1
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat 2004, kc.7 nétélakeun yén sistem téh nyaéta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan
dumasar kana aturan anu tangtu pikeun ngahontal hiji tujuan. Minangka hiji sistem basa miboga dua sipat nyaéta sistematis jeung sistemis. Disebut sistematis
lantaran basa miboga unsur-unsur anu dumuk pola-polana tur bisa diramalkeun, sedengkeun disebut sistemis lantaran basa téh mibanda subsistem kayaning
fonologi, gramatika, léksikon, jeung semantik. Basa anu dipaké pikeun alat komunikasi téh mangrupa wujud kedalna eusi
pikiran, kahayang, rasa, jeung rupa-rupa pamaksudan ti hiji jalma ka jalma lianna. Cara nepikeun sarupaning pamaksudan ti diri panyatur sangkan kacangkem
maksudna, bisa ngaliwatan basa lisan atawa tulisan. Basa lisan nyaéta basa anu ditepikeun ngaliwatan media tulis, saperti novel, carpon, ésséy, jeung sajak.
Dina hirup kumbuh, basa Sunda téh miboga ragem basa. Ari ragem basa téh disawang tina sababaraha jihat anu makéna anu nyoko kana: 1 wewengkon, 2
tahap atikan, 3 sikep panyaturna, 4 basa omongan, 5 sarana, basa lisan, bisa tulisan, jeung, 6 pasosokna. Mun ditingali tina ragem basa sarana, karya sastra
mangrupa ragem makéna basa tinulis. Sabab, di antarana ngawengku atawa diwangun ku morfém, kecap, frasa, klausa, jeung wacana Sudaryat, 2011, kc.3.
Nurutkeun Sudaryat 2010, kc.2 wacana mangrupa unsur gramatikal pangjembarnaa, bisa ngawujud karangan anu gembleng novél, buku, artikel
atawa paragraf, kalawan mawa amanat anu lengkep. Wacana mangrupa wangun basa pangjembarna anu diulik ku pragmatik. Ku kituna, wacana miboga sifat-sifat
pragmatis. Kapragmatisan wacana ngawengku, 1 déiksis, 2 praduga, 3 implikatur konvérsasi, 4 adegan konversasi, jeung 5 laku basa Levinson dina
Sudaryat, 2010, kc.10-11. Déiksis mangrupa unsur basa anu gunana pikeun nuduhkeun hal atawa fungsi
nu tangtu di luar basa nu gunana pikeun ngukur gejala semantis nu aya dina kecap
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
atawa adegan kecap nu ngan bisa ditafsirkeun acuanana ku cara ngitung-ngitung situasi omongan. Kecap déiksis asalna tina basa Yunani deiktickos anu hartina
„hal nuduhkeun kalawan langsung‟. Déiksis dipaké pikeun ngébréhkeun fungsi kecap sulur, kecap panuduh, peran waktu, jeung sawatara ciri gramatikal katut
léksikal séjénna nu dipatalikeun kana kontéks tempat jeung waktu lumangsungna komunikasi basa Lyons dina Sudaryat, 2010, kc. 11.
Naon-naon anu dituduhkeun ku déiksis téh disebutna antésédén. Nilik kana antésédénna, déiksis bisa dibédakeun jadi déiksis persona, déiksis temporal,
déiksis lokatif, déiksis wacana jeung déiksis sosial. Nilik kana kahanan antésédén, aya déiksis luar-tuturan eksoforis jeung déksis jero-tuturan endoforis. Nilik
kana posisi antésédén, aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Upamana waé, kecap manéhna
dina kalimah “Ahmad téh urang Ciamis. Manéhna kuliah di UPI.” Kaasup kana déiksis anaforis. Déiksis anaforis jeung déiksis kataforis téh
kapanggih dina kalimah sapopoé boh lisan boh tinulis. Dina komunikasi lisan kapanggih nalika jalma papada gunem catur, sedengkeun dina wacana tinulis
biasana kapanggih dina majalah, buku, koran, jeung karya sastra tinulis salah sahijina nyaéta carpon.
Ieu panalungtikan téh museur kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina salasahiji majalah Sunda nyaéta majalah Manglé.
Aya sababaraha panalungtikan anu geus dilaksanakeun ngeunaan déiksis di antarana waé: 1 “Déiksis dina Kumpulan Carita Pondok Jurig Paséa Jeung Nyi
Karsih karangan Tini Kartini ” Riana, 2005, 2 “Déiksis Sosial dina Novél
Payung Butut karya Ahma Bakri pikeun Bahan Pangajaran Nyarita di SMP Kelas IX” Purnamasari, 2010. 3 “Wanda déiksis dina Novél Béntang Pasantrén
Karya Usép Romli H.M pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA” Nuraeni,
2012. Dina éta tilu panalungtikan téh pada-pada dopedar perkara déiksis, nyaéta
unsur basa anu ngacu kana antésédén. Panalungtikan kahiji dipedar kabéh wangun déiksis, panalungtikan kadua medar déiksis sosial, ari panalungtikan ka tilu medar
wanda déiksis. Tiluanana miboga sasaruan jeung bédana lebah lega ambahan ngulikna. Ieu panalungtikan ogé sarua medar perkara déiksis, tapi diwatesanan
kana déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Jaba ti éta, sumber datana ogé béda
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
nyaéta tina majalah Manglé. Garapan séjénna anu béda téh nyaéta dina ieu panalungtikan dipedar ogé perkara antésédén anu diacuna. Ari panalungtikan
saméméhna mah teu kungsi nepi ka éta garapan. Ku kituna, panalungtikan perkara déiksis utamana mah déiksis anaforis jeung déiksis kataforis katut antésédénna
masih perlu dilaksanakeun. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan anu judulna “Déiksis Anaforis jeung Déiksis Kataforis dina Majalah Manglé” perlu
dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah