Mangpaat Média Pangajaran

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 20 Ku kituna, anu dimaksud média Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda nyaéta sagala hal nu bisa nepikeun pesen, bisa méré rangsangan fikiran, perasaan, jeung kahayang siswa, kaasup ngagunakeun internét nu bisa ngamotivasi lumangsungna prosés diajar siswa kana Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda. Internét minangka média Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, kaasup salahsahiji faktor sarana nu ngarojong kana kalancaran prosés pangajaran atawa sarana nu bisa mangaruhan sistem Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di sakola.

b. Mangpaat Média Pangajaran

Mangpaatmédia pangajaran sacara umum, nyaéta ngalancarkeun interaksi antara guru jeung siswa sangkan kagiatan pangajaran leuwih éféktif jeung efésién. Sedengkeun sacara hususna mangpaat média pangajaran téh nyaéta: a Nepikeun materi pangajaran bisa sarua Maké bantuan média pangajaran, nyegah bédana nafsirkeun materi antara guru, ogé bisa ngurangan teu saimbangna informasi diantara siswa dimana baé ayana. b Prosés pangajaran leuwih jelas tur pikaresepeun Média bisa nampilkeun informasi ngaliwatan sora, gambar, gerakan, jeung warna, boh sacara alami boh dimanipulasi, sangkan bisa ngabantu guru nyiptakeun suasana diajar nu leuwih aktif, henteu angger monoton, jeung henteu pikaboseneun c Prosés pangajaran leuwih interaktif Ngaliwatan média pangajaran bakal lumangsung komunikasi dua arah sacara aktif, sedengkeun tanpa média guru biasana ngan nyarita saarah. d Efesiensi waktu jeung tanaga Ngaliwatan média tujuan diajar bakal leuwih gampang dihontal sacara maksimal, kalawan ngagunakeun waktu jeung tanaga PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 21 saminimal mungkin. Guru henteu kudu sababaraha kali ngajelaskeun materi pangajaran, cukup sakali nepikeun dibarengan ku makémédia pangajaran, siswa bakal leuwih gampang paham kana materi pangajaran. e Ningkatkeun kualitas hasil diajar siswa Média pangajaran bisa ngabantuan siswa nyangking materi diajar leuwih jero tur gembleng. Lamun ngan sakadar ngabandungan informasi verbal ti guru, siwa biasana teu pati paham kana materi pangajaran, tapi saupama dilengkepan ku kagiatan nempo, ngarampa, ngarasakeun, jeung ngalaman sorangan ngaliwatan média, siswa bakal leuwih paham kalawan hadé kana materi pangajaran. f Média ngamungkinkeun prosés diajar bisa dilaksanakeun dimana baé jeung iraha baé. Média pangajaran bisa ngarangsang siswa ngalaksanakeun kagiatan diajar kalawan laluasa dimana baé jeung iraha baé, henteu gumantung ka guru. Kudu sadar yén waktu diajar siswa di sakola kawatesanan, sedengkeun waktu nu laluasa justru di luar lingkungan sakola. g Média bisa numuwuhkeun sikep positif siswa kana materi jeung prosés diajar. Prosés diajar bakal leuwih pikaresepeun sarta bakal ngamotivasi siswa mikacinta kana pangawéruh sarta resep Néangan sorangan sumber-sumber elmu pangawéruh. h Ngarobah peran guru sangkan leuwih positif jeung produktif. Guru bisa ngabagi peran jeung média sangkan leuwih réa waktu pikeun méré perhatian kana aspek-aspek edukatif séjénna, saperti ngabantu siswa nu hese diajar, ngawangun kapribadian, ngamotivasi diajar, jsté. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22

c. Milih Média Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda