ADEGAN WACANA RUBRIK BALÉ BANDUNG DINA MAJALAH MANGLÉ (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk).
ADEGAN WACANA RUBRIK BALÉ BANDUNG DINA MAJALAH MANGLÉ
(Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
TÉSIS
diajukeun pikeun nyumponan sabagian tina sarat nyangking Gelar Magister Pendidikan Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
ku
IRPAN MAULANA
1103674
PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014
(2)
ADEGAN WACANA RUBRIK BALÉ BANDUNG DINA MAJALAH MANGLÉ
(Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
oleh Irpan Maulana S.Pd. UPI Bandung, 2004
Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa
dan Budaya Sunda
© Irpan Maulana 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Desember 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
(3)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iii
iii
ADEGAN WACANA RUBRIK BALÉ BANDUNG DINA MAJALAH MANGLÉ
(Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Irpan Maulana ABSTRAK
Penelitian ini bertujuan untuk menemukan dan membahas struktur makro, superstruktur, struktur mikro dan karakteristik wacana kritis yang ada pada rubrik
“Balé Bandung”. Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif. Melalui teknik studi pustaka, diambil data secara purposif sebanyak 6 wacana dari rubrik
“Balé Bandung”. Data tersebut diolah menggunakan analisis wacana kritis model
Teun A. van Dijk dilihat dari segi (1) struktur makro yang membahas tema pokok, (2) superstruktur yang membahas skema, dan (3) struktur mikro yang membahas semantik, sintaksis, stilistik, dan retoris. Dari hasil analisis, ditemukan bahwa
tema pokok dalam wacana rubrik “Balé Bandung” merupakan gambaran dari
kejadian yang dialami oleh masyarakat pada saat ini, biasanya tema tersebut merupakan kritik sosial dari masyarakat yang ditujukan kepada pemerintah yang sedang berkuasa. Skema yang disampaikan dalam wacana tersebut sudah sistematis, hal ini disebabkan adanya dukungan summary dan story. Pada bagian
summary, judul yang ditampilkan diperkuat dengan adanya kalimat yang menjadi leadnya, sedangkan pada bagian story terlihat adanya situasi dan komentar yang
disampaikan oleh Karno sebagai penulis wacana tersebut. Dilihat dari segi struktur mikro, terbukti bahwa wacana tersebut disebut bagus setelah dianalisis melalui unsur semantik, sintaksis, stilistik, dan retorisnya. Berdasarkan hasil deskripsi dan analisis data, terlihat karakteristik wacana kritis bahasa Sunda dalam
rubrik “Balé Bandung” yang sudah terwakili semua unsurnya ketika wacana
tersebut dianalisis menggunakan analisis wacana kritis dengan pendekatan Teun A. van Dijk.
(4)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu iv
iv
ADEGAN WACANA RUBRIK BALÉ BANDUNG DINA MAJALAH MANGLÉ
(Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Irpan Maulana ABSTRAK
Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun manggihan jeung medar struktur makro, superstruktur, struktur mikro, jeung karakteristik wacana kritis nu aya dina
rubrik “Balé Bandung”. Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif. Ku cara téknik studi pustaka, dicokot data sacara purposif nu jumlahna 6 wacana tina
rubrik “Balé Bandung”. Éta data téh diolah ngagunakeun analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk tina segi (1) struktur makro nu medar téma puseur, (2) superstruktur nu medar skéma, jeung (3) struktur mikro nu medar semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Tina hasil analisis, katitén yén téma puseur dina
wacana rubrik “Balé Bandung” mangrupa gambaran kajadian nu karandapan ku
masarakat dina jaman kiwari, biasana témana téh mangrupa kritik sosial ti masarakat ka pamaréntahan nu keur kumawasa. Skéma nu ditepikeun dina éta wacana ditulisna ngaguluyur, lantaran dirojong ayana tingkesan jeung lalakon. Dina bagian tingkesan, judul nu dipidangkeun dikukuhan ku ayana kalimah pangukuh, sedengkeun dina bagian lalakon katémbong ayana situasi jeung koméntar ti Karno salaku nu nulisna. Ari tina segi struktur mikro mah, kapanggih réhna ieu wacana dianggap hadé disawang tina unsur semantikna, sintaksisna, stilistikna, jeung rétorisna. Dumasar hasil déskripsi jeung analisis data gé, katitén ayana karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung” nu geus ngawakilan sakabéh unsurna nalika disurahan ngagunakeun analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk.
(5)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu v
v
DISCOURSE STRUCTURE OF BALÉ BANDUNG RUBRIC IN SUNDANESE MANGLÉ MAGAZINE
(Critical Discourse Analysis using Teun A. van Dijk Model)
Irpan Maulana ABSTRACT
The purpose of this study is to identify and discuss the macrostructure,
superstructure, microstructures and critical discourse features of “Balé Bandung” rubric. This study has used descriptive method. Through a literary
review technique, 6 sample discourses are purposely selected from “Balé
Bandung” rubric. The samples are then analyzed by Teun A. van Dijk model of
critical discourse analysis. The focuses on (1) macrostructure; discussing the theme, (2) superstructure; examining the scheme, and (3) microstructure; studying semantic, syntactic, stylistic, and rhetoric quality of the discourses. The
analysis finds that “Balé Bandung” rubric portrays the current social events in
the society. The theme is usually social critique towards the ruling government. The discourses have deployed a systematic scheme supported by summary and story. In the summary, the titles have powerful sentences as their lead. In the story, circumstances and comments are presented by Karno, the text author. The discourses are considered good by their microstructures. The fact is verified after their semantic, syntactic, stylistic, and rhetoric elements being analyzed. Based on data description and analysis using Teun A. van Dijk approach, it is shown that the element of critical discourse characteristics of Sundanese Language have been existing in “Balé Bandung” rubric.
(6)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu vi
(7)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ix
DAPTAR EUSI
kaca
LEMBAR PENGESAHAN ...i
LEMBAR PERNYATAAN ...ii
ABSTRAK (BASA INDONESIA) ...iii
ABSTRAK (BASA SUNDA) ...iv
ABSTRACT ...v
PANGJAJAP ...vi
TAWIS NUHUN ...vii
DAPTAR EUSI ...ix
DAPTAR SINGGETAN ...xii
DAPTAR TABÉL ...xiii
DAPTAR GAMBAR ...xiv
DAPTAR LAMPIRAN ...xv
BAB I BUBUKA ...1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ...1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...4
1.2.1 Watesan Masalah ...4
1.2.2 Rumusan Masalah ...5
1.3 Tujuan Panalungtikan ...5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ...5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ...6
1.4.2 Mangpaat Praktis ...6
1.5 Raraga Tulisan ...6
BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR ...8
2.1 Ulikan Tiori ...8
2.1.1 Wacana ...8
2.1.1.1Wangenan Wacana ...8
2.1.1.2Ragam Wacana...10
2.1.1.3Wacana Rubrik ...13
2.1.1.4Adegan Wacana ...15
2.1.1.4.1 Kohési ...15
2.1.1.4.2 Kohérénsi ...18
2.1.2 Analisis Wacana Kritis ...20
2.1.2.1Wangenan Analisis Wacana ...20
2.1.2.2Karakteristik Analisis Wacana Kritis ...22
2.1.2.3Pamarekan Utama dina Analisis Wacana Kritis ...24
2.1.3 Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk ...25
2.1.3.1Analisis Sosial ...26
(8)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu x
2.1.3.3Kognisi Sosial ...35
2.2 Anggapan Dasar ...35
2.3 Raraga Mikir ...35
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ...37
3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ...37
3.2 Désain Panalungtikan ...49
3.3 Metode Panalungtikan ...50
3.4 Wangenan Operasional ...51
3.5 Instrumen Panalungtikan ...52
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...53
3.7 Téhnik Ngolah Data ...54
BAB IV ANALISIS JEUNG PEDARAN ...55
4.1 Data ...55
4.2 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Balé Bandung” ...57
4.2.1 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Aya Kénéh Harepan” ...57
4.2.1.1Struktur Makro ...57
4.2.1.2Superstruktur ...60
4.2.1.3Struktur Mikro ...61
4.2.2 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Cai Walungan Canémbrang Hérang” ...68
4.2.2.1Struktur Makro ...68
4.2.2.2Superstruktur ...69
4.2.2.3Struktur Mikro ...71
4.2.3 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Gebragan Buyung” ...77
4.2.3.1Struktur Makro ...77
4.2.3.2Superstruktur ...78
4.2.3.3Struktur Mikro ...80
4.2.4 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Héroy ku Kakawasaan” ...88
4.2.4.1Struktur Makro ...89
4.2.4.2Superstruktur ...90
4.2.4.3Struktur Mikro ...91
4.2.5 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Kakuciwa ka Partéy Pulitik” ...99
4.2.5.1Struktur Makro ...100
4.2.5.2Superstruktur ...101
4.2.5.3Struktur Mikro ...103
4.2.6 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Mundur tina Jabatan” ...112
4.2.6.1Struktur Makro ...112
4.2.6.2Superstruktur ...114
4.2.6.3Struktur Mikro ...117
4.2.7 Analisis jeung Déskripsi Wacana “Nu Kaliwat tur Kapopohokeun”...126
(9)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xi
4.2.7.2Superstruktur ...128
4.2.7.3Struktur Mikro ...131
4.3 Pedaran ...139
4.3.1 Struktur Makro dina Wacana “Balé Bandung” ...139
4.3.2 Superstruktur dina Wacana “Balé Bandung” ...142
4.3.3 Struktur Mikro dina Wacana “Balé Bandung”...143
4.3.4 Karakteristik Wacana Kritis Basa Sunda dina Rubrik “Balé Bandung” ...153
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ...157
5.1 Kacindekan ...157
5.2 Saran ...158
DAPTAR PUSTAKA ...160
DAPTAR SUMBER DATA ...162
(10)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xii
DAPTAR SINGGETAN
AKH CWCH GB HK Kat. KKP MJ NKK
: : : : : : : :
Aya Kénéh Harepan
Cai Walungan Canémbrang Hérang Gebragan Buyung
Héroy ku Kakawasaan
Katerangan
Kakuciwa ka Partéy Pulitik Mundur tina Jabatan
(11)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xiii
DAPTAR TABÉL
Tabél Kaca
2.1 Ma’na Kecap Gaganti Jalma ...32
3.1 Sumber Data ...37
3.2 Wacana nu Témana Kritik ka Pamaréntahan ...45
3.3 Wacana nu Témana Kritik kana Kapamingpinan ...47
3.4 Wacana nu Témana Kritik ka Déwan Législatif ...47
3.5 Wacana nu Témana Kritik Teu Dipaliréna Lingkungan ...48
3.6 Wacana nu Témana ngeunaan Tokoh ...48
3.7 Wacana nu Témana ngeunaan Rahayat jeung Pamingpin nu Poho kana Sajarah ...48
3.8 Instrumén Pangolah Data ...53
4.1 Struktur Makro dina Rubrik “Balé Bandung” ...140
4.2 Analisis Latar dina Rubrik “Balé Bandung” ...144
4.3 Analisis Maksud dina Rubrik “Balé Bandung” ...146
4.4 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Aya Kénéh Harepan” ...149
4.5 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Cai Walungan Canémbrang Hérang” ...149
4.6 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Gebragan Buyung” ...149
4.7 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Héroy ku Kakawasaan” ...149
4.8 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Kakuciwa ka Partéy Pulitik” ...150
4.9 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Mundur tina Jabatan” ...150
4.10 Analisis Kohérénsi dina Wacana “Nu Kaliwat tur Kapopohokeun” ...150
4.11 Analisis Kohérénsi dina Rubrik “Balé Bandung” ...150
(12)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xiv
DAPTAR GAMBAR
Gambar Kaca
2.1 Wanda Wacana ...11
2.2 Wanda Kohési ...16
2.3 Modél Analisis van Dijk ...26
2.4 Élemén Wacaa Modél Teun A. van Dijk ...27
2.5 Raraga Mikir ...36
3.1 Désain Panalungtikan ...50
(13)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu xv
DAPTAR LAMPIRAN
Lampiran 1 Sumber Data ...163
Lampiran 2 (Kartu Data) ...170
Lampiran 3 (SK Pengangkatan Pembimbing Tésis) ...171
(14)
1
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa mangrupa alat komunikasi nu dipaké ku manusa pikeun ngayakeun interaksi atawa hubungan jeung papada jalma. Ku cara maham tur ngawasa sawatara basa, tangtu manusa bisa meunangkeun sawatara informasi jeung meunangkeun pangalaman nu saméméhna can pernah kapikiran tur karandapan ku manéhna. Ngaliwatan basa ogé, manusa bisa ngébréhkeun sagala ide pikiranana boh dina wangun lisan boh dina wangun tulisan. Dina prosésna ngedalkeun pikiranana, manusa tangtu kudu ngaronjatkeun kaparigelan makéna basa, salah sahijina kaparigelan nulis.
Kagiatan nulis diwujudkeun ku média basa tulis, anu ngajanggélék jadi téks atawa wacana tulis. Palebah dieu, wacana mangrupa media prosés tina mekarkeun komunikasi kalawan ngagunakeun simbol-simbol sarta kajadian-kajadian nu lumangsung dina sistem kamasarakatan. Ngaliwatan wacana, sagala hal nu hayang ditepikeun ngaliwatan komunikasi, contona dina wangun kecap, tulisan, gambar, sarta nu lianna, baris ditangtukeun ku jalma-jalma nu makéna. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2007:284), nu nétélakeun yén wacana téh nyaéta wangun basa pangjembarna anu disusun tina runtuyan kalimah-kalimah anu sambung-sinambung, tatali unsurna ngéntép seureuh tur tatali
ma’nana dalit luyu jeung kontéks situasi.
Dumasar kana médium anu dipakéna, wacana bisa dibédakeun jadi dua wanda, nyaéta wacana lisan jeung wacana tulis. Ieu dua rupa wacana téh aya sasaruaan jeung aya bédana. Sasaruaan wacana lisan jeung wacana tulis nyaéta pada-pada miboga kaédah tata basa (gramatikal) jeung kandaga kecap (léksikon).
(15)
2
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2
Ari bédana nyaéta lebah médiumna, wacana lisan patali jeung ucapan atawa omongan (fonologis), wacana tulis patali jeung aksara katut éjahan (grafologis).
Wacana bisa dianalisis tina rupa-rupa aspék, boh nu sipatna internal boh nu sipatna éksternal. Analisis wacana internal museurkeun paniténna kana struktur basa kayaning frasa, klausa, kalimah, kohési, kohérénsi, jeung sajabana. Sedengkeun analisis wacana éksternal museurkeun paniténna kana hal nu aya di saluareun téks saperti kumaha situasi sosial politik nalika téks dijieun, kumaha éta téks mangaruhan ka masarakat nu macana, jeung sajabana.
Pamahaman dasar ngeunaan analisis wacana nyaéta wacana teu bisa dicangkem ku nu maca, ngan ukur jadi objék dina studi basa wungkul. Basa tangtu dipaké pikeun nganalisis téks, tapi basa nu dipaké teu ukur disawang tina sisi linguistik tradisional. Basa dina analisis wacana kritis, salian tina téks ogé disawang tina kontéks basa minangka alat nu dipaké pikeun tujuan sarta prakték nu tangtu kaasup prakték idéologi. Idéologi pangarang nu diébréhkeun dina wangun wacana can tangtu bisa kacangkem tur dipikaharti ku nu macana, sabab dina ngedalkeun pamanggihna loba pangarang nu nyamunikeun maksud anu sabenerna, komo lamun anu diébréhkeunana téh patali jeung ideologi pulitikna. Ieu hal biasana mah disababkeun lantaran pangarang niténan kaayaan sosial nu aya di sabudeureun masarakat.
Analisis wacana anu maluruh adeganana dipatalikeun kana widang sosial pulitik ilaharna aya dina wengkuan analisis wacana kritis. Ulikan wacana kritis kana téks basa Sunda anu sumebar dina koran atawa majalah langka dilaksanakeun, komo anu eusina ulikan ngeunaan patalina wacana jeung pasualan sosial pulitik mah. Upamana waé, kumaha ciri-ciri wacana pulitik kasundaan dina mangsa orde lama, orde baru, jeung orde réformasi.
(16)
3
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3
Di nagara deungeun mah ulikan analisis wacana kritis téh geus kaitung lila. Salasahiji inohong analisis wacana kritis anu kawéntar nyaéta Teun Adrianus van Dijk. Inyana kagolong salah saurang sarjana dina widang linguistik téks, analisis wacana, jeung analisis wacana kritis. Van Dijk mah niténan hiji téks téh diwangun ku sababaraha struktur/tingkatan anu unggal-unggal bagianana silirojong. Dina nganalisis hiji téks, van Dijk ngabagi jadi tilu tingkatan. Kahiji struktur makro, nu mangrupa ma’na sacara umum tina hiji téks, nu bisa disurahan kalawan ningali topik atawa téma nu diasongkeun dina hiji wacana. Tingkatan nu kadua nyaéta superstruktur, mangrupa struktur wacana nu aya patalina jeung rangka hiji téks, kumaha bagian-bagian téks ngajanggélék jadi hiji wacana sacara gembleng. Tingkatan katilu struktur mikro, nyaéta ma’na tina wacana nu bisa dititénan tina sababaraha bagian nu ngarojong kana téks saperti kecap, kalimah, proposisi, anak kalimah, paraprase, jeung gambar.
Nurutkeun van Dijk, najan hiji wacana téh diwangun ku sababaraha bagian, tapi éta bagian-bagian téh tetep mangrupa hiji beungkeutan nu silih deudeul.
Ma’na global tina hiji téks (téma) dirojong ku ayana rangkay téks, nu ahirna mah
éta rangkay téh baris dimekarkeun jadi hiji wacana anu gembleng ngaliwatan pilihan kecap sarta kalimah nu dipaké ku pangarang.
Makéna runtuyan kecap, kalimah, proposisi sarta rétorika nu tangtu ku média citak disurahan ku van Dijk mah mangrupa bagian tina stratégi wartawan. Makéna kecap-kecap, kalimah, gaya nu tangtu lain ukur disawang minangka alat komunikasi, tapi disawang ogé minangka pulitik dina komunikasi. Ieu hal mangrupa salah sahiji cara pikeun mangaruhan pamadegan masarakat, nyiptakeun pangrojong masarakat, nguatkeun légitimasi, atawa ngabeubeutkeun sarta nyingkirkeun lawan pulitikna. Struktur tina wacana mangrupa cara nu éféktif pikeun niténan prosés rétorika jeung persuasi nu dipigawé waktu wartawan nepikeun pamadeganana ka masarakat nu maca.
(17)
4
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4
Sakumaha nu geus ditétélakeun yén analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda mah kaitung langka, boa teu aya. Upama macaan daptar hasil panalungtikan boh nu mangrupa skripsi atawa tésis, ulikan kana analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda teu kapaluruh ayana. Ku kituna panalungtik nyobaan nyurahan wacana ngagunakeun analisis wacana kritis dumasar modél Teun A. van Dijk dina rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé. Ieu rubrik mangrupa salah sahiji conto tina wacana tulis. Dina ieu rubrik, nu biasa diluluguan ku Karno Kartadibrata, dipedar sawatara pamadegan ti pangarang nu biasana patali jeung kajadian-kajadian ahéng di masarakat sarta karandapan ogé ku pangarangna. Karno salaku panulis dina ieu rubrik, remen ngébréhkeun pamadegan-pamadegan pulitikna ngaliwatan wacana anu ditulisna.
Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun panalungtikan ngeunaan analisis wacana nu aya dina rubrik “Balé Bandung”. Ku
kituna ieu panalungtikan téh dijudulan “Adegan Wacana Rubrik Balé Bandung
dina Majalah Manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)”
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, ieu di handap dijelaskeun ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.
1.2.1 Watesan Masalah
Analisis kana téks “Balé Bandung” dina majalah Manglé sabenerna kaitung
loba, di antarana aya nu medar perkara analisis eusi, analisis wacana kritis, analisis semiotik jeung analisis Framing. Tiap-tiap analisis mibanda kapunjulanana sorangan-sorangan. Sangkan panalungtikan bisa leuwih museur, nya dipilih analisis wacana kritis dumasar kana téks nu aya dina rubrik “Balé
(18)
5
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5
téks nyaéta analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk. Ieu pamarekan nekenkeun kana tilu unsur panalungtikan, nyaéta: (1) struktur makro nu ngawengku tématik; (2) superstruktur nu ngawengku skématis; jeung (3) struktur mikro nu ngawengku semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Ari wacana nu dijadikeun bahan analisis nyaéta rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah
Manglé taun 2012. Rubrik nu dijadikeun bahan gé henteu dianalisis sadayana, tina
rubrik nu medal dina taun 2012 téh ditalungtik tujuh wacana rubrik “Balé Bandung” nu saméméhna geus dipasing-pasing heula dumasar kana témana séwang-séwangan. Éta sakabéh wacana téh dianggap bisa ngagambarkeun idé-idé pulitik ti Karno salaku nu nulisna. Ieu hal diluyukeun jeung analisis wacana kritis Teun A. van Dijk nu mémang leuwih museurkeun panalungtikanana tina segi pulitik.
1.2.2 Rumusan Masalah
Sangkan dina maluruh masalah-masalah dina ieu panalungtikan leuwih gampang dilakukeunana, dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu di handap.
a. Kumaha struktur makro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina
téma puseurna?
b. Kumaha superstuktur nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina skématisna?
c. Kumaha struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina
semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétorisna?
d. Kumaha karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung” majalah Manglé?
(19)
6
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 6
Tujuan nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun manggihan
jeung medar wacana rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé. Ari pedaran
atawa déskripsina nyoko kana widang:
a. struktur makro nu ngawengku unsur téma puseur; b. superstruktur nu ngawengku unsur skématis;
c. struktur mikro nu ngawengku unsur semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris; jeung
d. karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung” majalah Manglé.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambahan kabeungharan élmu wacana tina segi analisis wacana kritis. Salian ti éta, tina ieu panalungtikan ogé bisa manggihan alternatif anyar dina nganalisis wacana. Mun biasana mah nu dianalisis wacana téh ukur unsur kabasaanana hungkul, saterusna mah bisa ngagunakeun rupa-rupa analisis wacana salah sahijina analisis wacana kritis dumasar pamarekan Teun A. van Dijk.
1.4.2Mangpaat Praktis
Tina jihat praktis, ieu panalungtikan téh gedé mangpaatna, di antarana: a. Pikeun mahasiswa, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun référénsi dina
(20)
7
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 7
b. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan kumaha sawangan idéologi pulitik pangarang nu nyangkaruk dina rubrik
“Balé Bandung”.
c. Pikeun guru, hasil panalungtikan bisa dipaké salasahiji sumber bahan ajar kaparigelan basa di sakola, utamana tahapan atikan menengah kayaning SMA.
1.5 Ragaga Tulisan
Eusi ieu tésis téh kabéhanana ngawengku lima bab, anu eusina ngébréhkeun ngeunaan sistematika raraga tulisan dumasar kana maksud judul bab nu dipedarna.
Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (tujuan umum jeung tujuan husus), mangpaat panalungtikan (mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis), jeung raraga tulisan.
Bab II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Anggapan Dasar, medar ngeunaan (1) ulikan tiori (wacana, analisis wacana kritis, jeung analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk), (2) raraga mikir panalungtikan, jeung (3) anggapan dasar panalungtikan.
Bab III Métode Panalungtikan, medar ngeunaan (1) data jeung sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumén panalungtikan, (6) téhnik ngumpulkeun data, jeung (7) téhnik ngolah data.
Bab IV Analisis jeung Pedaran, medar ngeunaan data wacana “Balé Bandung”, analisis jeung déskripsi wacana “Balé Bandung”, struktur makro nu
(21)
8
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 8
Bandung”, analisis struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung”, jeung
analisis karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”.
Ari dina Bab V Kacindekan jeung Saran, dipedar perkara kacindekan sarta saran pikeun individu/lembaga anu aya patalina jeung eusi panalungtikan tina ieu panalungtikan.
(22)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
37 37
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar tujuh hal nu aya patalina jeung métode panalungtikan. Hal-hal anu dipedar téh, nyaéta: (1) data jeung sumber data panalungtikan; (2) desain panalungtikan; (3) métode panalungtikan; (4) wangenan operasional; (5) instrumén panalungtikan; (6) téhnik panalungtikan; jeung (7) téhnik ngolah data.
3.1. Data jeung Sumber Data Panalungtikan
Data ieu panalungtikan nyaéta wacana (téks) “Balé Bandung” nu dianalisis tina segi struktur makro nu ngawengku téma puseur, superstruktur nu ngawengku skématis, jeung struktur mikro nu ngawengku semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris.
Ari nu jadi sumber data dina ieu panalungtikan téh nyaéta rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé nu medal dina taun 2012. Manglé mangrupa majalah Sunda nu medal mingguan. Dina taun 2012, Majalah Manglé medal 51 nomer, nyaéta ti mimiti nomer 2355 édisi tanggal 5 – 11 Januari 2012 nepi ka Manglé nomer 2405 édisi tanggal 27 Désémber 2012 – 2 Januari 2013. Tina 51 nomer Manglé nu medal, teu sakabéhna aya wacana “Balé Bandung”. Sumber data ieu panalungtikan bisa dititénan dina tabél di handap.
Tabél 3.1 Sumber Data No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
1 2355 5 – 11
Januari 2012
Ngurus Vila Waé Teu Bisa
Gambaran birokrasi pamaréntahan dina ngaréngsékeun pasulanan ngadegna villa jeung miara lingkungan
(23)
38
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
38 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
2 2356 12 – 18
Januari 2012
- Teu ayaan
Balé Bandungna
3 2357 19 – 25
Januari 2012
Sawangan Hirup Urang Sunda
Pamadegan
ngeunaan sawangan hirup urang Sunda utamana nu patali jeung
kapamingpinan sarta pamaréntahan 4 2358 26 Januari –
1 Pebruari 2012
Ti Dwifungsi ABRI ka Partéy Pulitik
Gambaran kumaha lalampahan para pamingpin, utamana nu cicing di korsi déwan législatif, ti mimiti jaman Orde Baru nepi ka kiwari
5 2359 2 – 8
Pebruari 2012
Taun 2020-an Harepan kana
pamaréntahan nu beresih tur bener dina sagala widang, utamana nu bisa ngaraharjakeun rahayatna
6 2360 9 – 15
Pebruari 2012
Ulubiung Gambaran sikep
kritis tur partisipasi rahayat dina niténan tur méré kritik ka pamaréntahan kiwari
7 2361 16 – 21
Pebruari 2012
Sakola Runtuh Gambaran kakuciwa ka pamaréntahan nu
loba korupsi,
utamana dina
widang pendidikan, nu digambarakeun nalika aya sakola nu runtuh
8 2362 22 – 28
Pebruari
Konférénsi Pers Harepan pangarang sabada niténan
(24)
39
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
39 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
2012 konférénsi pers ti
SBY dina
ngaréngsékeun pasualan KPK 9 2363 1 – 7 Maret
2012
Kakuciwa ka Partéy Pulitik
Gambaran kakuciwa masarakat ku polah partéy pulitik dina jaman kiwari nu leuwih mentingkeun pisan kapentingan pribadina bari teu
maliré kana
kapentingan rahayatna
10 2364 8 – 14
Maret 2012
Saban 21 Pébruari Harepan ka
masarakat sangkan bisa ngamumulé basa jeung budaya Sunda
11 2365 15 – 21
Maret 2012
Nu Jadi Panyileukan Kahayang pikeun néangan
pamaréntahan nu teu mopohokeun kana sajarahna tur teu ngagul-ngagul hal-hal nu datangna ti nagara deungeun
12 2366 22 – 28
Maret 2012
Wawaran ka Publik Harepan rahayat nu hayang
pamaréntahan wani
dina nepikeun
sagala hasil gawéna dina nyangking pamaréntahan 13 2367 29 Maret –
4 April
2012
Poténsi Harepan sangkan
pamaréntah bisa
ngagali tur
mekarkeun poténsi nu aya di rahayatna 14 2368 5 – 11 April Radikalisasi Gambaran kumaha
(25)
40
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
40 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
2012 Gerakan Mahasiswa
jeung Buruh
sikep kritis
paramahasiswa nalika niténan pamaréntahan kiwari
15 2369 12 – 18
April 2012
Aspirasi Kahayang ti rahayat
sangka pamaréntah tetep ngadéngé tur maliré kana sagala aspirasi ti rahayatna
16 2370 19 – 25
April 2012
Musawarah Gambaran
kontribusi ti tiap séké sélér bangsa pikeun
ngamajukeun nagarana 17 2371 26 April – 2
Mei 2012
Getih Indonésia Harepan sangkan sikep rahayat nu kudu terus diguar sangkan nyaah ka lemah caina
18 2372 3 – 9 Mei 2012
Integrasi Bangsa Gambaran kasus nu tumiba di Indonésia, utamana
pacéngkadan nu lumangsung di tiap daérah nu bakal ngaruksak kana persatuan bangsa 19 2373 10 – 16 Mei
2012
Teu Ditawarkeun ti Awalna
Gambaran ngeunaan runtuhna
pamaréntahan di tiap jaman alatan pamingpin keukeuh
pageuh nyekel
jabatanana 20 2374 17 – 23 Mei
2012
Nu Kaliwat tur Kapopohokeun
Sikep masarakat
Indonésia nu
nganggap sagala paninggalan
(26)
41
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
41 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
pamaréntahan jaman baheula goréng, boh jaman Walanda boh jaman Orde Baru, nepi ka sagala kahadéanana
dianggap teu aya gunana
21 2375 24 – 30 Mei 2012
Sumanget Koréa Harepan ti Karno sangkan
paragenerasi ngora boga sumanget siga bangsa Koréa dina ngamajukeun
bangsana 22 2376 31 Mei – 6
Juni 2012
Di Ahir Jabatan Gambaran ngeunaan pamingpin bangsa nu keur kumawasa di pamaréntahan nalika geus wancina marén
23 2377 7 – 13 Juni 2012
Gebragan Buyung Nyaritakeun
ngeunaan hiji tokoh nasional nu boga tanggung jawab nalika nyekel hiji jabatan tur wani ngedalkeun
pamadeganana pikeun nanjeurkeun bebeneran
24 2378 14 – 20 Juni 2012
Pancasila Harepan ka
pamaréntah sangkan Pancasila minangka idéologi bangsa dilarapkeun
sakumaha mistina 25 2379 21 – 27 Juni
2012
Cai Walungan
Canémbrang Hérang
Gambaran rahayat nu mikahayang aya
(27)
42
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
42 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
leuwih pro dina miara
lingkunganana, utamana pamingpin di Jawa Barat. 26 2380 28 Juni – 4
Juli 2012
Héroy ku
Kakawasaan
Nyaritakeun
ngeunaan partéy pulitik nu leuwih mentingkeun
kumaha carana
meunangkeun kakawasaan bari teu didukung ku SDM nu hadé
27 2381 5 – 11 Juli 2012
Geus Opat Belas Taun
Kritik ka
pamaréntahan nalika
réformasi nu
digembor-gemborkeun teu jalan sakumaha mistina
28 2382 12 – 18 Juli 2012
Mangkeluk Partéy Pulitik (Parpul)
Kakuciwa ka partéy
pulitik nu
ngusulkeun sangkan Undang-undang KPK dirévisi 29 2383 19 – 25 Juli
2012
Aya Kénéh Harepan Harepan anu gedé ti masarakat kana munculna
pamingpin nagara nu beresih tina korupsi, euyeub ku préstasi, sarta
mibanda ajén
kapamingpinan anu luhur
30 2384 26 Juli – 1 Agustus 2012
Ngahéjolémbokkeun Kota
Kahayang rahayat sangkan pamaréntah dina ngamajukeun pangwangunan teu
(28)
43
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
43 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
poho dina miara lingkungan
31 2385 2 – 8
Agustus 2012
Ngalegaan Cakrawala
Sawangan jeung Pamikiran
Sajarah kamekaran
idéologi nu
dipatalikeun jeung kahirupan kiwari
32 2386 9 – 15
Agustus 2012
Idéologi jeung Program
Idéologi jeung
program urang
Sunda dina
nyanghareupan pamaréntahan kiwari
33 2387 16 – 22
Agustus 2012
- Teu Ayaan
Balé Bandung
34 2388 23 – 29
Agustus 2012
Mundur tina Jabatan Sikep
parapamingpin di nagara Indonésia nu
nganggap yén
jabatan téh sagala-sagalana, nepi ka teu daék ngencagkeun kalungguhanna saupama kabaud ku kasus korupsi atawa kasus kajahatan séjénna.
35 2389 6 – 12
Séptémber 2012
Sabada Lebaran Harepan sangkan pamaréntah bisa ngaévaluasi tur ngaréngsékeun kinerjana, utamana dina birokrasi
36 2390 13 – 19
Séptémber 2012
Ahir Pamaréntahan SBY
Gambaran raport pamaréntahan SBY nu kakawasaanana téréh réngsé
37 2391 20 – 26
Séptémber 2012
- Teu Ayaan
Balé Bandung
(29)
44
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
44 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
38 2392 27
Séptémber – 3 Oktober 2012
Héngkérna Kapamingpinan Nasional
Kurangna karakter parapamingpin di pamaréntahan dina ngajalankeun
jabatanana
39 2393 4 – 10
Oktober 2012
Keurseus Kasundaan Urang Sunda nu kudu mikaweruh kana sajarahna
40 2394 11 – 17
Oktober 2012
Saha Mangkelukna? Kritik ka lembaga législatif nu hayang ngalemahkeun KPK
41 2395 18 – 24
Oktober 2012
Satutas Pidato SBY, Tuluy Kumaha?
Harepan sangkan pamaréntahan bisa ngaréngsékeun pacéngkadan KPK sabada pidato ti SBY
42 2396 25 – 31
Oktober 2012
Kaom Jurnalis
Sunda, Usik!
Sikep kritis ti parajurnalis jeung média massa nu
kudu terus
dironjatkeun pikeun ngamajukeun nagara
43 2397 1 – 7
Novémber 2012
- Teu Ayaan
Balé Bandung
44 2398 8 – 14
Novémber 2012
Pacéngkadan di Lampung
Kakuciwa rahayat nalika
ngabandungan sikep pamaréntah dina ngaréngsékeun pacéngkadan nu
lumangsung di
Lampung
45 2399 15 – 21
Novémber 2012
Kapamingpinan Anyar
Harepan rahayat
sangkan aya
pamingpin nu bisa mawa karaharjaan ka rahayatna
(30)
45
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
45 No Nomer
Medal
Terbit Tanggal
Judul Téma Katerangan
Novémber 2012
harepan masarakat
Sunda kana
kapamingpinan Gubernur anyar ka hareupna
47 2401 29
Novémber – 5 Désémber 2012
Camat jeung Lurah Ujung tombak
pamaréntahan nu mingpin rahayat nu can bisa ngariksa rahayatna
48 2402 6 – 12
Désémber 2012
Rieke Diah Pitaloka – Teten Masduki
Tokoh nu bakal jadi calon pamingpin Jawa Barat ka hareupna
49 2403 13 – 19
Désémber 2012
Milih Langsung jeung Teu Langsung
Gambaran ngeunaan kahéngkéran jeung kapunjulan sistem
pemilukada di
Indonésia
50 2404 20 – 26
Désémber 2012
Pasaratan Harepan rahayat ka
pamingpin nu bakal
manggung ka
hareupna ngaliwatan pasaratan-pasaratan nu geus tangtu 51 2405 27
Désémber
2012- 2
Januari 2013
- Kandaga
Carpon
Artikel nu jadi sampel dina ieu panalungtikan dipilih sacara purposip (purposive sample), dumasar kana pamarekan Fraenkel & Wallen (1993:87-88), nu nétélakeun:
“…. Based on previous knowledge of a population and the specific purpose of
the research, investigators use personal judgement to select a sample. Researchers assumes they can use their knowledge of the population to judge whether or not a particular sample will be representative. Purposive sampling
(31)
46
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
46
is different from convenience sampling in that researchers do not simply study whoever is available, but use their judgement to select a sample which they
believe, based on prior information, will provide the data they need.”
(“…dumasar kana pangaweruh saméméhna yén dina hiji populasi jeung tujuan anu husus dina panalungtikan, nu ngagunakeun pamadeganana sorangan pikeun milih hiji sampel. Panalungtik ngabogaan anggapan yén maranéhanana bisa ngagunakeun pangaweruhna ngeunaan populasi pikeun nangtukeun naha sampel nu tangtu baris jadi sampel anu hadé. Sampel purposive béda jeung sampel nu aya dina panalungtikan nu sipatna biasa, sarta teu sakabéh panalungtik bisa ngagunakeunana. Najan kitu parapanalungtik ngagunakeun kaputusanana pikeun milih hiji sampel nu cek maranéhanana bisa dipercaya, dumasar kana informasi saméméhna, sarta éta sampel baris ngalengkepan kana data nu dibutuhkeun.”)
Tina éta sumber data, saterusna dipasing-pasing dumasar kana téma caritana. Éta téma téh nyaéta:
1) Wacana nu témana ngeunaan kritik ka pamaréntahan nu bisa katitén tina tabél ieu di handap.
Tabél 3.2
Wacana nu Témana Kritik ka Pamaréntahan
No Nomer Medal Terbit
Tanggal
Judul Katerangan
1 2359 2 – 8 Pebruari
2012
Taun 2020-an
2 2360 9 – 15
Pebruari 2012
Ulubiung
3 2361 16 – 21
Pebruari 2012
Sakola Runtuh
4 2363 1 – 7 Maret
2012
Kakuciwa ka Partéy Pulitik
5 2366 22 – 28 Maret
2012
Wawaran ka Publik
6 2367 29 Maret – 4
April 2012
Poténsi
7 2368 5 – 11 April
2012
Radikalisasi Gerakan Mahasiswa jeung Buruh 8 2369 12 – 18 April Aspirasi
(32)
47
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
47
No Nomer Medal Terbit
Tanggal
Judul Katerangan
2012
9 2372 3 – 9 Mei
2012
Integrasi Bangsa
10 2373 10 – 16 Mei
2012
Teu Ditawarkeun ti Awalna
11 2378 14 – 20 Juni
2012
Pancasila
12 2380 28 Juni – 4
Juli 2012
Héroy ku Kakawasaan
13 2381 5 – 11 Juli
2012
Geus Opat Belas Taun
14 2385 2 – 8 Agustus
2012
Ngalegaan Cakrawala
Sawangan jeung
Pamikiran
15 2386 9 – 15
Agustus 2012
Idéologi jeung Program
16 2389 6 – 12
Séptémber 2012
Sabada Lebaran
17 2395 18 – 24
Oktober 2012
Satutas Pidato SBY, Tuluy Kumaha?
18 2396 25 – 31
Oktober 2012
Kaom Jurnalis Sunda, Usik!
19 2398 8 – 14
Novémber 2012
Pacéngkadan di
Lampung
20 2403 13 – 19
Désémber 2012
Milih Langsung jeung Teu Langsung
2) Wacana nu témana ngeunaan kritik kana kapamingpinan nu bisa katitén tina tabél 3.3 dina kaca saterusna.
(33)
48
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
48 Tabél 3.3
Wacana nu Témana Kritik kana Kapamingpinan
No Nomer
Medal
Terbit Tanggal Judul Katerangan
1 2357 19 – 25 Januari 2012
Sawangan Hirup Urang Sunda
2 2362 22 – 28 Pebruari 2012
Konférénsi Pers 3 2376 31 Mei – 6 Juni
2012
Di Ahir Jabatan
4 2383 19 – 25 Juli
2012
Aya Kénéh Harepan
5 2388 23 – 29 Agustus
2012
Mundur tina Jabatan
6 2390 13 – 19
Séptémber 2012
Ahir Pamaréntahan SBY
7 2392 27 Séptémber –
3 Oktober 2012
Héngkérna Kapamingpinan Nasional
8 2399 15 – 21
Novémber 2012
Kapamingpinan Anyar
9 2400 22 – 28
Novémber 2012
2013 – 2018
10 2401 29 Novémber –
5 Désémber
2012
Camat jeung Lurah
11 2402 6 – 12
Désémber 2012
Rieke Diah Pitaloka – Teten Masduki
12 2404 20 – 26
Désémber 2012
Pasaratan
3) Wacana nu témana ngeunaan kritik ka déwan législatip, boh ka parapulitisina boh ka parapartéy pulitikna, nu bisa katitén tina tabél ieu di handap.
Tabél 3.4
Wacana nu Témana Kritik ka Déwan Législatip
No Nomer
Medal
Terbit Tanggal Judul Katerangan
1 2358 26 Januari – 1 Pebruari 2012
Ti Dwifungsi ABRI ka Partéy Pulitik
(34)
49
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
49
No Nomer
Medal
Terbit Tanggal Judul Katerangan
2 2363 1 – 7 Maret
2012
Kakuciwa ka Partéy Pulitik
3 2380 28 Juni – 4 Juli 2012
Héroy ku Kakawasaan 4 2394 11 – 17 Oktober
2012
Saha Mangkelukna?
4) Wacana nu témana ngeunaan kritik dina miara lingkungan nu bisa katitén tina tabél wacana ieu di handap.
Tabél 3.5
Wacana nu Témana Kritik Teu Dipaliréna Lingkungan
No Nomer
Medal
Terbit Tanggal Judul Katerangan
1 2355 5 – 11 Januari 2012
Ngurus Vila Waé Teu Bisa
2 2379 21 – 27 Juni
2012
Cai Walungan
Canémbrang Hérang
3 2384 26 Juli – 1
Agustus 2012
Ngahéjolémbokkeun Kota
5) Wacana nu témana ngeunaan tokoh atawa inohong nu bisa katitén tina tabél ieu di handap.
Tabél 3.6
Wacana nu Témana ngeunaan Tokoh
No Nomer
Medal
Terbit Tanggal Judul Katerangan
1 2377 7 – 13 Juni 2012 Gebragan Buyung
6) Wacana nu témana ngeunaan rahayat jeung pamingpin nu poho kana sajarahna. Ieu wacana bisa katitén tina tabél ieu di handap.
Tabél 3.7
(35)
50
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
50
No Nomer
Medal
Terbit Tanggal Judul Katerangan
1 2365 15 – 21 Maret 2012
Nu Jadi Panyileukan
2 2374 17 – 23 Mei
2012
Nu Kaliwat tur
Kapopohokeun 3 2393 4 – 10 Oktober
2012
Keurseus Kasundaan
Saterusna, tina papasingan wacana dumasar kana téma dina kaca saméméhna, ditangtukeun tujuh édisi majalah Manglé anu masing-masing ngamuat rubrik “Balé Bandung”. Ieu tujuh wacana téh dipilih lantaran dianggap bisa ngawakilan sakabéh wacana nu medal dina taun 2012. Éta wacana téh nyaéta:
1) “Kakuciwa ka Partéy Pulitik” (Manglé nomer 2363 medal tanggal 1 – 7 Maret 2012);
2) “Nu Kaliwat tur Kapopohokeun” (Manglé nomer 2374 medal tanggal 17 – 23 Méi 2012);
3) “Gebragan Buyung” (Manglé nomer 2377 medal tanggal 24 – 30 Méi 2012);
4) “Cai Walungan Canémbrang Hérang” ” (Manglé nomer 2379 medal tanggal 21 – 27 Juni 2012);
5) “Héroy ku Kakawasaan” (Manglé nomer 2380 medal tanggal 28 Juni – 4 Juli 2012); 6) “Aya Kénéh Haepan” (Manglé nomer 2383 medal tanggal 19 – 25 Juli 2012); 7) “Mundur tina Jabatan” (Manglé nomer 2388 medal tanggal 23 – 29 Agustus 2012);
3.2. Desain Panalungtikan
Ari desain panalungtikan atawa bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung satuluyna hasil data dilaporkeun dina eusi panalungtikan. Desain ieu panalungtikan bisa katitén dina gambar 3.1.
(36)
51
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
51
Gambar 3.1 Désain Panalungtikan
3.3. Métode Panalungtikan
Istilah métode asalna tina kecap methods (basa Latén), nu hartina tarékah, stratégi, atawa siasat maham réalitas (kanyataan) dumasar léngkah-léngkah sistematis
Masalah Analisis Wacana Kritis
dina rubrik “Balé Bandung”
Ngumpulkeun Data: Téhnik Studi Pustaka
Ngolah Data:
Téhnik Analisis Unsur Langsung Déskripsi Data
Nafsirkeun
Kacindekan Instrumén:
(37)
52
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
52
pikeun ngungkulan runtuyan sabab-akibat (kausalitas). Fungsina métode pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan (Sugiono, 2009:34).
Métode panalungtikan mangrupa bagian anu kawilang penting dina hiji kagiatan panalungtikan, éta hal téh mangrupa tarékah pikeun ngahontal udagan dina panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Ieu pamarekan mangrupa prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif dina wangun kekecapan tinulis atawa lisan ti jalma atawa paripolah nu keur ditalungtik (Bogdan & Taylor dina Moeloeng, 2002:3).
Sifat tina ieu panalungtikan nyaéta déskriptif. Métode déskriptif bisa dihartikeun minangka prosedur dina ngaréngsékeun pasualan nu keur ditalaah ku cara ngagambarkeun kaayaan subjek atawa objék panalungtikan (jalma, lembaga, masarakat, jeung réa-réa deui) di waktu ayeuna dumasar kana fakta-fakta nu nyampak sakumaha ayana. Data nu dikumpulkeun mangrupa kecap-kecap atawa gambar, lain mangrupa angka-angka. Ieu hal bisa ngadorong panalungtik pikeun nyurahan hiji téks téh sakabéh bagianana sacara gembleng (Moeloeng, 2002:6). Format déskriptif kualitatif mibanda tujuan pikeun ngagambarkeun sawatara kondisi, situasi, atawa fénoména réalitas sosial di masarakat nu dijadikeun objék panalungtikan.
3.4. Wangenan Operasional
Sangkan henteu nimbulkeun salah tapsir ti nu maca, ieu di handap dijelaskeun kalawan écés ngeunaan wangenan operasional anu digunakeun dina ieu panalungtikan. a) Adegan wacana dina ieu panalungtikan nyaéta wangunan wacana disawang tina
komponén-komponénna. Ari komponén-komponén wacana nu digunakeun kumaha pamarekan nu dipaké nalika nganalisis wacanana. Dina ieu panalungtikan komponén wacana nu digunakeun dumasar kana pamarekan Teun A. van Dijk nu ngawengku 1) struktur makro, 2) superstruktur, jeung 3) struktur mikro.
(38)
53
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
53
b) Analisis wacana kritis dina ieu panalungtikan nyaéta ulikan ngeunaan struktur pesan dina komunikasi anu henteu ukur museurkeun paniténna kana téks wungkul, tapi nyosok jero ogé kana hal-hal nu aya di saluareun téksna sorangan.
c) Analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk dina ieu panalungtikan nyoko kana analisis wacana dumasar kana tilu tingkatan waktu nyurahan ma’na nu aya dina téks. Ieu tilu tingkatan téh nyaéta: (1) struktur makro nu mangrupa ma’na sacara umum tina hiji téks, nu bisa dititénan kalawan ningali kana topik atawa téma nu diasongkeun dina hiji wacana; (2) superstruktur, mangrupa struktur wacana nu aya patalina jeung rangka hiji téks, kumaha bagian-bagian téks kawangun ngajanggélék jadi hiji wacana sacara gembleng; jeung (3) struktur mikro, nyaéta ma’na tina wacana nu bisa dititénan tina sababaraha bagian nu ngarojong kana téks saperti kecap, kalimah, proposisi, anak kalimah, paraphrase, jeung gambar.
3.5. Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis, nepi ka leuwih gampang pikeun diolah (Arikunto, 2006:160).
Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan aya dua rupa, nyaéta (1) instrumén pangumpul data jeung (2) instrumén pangolah data.
Instrumén pangumpul data nu digunakeun mangrupa lambar kartu data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa informasi nu patali jeung (1) sumber data, nu ngawengku tujuh téks “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé nu medal dina taun 2012; jeung (2) komponén analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk nu ngawengku (1) struktur makro, nu puseur surahanana kana tématik; (2) superstruktur nu puseur surahanana kana skématis, jeung (3) struktur mikro nu puseur surahanana kana semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Tujuan digunakeunana kartu data sangkan babari dina proses analisis data jeung dina nyieun
(39)
54
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
54
kacindekanana. Kartu data nu digunakeun dina ieu panalungtikan katitén saperti gambar 3.2.
Gambar 3.2 Kartu Data Katerangan :
A : nuduhkeun abjad awal di judul wacana
() : nuduhkeun majalah Manglé édisi nomer/singgetan judul wacana/kaca téks “Balé Bandung”/Paragraf ka-/kalimah ka- tina data nu kapanggih pikeun dianalisis
Instrumén pangolah data nu digunakeun mangrupa format analisis. Eusina ngawengku (1) struktur wacana, (2) unit wacana, jeung (3) indikator wacana. Ieu instrumén pangolah data katitén tina tabél 3.8.
Tabél 3.8
Instrumén Pangolah Data
STRUKTUR UNIT WACANA INDIKATOR
KARTU DATA A. Aya Kénéh Harepan
(M 2383/AKH/Kaca/Alinéa/Kalimah)
1. Struktur Makro : Tématik (Téma Puseur) 2. Superstruktur :Skématik
3. Struktur Mikro :
a. Semantik : 1. Latar : 2. Detil : 3. Maksud : 4. Pamungkir b. Sintaksis : 1. Kohérénsi
: 2. Wangun Kalimah : 3. Kecap Sulur/Ganti c. Stilistik : 1. Léksikon (Pilihan Kecap)
d. Rétoris : 1. Grafis
(40)
55
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
55 WACANA
Struktur Makro Tematik Téma
Superstruktur Skématis Skéma
Struktur Mikro
Semantik 1. Latar
2. Wincik/detil 3. Maksud 4. Pamungkir
Sintaksis 1. Kohérénsi
2. Wangun kalimah 3. Kecap sulur
Stilistik Leksikon/pilihan
kecap
Rétoris 1. Grafis
2. Métafora
3.6. Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik dokuméntasi. Ieu téhnik digunakeun pikeun nganalisis struktur tina rubrik “Balé Bandung”. Dina ngumpulkeun data pikeun bahan panalungtikan léngkah-léngkahna ieu di handap.
1) Ngumpulkeun sakabéh majalah Manglé nu medal dina taun 2012; 2) Milih majalah Manglé nu di jerona aya rubrik “Balé Bandung”; 3) Milah-milah rubrik “Balé Bandung” dumasar kana témana; 4) Milih rubrik “Balé Bandung” nu témana pulitik;
5) Nyirian kekecapan, kalimah atawa paragrap nu bisa dijadikeun sumber dina panalungtikan; jeung
(41)
56
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
56
3.7. Téhnik Ngolah Data
Tahapan dina ngolah data ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung. Data nu mangrupa wacana dianalisis tina jihat struktur makro, superstruktur, jeung struktur mikro. Aya sababaraha tahapan dina ngolah data, nyaéta:
1) Ngaruntuykeun kartu data nurutkeun abjad Latén (alfabétis);
2) Nyieun papasingan data dumasar analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk nu nyampak tina segi (1) struktur makro nu medar téma, (2) superstruktur nu medar skema, jeung (3) struktur mikro nu medar semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris.
3) Tahap nganalisis jeung ngadéskripsikeun sakabéh bagian-bagian wacana rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé
(42)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 157
157
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana pedaran hasil panalungtikan dina bab saméméhna, ieu panalungtikan téh dicindekkeun kana sababaraha hal saperti ébréh ieu di handap.
a. Struktur Makro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur makro dina analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk nyurahan téma puseur nu nyampak dina wacana. Téma nu diasongkeun ku Karno salaku nu nulis dina wacana rubrik “Balé Bandung” éstuning mangrupa gambaran tina kajadian nu karandapan ku masarakat dina jaman kiwari. Téma puseur nu diasongkeun dina ieu rubrik, éstuning béda-béda. Najan béda, tapi kabéhanana ngagambarkeun naon nu karandapan tur karasa ku masarakat. Hal nu ditepikeun téh mangrupa kritik sosial ti masarakat ka pamaréntahan nu keur kumawasa kiwari, boh ka individu boh ka lembaga nu keur nyekel kakawasaan di ieu nagara.
b. Superstruktur dina Rubrik “Balé Bandung”
Dina superstruktur, nu dipedar téh ngeunaan skéma atawa galur dina hiji wacana. Skéma nu ditepikeun ku Karno dina wacana nu ditulisna téh ngaguluyur tur gampang dipikaharti ku nu maca. Ieu Hal disababkeun ayana tingkesan jeung lalakon nu mangrupa bagian tina unsur skéma. Dina tingkesan mah disebutkeun judul jeung kalimah pangukuhna, sedengkeun dina lalakon mah bisa katitén situasi nu diasongkeun sarta koméntar ti Karno salaku nu nulis, kana wacana nu ditulisna. Tina sawatara tingkesan jeung lalakon anu dipidangken dina wacana
rubrik “Balé Bandung”, nyatana bisa nyababkeun eusi carita nu ditepikeun ngaguluyur tur gampang dipikaharti ku nu maca. Naon-naon nu hayang ditepikeun minangka pamadegan ti nu nulis, satékah polah bisa ditarima ku nu
(43)
158
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 158
maca alatan naon nu ditepikeun téh mémang luyu jeung kahirupan nu karandapan ku masarakatna sorangan.
c. Struktur Mikro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur mikro dina analisis rubrik “Balé Bandung”, dibagi jadi opat bagian,
nyaéta semantik (medar ngeunaan latar, wincik, jeung maksud), sintaksis (medar ngeunaan kohérénsi, wangun kalimah, jeung kecap sulur), stilistik (medar ngeunaan pilihan kecap), jeung rétoris (medar ngeunaan grafis jeung métafora). Sanajan aya sawatara unsur nu teu dipiboga ku salasahiji wacana, nyaéta unsur
métafora dina rubrik “Balé Bandung” nu judulna “Gebragan Buyung” jeung “Kakuciwa ka Partéy Pulitik. Ieu sakabéh analisis téh ébréh tina wacana “Balé Bandung”.
d. Karakteristik Wacana Kritis basa Sunda dina Rubrik “Balé Bandung”
Karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”, bisa katitén dumasar kana dua hal, nyaéta disawang tina ciri-ciri téks jeung idéologi nu nulis sarta tina lima prnsip karakteristik wacana kritis nu ngawengku: (1) tindakan, (2) kontéks, (3) historis, (4) kakawasaan, jeung (5) idéologi. Éta prinsip téh geus katémbong sakabéh unsurna saupama disawang tina analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk. Ieu analisis téh mesék wacana tina tilu unsur, nyaéta struktur makro nu medar ngeunaan téma puseur, superstruktur nu medar ngeunaan skéma, jeung struktur mikro nu medar ngeunaan semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Tina hasil analisis gé, bisa katitén idé-idé pulitik nu hayang ditepikeun ku Karno salaku nu nulis ngaliwatan wacana nu ditulisna, nyaéta nu sipatna kritik ka pamaréntahan, kritik kana kapamingpinan, kritik ka parapulitisi jeung partéy pulitik, kritik ka masarakat jeung pamaréntah nu mopohokeun sajarahna, gambaran tokoh nasional nu némbongkeun kawanina, jeung kritik ngeunaan ngariksa lingkungan nu aya di sabudeureun urang.
(44)
159
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 159
5.2 Saran
Panalungtikan ngeunaan analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk kana
rubrik “Balé Bandung” dina ieu tésis téh ukur museurkeun kana unsur téksna wungkul. Tangtu waé perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar leuwih jero kana sakabéh élemén analisis wacana kritis, nyaéta kognisi sosial jeung kontéksna. Ieu hal perlu dilakukeun sangkan bisa ngajembaran tur ngalengkepan deui analisis wacana kritis ngagunakeun model Teun A. van Dijk. Dina data nu dijadikeun sumber panalungtikan gé, dipiharep bisa leuwih jembar tur rupa-rupa wangunna, boh dina wacana fiksi saperti carpon jeung novel boh dina wacana nonfiksi sapert artikel, rubrik, jeung tajuk rencana. Kitu ogé model analisis nu dijadikeun keureutanana, naha ngagunakeun analisis Framing, analisis basa kritis, jeung réa-réa deui.
Majalah Manglé nu dijadikeun sumber dina ieu panalungtikan, mangrupa hiji-hijina majalah Sunda nu terus medal ti baheula nepi ka ayeuna. Ieu majalah tangtuna mawa kahadéan pikeun sakumna urang Sunda, lantaran salian ti jadi sumber panalungtikan, ieu majalah gé bisa dijadikeun sumber pikeun saha waé nu hayang diajar basa Sunda. Ku kituna, perlu dironjatkeun panalungtikan nu ngajadikeun majalah Manglé minangka sumber utamana, bisa panalungtikan ngeunaan kabasaanana, sastrana, budayana jeung sajarahna.
(45)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 160
160
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Brown. G dan Yule, G. (1996). Analisis Wacana. Jakarta: PT Gramedia.
Chaer, Abdul. (2009). Pengantar Semantik Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta
Danadibrata, R.A. (2008). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Darma, Youce Aliah. (2009). Analisis Wacana Kritis. Bandung: CV. Yrama
Widya.
Djajasudarma, T. Fatimah. (2006). Wacana – Pemahaman dan Hubungan Antarunsur. Bandung: PT Refika Aditama.
Eriyanto. (2012). Analisis Wacana. Yogyakarta: PT LkiS Printing Cemerlang. Fraenkel, J.R. jeung Wallen, N.E. (2007). How to Design and Evaluate Research
in Education (Seventh Edition). San Francisco: Mc Graw Hill Higher
Education.
Junus, Umar. (1989). Stikistika : Suatu Pengantar. Kuala Lumpur: Dewan Bahasa dan Pustaka.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan
Bahasa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Préss.
Kartomihardjo, Soeseno. (1996). Pemahaman Wacana antarbudaya. Jakarta: PELLBA 10. Lembaga Bahasa UNIKA Atma Jaya
Kéraf, Gorys. (1984). Tata Bahasa Indonesia – Untuk Sekolah Lanjutan Atas.
Jakarta: Nusa Indah.
Kridalaksana, Harimurti. (2008). Kamus Linguistik. Jakarta: PT Gramedia. Kuswari, Usép, spk. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Lubis, A. Hamid Hasan. (1991). Analisis Wacana Pragmatik. Bandung: Angkasa. Moeloeng, L.J. (2002). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: PT Remaja
Rosdakarya.
Pedoman Penulisan Karya Ilmiah UPI. (2012). Bandung: Universitas Pendidikan
Indonesia.
(46)
161
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 161
Sobur, Alex. (2009). Analisis Teks Media. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya. Sudaryat, Yayat. (1991). Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat, Yayat. (2003). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Wahana Luang.
Sudaryat, Yayat. (2005). Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung. Karya Ipték.
Sudaryat, Yayat. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2009). Makna dalam Wacana. Bandung. Yrama Widya. Sudjiman, Panuti. (1993). Bunga Rampai Stilistika. Jakarta: Grafiti. Sugiono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta.
Sugondo, Dendy. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI). Departemen Pendidikan Nasional. Jakarta: Pusat Bahasa.
Syamduddin dan Damaianti, V.S. (2006). Metode Penelitan Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosda Karya.
Tarigan, Henri Guntur. (1987). Pengajaran Wacana. Bandung: Angkasa. Widodo, Muril. (2012). Pengertian Rubrik.
[Online].
Tersedia:http.murilwidodo.blogspot.com [6 Desember 2013]
Yuwono, Untung. (2009). Pesona Bahasa: Langkah Awal Memahami Linguistik. Jakarta: PT Gramedia.
DAPTAR SUMBER DATA
Kartadibrata, Karno. (2012.a). “Kakuciwa ka Partéy Pulitik”. Manglé (1 – 7 Maret
2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.b). “Nu Kaliwat tur Kapopohokeun”. Manglé (17 – 23
Mei 2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.c). “Gebragan Buyung”. Manglé (24 – 30 Mei 2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.d). “Cai Walungan Canémbrang Hérang”. Manglé
(47)
162
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 162
Kartadibrata, Karno. (2012.e). “Héroy ku Kakawasaan”. Manglé (28 Juni – 4 Juli
2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.f). “Aya Kénéh Harepan”. Manglé (19 – 25 Juli 2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.g). “Mundur tina Jabatan”. Manglé (23 – 29 Agustus
(1)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 157
157
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana pedaran hasil panalungtikan dina bab saméméhna, ieu panalungtikan téh dicindekkeun kana sababaraha hal saperti ébréh ieu di handap.
a. Struktur Makro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur makro dina analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk nyurahan téma puseur nu nyampak dina wacana. Téma nu diasongkeun ku Karno salaku nu nulis dina wacana rubrik “Balé Bandung” éstuning mangrupa gambaran tina kajadian nu karandapan ku masarakat dina jaman kiwari. Téma puseur nu diasongkeun dina ieu rubrik, éstuning béda-béda. Najan béda, tapi kabéhanana ngagambarkeun naon nu karandapan tur karasa ku masarakat. Hal nu ditepikeun téh mangrupa kritik sosial ti masarakat ka pamaréntahan nu keur kumawasa kiwari, boh ka individu boh ka lembaga nu keur nyekel kakawasaan di ieu nagara.
b. Superstruktur dina Rubrik “Balé Bandung”
Dina superstruktur, nu dipedar téh ngeunaan skéma atawa galur dina hiji wacana. Skéma nu ditepikeun ku Karno dina wacana nu ditulisna téh ngaguluyur tur gampang dipikaharti ku nu maca. Ieu Hal disababkeun ayana tingkesan jeung lalakon nu mangrupa bagian tina unsur skéma. Dina tingkesan mah disebutkeun judul jeung kalimah pangukuhna, sedengkeun dina lalakon mah bisa katitén situasi nu diasongkeun sarta koméntar ti Karno salaku nu nulis, kana wacana nu ditulisna. Tina sawatara tingkesan jeung lalakon anu dipidangken dina wacana
rubrik “Balé Bandung”, nyatana bisa nyababkeun eusi carita nu ditepikeun ngaguluyur tur gampang dipikaharti ku nu maca. Naon-naon nu hayang ditepikeun minangka pamadegan ti nu nulis, satékah polah bisa ditarima ku nu
(2)
158
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 158
maca alatan naon nu ditepikeun téh mémang luyu jeung kahirupan nu karandapan ku masarakatna sorangan.
c. Struktur Mikro dina Rubrik “Balé Bandung”
Struktur mikro dina analisis rubrik “Balé Bandung”, dibagi jadi opat bagian,
nyaéta semantik (medar ngeunaan latar, wincik, jeung maksud), sintaksis (medar ngeunaan kohérénsi, wangun kalimah, jeung kecap sulur), stilistik (medar ngeunaan pilihan kecap), jeung rétoris (medar ngeunaan grafis jeung métafora). Sanajan aya sawatara unsur nu teu dipiboga ku salasahiji wacana, nyaéta unsur
métafora dina rubrik “Balé Bandung” nu judulna “Gebragan Buyung” jeung “Kakuciwa ka Partéy Pulitik. Ieu sakabéh analisis téh ébréh tina wacana “Balé Bandung”.
d. Karakteristik Wacana Kritis basa Sunda dina Rubrik “Balé Bandung”
Karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”, bisa katitén dumasar kana dua hal, nyaéta disawang tina ciri-ciri téks jeung idéologi nu nulis sarta tina lima prnsip karakteristik wacana kritis nu ngawengku: (1) tindakan, (2) kontéks, (3) historis, (4) kakawasaan, jeung (5) idéologi. Éta prinsip téh geus katémbong sakabéh unsurna saupama disawang tina analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk. Ieu analisis téh mesék wacana tina tilu unsur, nyaéta struktur makro nu medar ngeunaan téma puseur, superstruktur nu medar ngeunaan skéma, jeung struktur mikro nu medar ngeunaan semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Tina hasil analisis gé, bisa katitén idé-idé pulitik nu hayang ditepikeun ku Karno salaku nu nulis ngaliwatan wacana nu ditulisna, nyaéta nu sipatna kritik ka pamaréntahan, kritik kana kapamingpinan, kritik ka parapulitisi jeung partéy pulitik, kritik ka masarakat jeung pamaréntah nu mopohokeun sajarahna, gambaran tokoh nasional nu némbongkeun kawanina, jeung kritik ngeunaan ngariksa lingkungan nu aya di sabudeureun urang.
(3)
159
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 159
5.2 Saran
Panalungtikan ngeunaan analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk kana
rubrik “Balé Bandung” dina ieu tésis téh ukur museurkeun kana unsur téksna wungkul. Tangtu waé perlu aya panalungtikan séjén anu ngaguar leuwih jero kana sakabéh élemén analisis wacana kritis, nyaéta kognisi sosial jeung kontéksna. Ieu hal perlu dilakukeun sangkan bisa ngajembaran tur ngalengkepan deui analisis wacana kritis ngagunakeun model Teun A. van Dijk. Dina data nu dijadikeun sumber panalungtikan gé, dipiharep bisa leuwih jembar tur rupa-rupa wangunna, boh dina wacana fiksi saperti carpon jeung novel boh dina wacana nonfiksi sapert artikel, rubrik, jeung tajuk rencana. Kitu ogé model analisis nu dijadikeun keureutanana, naha ngagunakeun analisis Framing, analisis basa kritis, jeung réa-réa deui.
Majalah Manglé nu dijadikeun sumber dina ieu panalungtikan, mangrupa hiji-hijina majalah Sunda nu terus medal ti baheula nepi ka ayeuna. Ieu majalah tangtuna mawa kahadéan pikeun sakumna urang Sunda, lantaran salian ti jadi sumber panalungtikan, ieu majalah gé bisa dijadikeun sumber pikeun saha waé nu hayang diajar basa Sunda. Ku kituna, perlu dironjatkeun panalungtikan nu ngajadikeun majalah Manglé minangka sumber utamana, bisa panalungtikan ngeunaan kabasaanana, sastrana, budayana jeung sajarahna.
(4)
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 160
160
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Brown. G dan Yule, G. (1996). Analisis Wacana. Jakarta: PT Gramedia.
Chaer, Abdul. (2009). Pengantar Semantik Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta
Danadibrata, R.A. (2008). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Darma, Youce Aliah. (2009). Analisis Wacana Kritis. Bandung: CV. Yrama
Widya.
Djajasudarma, T. Fatimah. (2006). Wacana – Pemahaman dan Hubungan Antarunsur. Bandung: PT Refika Aditama.
Eriyanto. (2012). Analisis Wacana. Yogyakarta: PT LkiS Printing Cemerlang. Fraenkel, J.R. jeung Wallen, N.E. (2007). How to Design and Evaluate Research
in Education (Seventh Edition). San Francisco: Mc Graw Hill Higher Education.
Junus, Umar. (1989). Stikistika : Suatu Pengantar. Kuala Lumpur: Dewan Bahasa dan Pustaka.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Bahasa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Préss.
Kartomihardjo, Soeseno. (1996). Pemahaman Wacana antarbudaya. Jakarta: PELLBA 10. Lembaga Bahasa UNIKA Atma Jaya
Kéraf, Gorys. (1984). Tata Bahasa Indonesia – Untuk Sekolah Lanjutan Atas. Jakarta: Nusa Indah.
Kridalaksana, Harimurti. (2008). Kamus Linguistik. Jakarta: PT Gramedia. Kuswari, Usép, spk. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Lubis, A. Hamid Hasan. (1991). Analisis Wacana Pragmatik. Bandung: Angkasa. Moeloeng, L.J. (2002). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: PT Remaja
Rosdakarya.
Pedoman Penulisan Karya Ilmiah UPI. (2012). Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
(5)
161
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 161
Sobur, Alex. (2009). Analisis Teks Media. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya. Sudaryat, Yayat. (1991). Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat, Yayat. (2003). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Wahana Luang.
Sudaryat, Yayat. (2005). Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung. Karya Ipték.
Sudaryat, Yayat. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2009). Makna dalam Wacana. Bandung. Yrama Widya. Sudjiman, Panuti. (1993). Bunga Rampai Stilistika. Jakarta: Grafiti. Sugiono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta.
Sugondo, Dendy. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI). Departemen Pendidikan Nasional. Jakarta: Pusat Bahasa.
Syamduddin dan Damaianti, V.S. (2006). Metode Penelitan Pendidikan Bahasa. Bandung: Remaja Rosda Karya.
Tarigan, Henri Guntur. (1987). Pengajaran Wacana. Bandung: Angkasa. Widodo, Muril. (2012). Pengertian Rubrik.
[Online].
Tersedia:http.murilwidodo.blogspot.com [6 Desember 2013]
Yuwono, Untung. (2009). Pesona Bahasa: Langkah Awal Memahami Linguistik. Jakarta: PT Gramedia.
DAPTAR SUMBER DATA
Kartadibrata, Karno. (2012.a). “Kakuciwa ka Partéy Pulitik”. Manglé (1 – 7 Maret 2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.b). “Nu Kaliwat tur Kapopohokeun”. Manglé (17 – 23 Mei 2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.c). “Gebragan Buyung”. Manglé (24 – 30 Mei 2012). Kartadibrata, Karno. (2012.d). “Cai Walungan Canémbrang Hérang”. Manglé
(6)
162
Irpan Maulana, 2014
Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 162
Kartadibrata, Karno. (2012.e). “Héroy ku Kakawasaan”. Manglé (28 Juni – 4 Juli 2012).
Kartadibrata, Karno. (2012.f). “Aya Kénéh Harepan”. Manglé (19 – 25 Juli 2012). Kartadibrata, Karno. (2012.g). “Mundur tina Jabatan”. Manglé (23 – 29 Agustus