Fungsi Sumber Diajar Sababaraha Jenis Sumber Diajar Kriteria Milih Sumber Diajar

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 13

b. Fungsi Sumber Diajar

Sumber diajar miboga fungsi saperti ieu di handap. a. Ningkatkeun produktivitas pangajaran ku cara: a ngagancangan prosés diajar jeung ngabantu guru pikeun ngagunakeun waktu leuwih hadé jeung b ngurangan beban guru dina nepikeun informasi, sangkan leuwih réa ngipuk jeung mekarkeun kamampuh siswa. b. Méré sababaraha alternatif pangajaran nu sifatna leuwih pribadi, ku cara: a ngurangan kontrol guru nu maneuh jeung tradisional; jeung b méré kesempétan keur siswa pikeun mekarkeun diri saluyu jeung kamampuhna. c. Méré tatapakan nu leuwih ilmiah kana pangajaran ku cara: a ngararancang program pangajaran nu leuwih sistematis; jeung b mekarkeun bahan pangajaran nu didadasaran ku panalungtikan. d. Leuwih nguatan pangajaran ku cara ningkatkeun kamampuh nepikeun informasi jeung bahan kalawan leuwih kongkrit. e. Ngondisikeun diajar dina waktuna, nyaéta: a ngurangan nu ngabédakeun antara pangajaran nu sifatna vérbal jeung abstrak kalawan réalitas jeung sifatna kongkrit; b méré pangawéruh nu sipatna langsung. f. Ngondisikeun pikeun nepikeun pangajaran nu leuwih lega, ku jalan méré informasi nu mampuh ngaliwatan wates geografis.

c. Sababaraha Jenis Sumber Diajar

Dina gurat badagna aya dua jenis sumber diajar nyaéta: a. sumber diajar nu didesain learning resources by design, nyaéta sumber diajar nu kalawan husus dirarancang atawa dimekarkeun salaku komponén sistem instruksional pikeun nyadiakeun fasilitas diajar nu miboga arah jeung sifatna formal; jeung b. sumber diajar nu dimangpaatkeun learning resources by utilization, nyaéta sumber diajar anu henteu didesain husus pikeun kaperluan pangajaran jeung ayana ogé gampang kapanggih, diterapkeun jeung dimangpaatkeun pikeun kaperluan pangajaran PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 14

d. Kriteria Milih Sumber Diajar

Dina milih sumber diajar kudu diperhatikeun kriteria saperti:: 1 ekonomis: teu kudu matok kena harga nu mahal; 2 praktis: henteu merlukeun ngokolakeunana nu rumit, hese jeung arang langka; 3 gampil: dekeut jeung nyampak di sabudeureun lingkungan; 4 fleksibel: bisa dimangpaatkeun pikeun sababaraha tujuan instruksional jeung; 5 saluyu jeung tujuan: ngarojong prosés jeung kahontalna tujuan diajar, bisa ngahudangkeun motivasi jeung minat diajar siswa.

e. Ngamangpaatkeun Lingkungan pikeun Sumber Diajar