Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
nyaéta tina majalah Manglé. Garapan séjénna anu béda téh nyaéta dina ieu panalungtikan dipedar ogé perkara antésédén anu diacuna. Ari panalungtikan
saméméhna mah teu kungsi nepi ka éta garapan. Ku kituna, panalungtikan perkara déiksis utamana mah déiksis anaforis jeung déiksis kataforis katut antésédénna
masih perlu dilaksanakeun. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan anu judulna “Déiksis Anaforis jeung Déiksis Kataforis dina Majalah Manglé” perlu
dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Panalungtikan ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis téh bisa disawang tina rupa-rupa jihat saperti tina wanda, posisi, tipe, jeung acuan. Disawang tina
wanda aya déiksis endoforis jeung déiksis eksoforis. Tina posisina aya déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana acuanna aya déiksis persona,
temporal, lokatif jeung sosial. Ku lantaran ambahan déiksis kaitung lega. Ieu panalungtikan diwatesanan kana rupa-rupa déiksis dumasar kana posisina. Jaba ti
éta, tina ieu panalungtikan ogé bakal diulik wangun antésédén anu diacu ku déiksis, boh déiksis anaforis jeung déiksis kataforis. Dumasar kana éta idéntifikasi
jeung watesan masalah, masalah dina ieu panalungtikan bisa dirumuskeun din wangun pananya ieu di handap:
a. Kumaha tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah
dina carpon anu aya dina Majalah Manglé? b.
Kumaha posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé?
c. Kumaha wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina
carpon anu aya dina Majalah Manglé? d.
Kumaha wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina éta carpon?
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.3 Tujuan panaluntikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun déiksis anaforis jeung kataforis dina carpon anu aya dina
Majalah Manglé.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus panaluntikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:
a. Tipe déiksis anaforis jeung kataforis intrakalimah jeung ékstrakalimah dina
carpon anu aya dina Majalah Manglé Wangun déiksis anaforis jeung kataforis ékstrakalimah jeung intrakalimah dina éta carpon.
b. Posisi déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu
aya dina Majalah Manglé. c.
Wanda déiksis anaforis jeung déiksis kataforis nu kapanggih dina carpon anu aya dina Majalah Manglé.
d. Wangun antésédén anu diacu ku déiksis anaforis jeung déiksis kataforis dina
éta carpon.
1.4 Mangpaat Panaluntikan
Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan nyoko kana mangpaat teoritis jeung mangpaat praktis:
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, hasil panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun paélmuan, nyaéta:
1 Nambahan pangaweruh deiksis dina katatabasaan sarta leuwih jembar deui.
2 Sumber acuan nu rék nalungtik ieu kapragmatisan wacana ngeunaan déiksis nu
leuwih euyeub deui.
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina panalungtikan sacara praktis, nyaéta:
1 Pikeun panalungtik, dipiharep tina panalungtikan ieu bisa jadi ngajembaran
pangaweruh ngeunaan katatabasaan 2
Pikeun guru, jadi bahan informasi ka masyarakat sangkan bisa weruh kana unsur deiksis.
3 Bisa dipaké pikeun ngeuyeuban kaédah-kaédah tata basa nu geus aya, sangkan
leuwih jembar.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu panalungtikan disusun dina lima bab Bab I Bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, rumusan, tujuan,
mangpaat, jeung raraga tulisan. Bab II ulikan pustaka, eusina ngeunaan déiksis dina wacana carita pondok
anu aya dina Majalah Manglé. Eusina ngeunaan déiksis anaforis jeung kataforis. Bab III mangrupa métode panalungtikan, eusina ngeunaan desain
panalungtikan, sumber data panalungtikan, intrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, jeung analisis data hasil panalungtikan.
Bab IV hasil jeung pedaran, anu eusina ngawengku hasil panalungtikan, sarta hasil panalungtikan.
Bab V kacindekan jeung rékoméndasi. Kacindekan mangrupa intisari tina sakabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré mangpaat pikeun ka
hareupna, dina ieu bab ditambahan subbab rékoméndasi anu ditepikeun ku nu nulis ka nu maca.
18
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Désain Panalungtikan