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 68 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 69 3 KAGIATAN DIAJAR 3 AKSARA SUNDA

A. Tujuan

Masarakat Sunda mibanda kakayaan nu ngawujud basa jeung aksara Sunda. Aksara Sunda dirundaykeun tina aksara Pallawa. Wangun aksara Suda sipatna silabis, nyaéta hiji aksara ngalambangkeun saengang. Di kelas V SD aya matéri aksara Sunda. Ku kituna, ayeuna Saderék bakal diajar perkara aksara Sunda. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 3, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh ngeunaan aksara Sunda kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi