18
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Désain Panalungtikan
Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif anu ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode anu miboga tujuan pikeun
nyieun déskripsi; maksudna nyieun gambaran, lukisan sacara sistematis, factual jeung akurat ngeunaan data, sifat-sifat, sarta hubungan fénoména-fénoména anu
ditalungtik. Djajasudarma, 2010, kc. 9. Desain panalungtikan mangrupa bagan guluyuran
tahap panalungtikan
anu ngagambarkeun
léngkah-léngkah panalungtikan. Anapon lengkah-lengkah métode déskriptif, nyaéta :
Bagan 3.1 Désain Panalungtikan
Carpon Manglé Ngarumuskeun
masalah: 1. tipe déiksis
2. posisi déiksis 3. wanda déiksis
4. acuan déiksis Ulikan Pustaka
Ngumpulkeun data. Ngagunakeun Téhnik Téks
Léngkah-léngkah panalungtikan
Analisis Data. Ngagunakeun analisis unsur langsung
Déskripsi
Kacindekan
Nessa Fauzy Rahayu, 2015 DÉIKSIS ANAFORIS JEUNG DÉIKSIS KATAFORIS DINA CARPON MAJALAH MANGLÉ
Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.2 Data jeung Sumber Data Panalungtikan
Data dina ieu panalungtikan nyaéta sakumna kalimah anu ngandung déiksis ekdoforis. Sarta pikeun pangdeudeul ditilik ogé déiksis dumasar kana tipe, jeung
acuanna. Data wanda déiksis dicokot tina sumber data. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan, nyaéta sakabéh carpon anu aya dina majalah Manglé Edisi
bulan juli nepi ka bulan agustus. Aya 14 carpon anu kapanggih salila sabulan éta, nyaéta:
Manglé No. 2332
1 “Teteg” Karya Tatang Sutisna 2 “Peunggasna Wirahma Asih” Karya Hena Sumarni
Manglé No. 2333
3 “hiji mangs di alam jelemun” Karya Ihung 4 “Ratu Senam Diskrobik” Karya Ano Karsana
5 “Motor Urut” Karya Ena Rs
Manglé No. 2334
6 “Ucing Garong” Karya Jajang Kusnadi 7 “Bapa jeung Bapa” Karya Indah C
8 “Duh... Ema” Karya Agus B. Irawan
Manglé No. 2335
9 “Kacopétan” Karya Nunung Saadah 10 “Surat keur nu di Saudi” Karya Nida Kania Dewi
11 “Istri Soléhah” Karya Sudarman
Manglé No. 2336
12 “Iraha Emaa Balik” Karya Holisoh ME 13 “Si Deblo” Karya Cecep Hermawan
14 “ Umur Tunggang Gunung” Karya Mariam Sutandyo
3.3 Ngumpulkeun Data 3.3.1 Instrumén Panalungtikan