LatihanKasusPancén Tingkesan Modul F PKB Bahasa Sunda untuk SMP Edisi Revisi 2017 BS SMP MODUL F 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 57

D. Kagiatan Pangajaran

Paripolah atawa kagiatan pangajaran nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Niténan tujuan jeung indikator kalawan daria tur taliti. 2. Maca, nengétan, jeung ngulik pedaran bahan ngeunaan TIK dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP kalawan daria, taliti, tur percaya diri. 3. Babarengan jeung babaturan ngalaksanakeun diskusi kelompok pikeun migawé LatihanKasusPancén, kalawan silihargaan upama aya pamanggih anu béda. 4. Maca tingkesan matéri kalawan daria, taliti, tur percaya diri. 5. Néangan tur maca sacara mandiri réferénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan LatihanKasusPancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator upama aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 2.

E. LatihanKasusPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Jelaskeun dasar hukum ngagunakeun téknologi informatika jeung komunikasi dina pangajaran 2. Jelaskeun sacara singget wangenan internét 3. Jentrékeun sajarah singet internét di Indonesia 4. Jelaskeun sacara singget aplikasi email dina pangajaran 5. Jelaskeun mangpaat internét pikeun guru

F. Tingkesan

Ngamangpaatkeun internét pikeun média pangajaran mangrupa hal nu penting. Pentingna internét dina pangajaran, lantaran bisa ngamangpaatkeun aplikasi internét nu bisa ngagampilkeun prosés pangajaran. Sajabaa ti éta internét pikeun pangajaran bisa ngabantu ngawangun prosés pangajaran nu leuwih pikaresepeun. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 58 Internét pikeun média pangajaran miboga mangpaat nu hadé keur guru jeung siswa. Mangpaat internét keur siswa, diantarana: 1 Ngagampilkeun komunikasi jeung sakumna jalma pikeun silih tukeur gagasan sarta diskusi dina hiji website; 2 Jadi sarana nu bisa méré jawaban tina sakabeh pertanyaan para siswa nu can kapanggih jawabanana; 3 Ngabogaan babaturan ti nagara-nagara séjén nu bisa ngabantuan dina kahirupan sosial sarta bisa jadi tempat pikeun silih tukeuran pangalaman dina cara diajar jeung kahirupan séjénna; 4 Nambah wawasan nu patali jeung rupa-rupa pangawéruh di sakuliah dunya Internét lain ngan sakadar méré mangpaat keur siswa tapi ogé keur para guru. Mangpaat internét keur para guru, diantarana: 1 Jadi sumber pikeun ngajembaran Materi pangajaran; 2 Silih tukeur informasi jeung papada guru séjén di sakuliah dunya anu boga pangalaman leuwih; 3 Nambah wawasan pangajaran saluyu jeung kamekaran jaman; 4 Nuturkeun téknologi katut sagala kamekaran jaman nu lumangsung; 5 Jadi tempat pangajaran sangkan bisa ngajawab sakabeh pertanyaan nu ditanyakeun ku siswana.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku