Frasa Miwanoh Frasa Tipe Frasa

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 1. Frasa 1. Miwanoh Frasa Frasa nyaéta wangun katatabasaan anu jadi pangdeudeul kalimah, henteu prédikatif, diwangun ku sakurang-kurangna dua kecap turta nyicingeun salahsahiji fungsi Jjejer, Ccaritaan, OObjék, Panglengkep atawa Katerangan dina klausa. Henteu prédikatif hartina henteu mibanda jejer jeung caritaan. Contona: Lanceuk kuring rék indit ka Surabaya Minggu hareup. J C Kat Kat Wangun lanceuk kuring, rék indit, ka Surabaya, jeung Minggu hareup mangrupa frasa lantaran masing-masing diwangun ku dua kecap tur nyicingan hiji fungsi dina klausa.

2. Tipe Frasa

Disawang tina tipena atawa sasaruan distribusi jeung unsur-unsur pangwangunna, frasa aya dua rupa: 1 frasa éndosentris, 2 frasa eksosentris. 1 Frasa Éndosentris Frasa éndosentrisnyaéta frasa anu mibanda unsur puseur UP sarta dina distribusina mibanda fungsi nu sarua jeung salahsahiji atawa sakabeh unsurna. Nilik kana adegan unsurna, frasa éndosentris ngawéngku: 1 Frasa Atributif Modifikatifnyaéta frasa anu puseurna ngan hiji, atawa dina distribusina ngan mibanda fungsi nu sarua jeung salahsahiji unsurna. Unsur nu sarua jeung distribusi frasana disebut Unsur Puseur UP, ari unsurséjénna disebut Unsur Panambah Atribut. Sasaruaan distribusina bisa dititenan di handap ieu. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 - Bapa mah nuju ka Surabaya Bapa -- nuju ka Surabaya Frasa bapa mah dina kalimah “Bapa mah nuju ka Surabaya” sarua distribusina jeung unsurbapa. 2 Frasa Apositif yaéta frasa anu sarua puseurna tur bisa siligenti, sarta unsur nu kadua sakaligus nerangkeun unsur nu kahiji. Contona: - Aisya, adi kuring, keur ka sakola Aisya - keur ka sakola - Adi kuring, keur ka sakola Frasa Aisya, adi kuring sarua unsurna tur bisa siligenti, sarta unsur adikuringsakaligusnerangkeununsur Aisya. 3 Frasa Koordinatif nyaéta frasa anu satata unsurna sarta biasana sok diseselan kecap panyambung jeung, atawa, jst. Contona: - Bibi atawa Emang nu angkat ka lembur téh? - Sapi. munding, jeung embe kaasup ingon-ingon. - boh nini boh aki sarua teu panujueunana. 2 Frasa Eksosentris Frasa eksosentris nyaéta frasa anu teu mibanda unsur puseur, ku kituna, dina, distribusina henteu mibanda fungsi nu sarua jeung sakabeh unsurna. Nilik kana adegan unsurna, frasa eksosentris ngawéngku: 1 Frasa Diréktifnyaéta frasa anu diwangun ku pananda atawa director dituturkeun ku tinanda sumbu, aksis. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66 Pananda téh umumna mangrupa kecap pangantét, ari aksisna mangrupa kecap atawa frasa barang. Contona: a di imah mah urang bisa istirahat. b kalayan asmana pun lanceuk sim kuring ngahaturkeun nuhun. c keur kuringbaé buku anu kamari téh? 2 Frasa Relatif nyaéta frasa anu diwangun ku kecap gaganti panyambung anu minangka relater dituturkeun ku kecap atawa frasa lian salaku aksisna. Ieu frasa téh ari tipena eksosentris, tapi kategorina frasa barang. Contona: a Nu Manéhna mana kitu? b Nu digarawe téh urang Ciamis. c Nu jarangkung mah urang Ustrali.

3. Warna Kategori Frasa