Fred Percival jeung Henry Ellington 1988 ngajelaskeun yén sumber diajar AECT Association For Education Communication and Technology

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 a. Cece Wijaya jeung A Thabrani Rusyah 1994, nétélakeun yén sumber diajar téh lingkungan nu bisa dimangpaatkeun ku sakola pikeun sumber pangawéruh, bisa jalma atawa nu sejénna. b. Ahmad Rohani jeung Abu Ahmadi 1991 ngajelaskeun yén sumber diajar nyaéta sagala daya nu bisa digunakeun pikeun kepentingan prosés atawa aktifitas pangajaran boh sacara langsung boh henteu langsung salian ti siswa lingkungan waktu lumangsungna pangajaran. c. Nana Sudjana jeung Ahmad Rivai 1989 nyebutkeun yén sumber diajar nyaéta daya nu bisa dimangpaatkeun pikeun kepentingan prosés pangajaran boh sacara langsung boh henteu langsung sabagean atawa sagemblengna.

d. Fred Percival jeung Henry Ellington 1988 ngajelaskeun yén sumber diajar

Learning Resources nyaéta sasat bahan atawa situasi diajar nu ngahaja dijieun sangkan siswa sacara pribadi bisa diajar. e. Fatah Syukur NC 2005 ngajéntrékeun yén sumber diajar nyaéta sagala hal daya, lingkungan jeung pangalaman nu bisa digunakeun sarta bisa ngarojong prosés pangajaran kalawan leuwih éféktif tur éfésién sarta bisa ngagampangkeun kehontalna pangajaran boh langsung boh teu langsung nu konkrit atawa abstrak.

f. AECT Association For Education Communication and Technology

nyebutkeun yén sumber diajar nyaéta sakabéh sumber nu ngawéngku jalma jeung barang nu mungkin digunakeun pikeun diajar boh nyorangan boh kelompok, biasana dina situasi informal sangkan ngagampangkeun diajar Yusuf Hadi Miarso, 1986. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 12 Pedaran ngeunaan harti sumber diajar di luhur, nétélakeun rupa-rupa pamadegan para ahli atikan. Ayana béda pamadengan dibalukarkeun wawasan jeung orientasi para ahli nu béda, tapi nu paling penting yéng para ahli geus ngajelaskeun harti sumber diajar. Tina sababaraha pamadengan di luhur, bisa dicokot kecindekken yén sumber diajar téh nyaéta sagala sumber boh daya lingkungan boh pangalaman nu digunakeun, sarta nu jadi pangdeudeul dina prosés pangajaran sangkan leuwih éféktif jeung éfésién saluyu jeung tujuan nu hayang dihontal. Umumna sumber diajar bisa diketegoriken jadi 6 enam jenis, nyaéta: a. Pesen: informasi nu rék ditepikeun ku komponén sején, bisa mangrupa ide, fakta, makna jeung data. b. Jalma: jalma nu nyimpen jeung nepikeun pesen di antarana guru, instruktur, siswa, ahli, narasumber, tokoh masaraket, pamingpin lembaga, tokoh, jeung sajabana. c. Bahan: barang-barang nu eusina pesen pikeun ditepikeun ku cara ngagunakeun pakakas, kadang-kadang éta bahan téh geus mangrupa wangun nu siap, contona buku, transparansi, film, slides, gambar, grafik nu dijieun keur pangajaran, réliéf, candi, arca, komik, jeung sajabana. d. Alatpakakas: barang-barang nu digunakeun pikeun nepikeun pesen nu nyampak dina bahan, upamana: komputer, radio, televisi, VCDDVD, kemera, papan tulis, generator, mesin, mobil, motor, alat listrik, obéng, jeung sajabana e. Pamarekanmétodetéhnik: prosedur atawa léngkah-léngkah nu tangtu dina ngagunakeun bahan, alat, posisi tempat, jeung jalma nu nepikeun pesen, upamana diskusi, seminar, ngaréngsékeun masalah, simulasi, kaulinan, saraséhan, paguneman basajan, diskusi, debat, jeung sajabana. f. Lingkunganlatar: lingkungan tempat pesen ditarima ku siswa, upamana: rohangan kelas, studio, perpustakaan, aula, kebon, pasar, toko, museum, kantor jeung sajabana. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 13

b. Fungsi Sumber Diajar