Kagiatan Diajar Latihan Tingkesan

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 26 4. Penilaian proyék 5. Penilaian portofolio

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa gawé bareng dina diskusijeung kancamitra séjénna.

E. Latihan

Jawab sakur pananyaparentah ieu di handap kalawan tanggung jawab jeung disiplin 1. Terangkeun nu dimaksud peniléyan oténtik, prosés, jeung hasil diajar 2. Terangkeun mangpaat peniléyan oténtik 3. Jéntrékeun rupa-rupa peniléyan oténtik 4. Jéntrékeun léngkah-léngkah ngalaksanakeun peniléyan portofolio 5. Naon sababna tés éséy bisa méré lolongkrang ka guru pikeun ngukur hasil diajar murid kana tingkatan anu leuwih luhur atawa leuwih kompléks? 6. Tataan naon waé tujuan peniléyan prosés 7. Tétélakeun komponén-komponén peniléyan prosés 8. Sebutkeun kritéria-kritéria peniléyan prosés 9. Jéntrékeun wandajeung wangun tés hasil diajar 10. Kumaha peniléyankompeténsikamahéran ngagunakeun basa? 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 27

F. Tingkesan

Sacara husus, dina kontéks pangajaran di kelas, peniléyan dilakukeun pikeun mikanyaho kamajuan diajar murid ogé hasil diajarna. Lian ti éta, peniléyan dipaké pikeun manggihan kasulitan diajar, ngoméan prosés diajar ngajar, jeung pikeun nangtukeun kenaikan kelas. Ku ngayakeun peniléyan, bakal kapanggih informasi akurat ngeunaan prosés jeung hasil tina pangajaran anu geus dilaksanakeun. Tujuan peniléyan aya opat, nyaéta: 1 keeping track, 2 cheching-up, 3 finding out, jeung 4 summing-up; Peniléyan oténtik nyaéta peniléyanparipolah murid sacara multi-diménsional dina situasi nyata. Peniléyanoténtik henteu ngan ngagunakan tés keretas jeung pulpéntés tinulis, tapi bisa ngagunakan sawatara métodeu, misilna tés perbuatan, méré papancén, jeung portofolio. Manpaat positif peniléyan oténtik, nyaéta 1 numuwuhkeun rasa percaya diri murid; 2 murid jadi sadar kana kakuatan dan kahéngkéran dirina; 3 ngarojong, ngabiasakeun, jeung ngalatih murid jujur; jeung 4 numuwuhkeun sumanget pikeun maju sacara personal. Peniléyan prosés mangrupa prosés meunteun nu museurkeun sasaran kana tingkat éféktivitas diajar ngajar dina raraga ngahontal tujuan pangajaran. Peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung meunteun kagiatan guru, kagiatan murid, pola interaksi antara guru jeung murid sarta lumangsungna prosés diajar ngajar.Peniléyan prosés dilakukeun waktu prosés pangajaran lumangsung. Peniléyan prosés diajar patali jeung paradigma yén kagiatan diajar museur ka murid, murid nu dominan dina kagiatan diajar sacara mandiri sarta guru ngan saukur ngaping. Dina ieu hal guru kudu salawasna ngariksa bangbaluh nu kapanggih ku murid dina unggal lawungan. Sedengkeun pikeun ngukur hasil diajar diayakeun kagiatan ulangan harian, tengah seméster, jeung ahir seméster. Tujuan peniléyan prosés nyaéta pikeun maluruh kagiatan diajar-ngajar, utamana éfésiénsi, kaéféktifan, sarta produktivitas pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Diménsi peniléyan prosés diajar ngajar patali jeung komponén prosés pangajaran misalna tujuan pangajaran, métodeu, Matéri pangajaran, kagiatan diajar ngajar sarta peniléyan. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 28 Komponén pangajaran minangka diménsi peniléyan prosés diajar-ngajar. Komponén peniléyan prosés téh ngawengku sababaraha komponén nyaéta tujuan intruksional, Matéri pangajaran, murid, guru, alat, sumber diajar jeung peniléyan. Kritéria peniléyan prosés ngawengku tujuh aspék nyaéta: 1 Konsisténsi kagiatan diajar ngajar maké kurikulum, 2 prak-prakan ku guru, 3 prak-prakan ku murid, 4 motivasi diajar murid, 5 aktip henteuna murid dina kagiatan diajar, 6 interaksi guru jeung murid, 7 kamampuh sarta kaparigelan guru waktu ngajar, jeung8 kualitas hasil diajar nu dicangkem ku murid. Peniléyan hasil ditujulkeun pikeun ngukur hasil diajar murid dina tungtung pangajaran. Peniléyankudu nyumponan dua hal: 1maké prosédur baku jeung2 maké instrumén standar. Prosédur baku nyaéta peniléyan anu dilakukeun kudumaké léngkah-léngkah nu tangtu jeungsikep anu adil ka muridsarta tinimbangan nu diluyukeun jeung situasi, waktu, tempat, jeung kamampuhna. Ari instrumén baku nyaéta instrumén anu disusun maké prosédur mekarkeun instrumén anu baku jeungbisa dipertanggungjawab-keun, boh tingkat validitas boh réliabilitasna. Tés bisa didéfinisikeun minangka prosédur sistematik dina ngukur paripolah individu. Éta definisi téhngandung dua hal utama, nyaéta prosédur sistematis jeung ngukur paripolah individu. Tés kaparigelan basa nyoko kana aspék 1 tés ngaregepkeun, anu ngukur kamampuh nyangkem basa lisan; 2 tés maca, anu ngukur kamampuh nyangkem basa tulis; 3 tés nyarita, anu ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa lisan; jeung 4 tés nulis, anu ngukur kamampuh nepikeun pesen ku basa tulis.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku