Kasang Tukang Modul F PKB Bahasa Sunda untuk SMP Edisi Revisi 2017 BS SMP MODUL F 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Program Pengembangan Keprofésian Berkelanjutan PKB mangrupa salah sahiji stratégi dina ngabina guru jeung tenaga kependidikan sangkan guru jeung tenaga kependidikan mampuhh miara, ningkatkeun, jeung mekarkeun kompeténsina luyu jeung standar nu geus ditangtukeun. Ieu program wajib dilaksanakeun luyu jeung kabutuhan sarta kudu dilaksanakeun sacara terus-terusan. Téhnis mekarkeun PKB bisa dilaksanakeun, boh sacara mandiri boh sacara kelompok. Pikeun pengembangan profési sacara mandiri, diperlukeun ayana modul. Ku kituna, penyelenggara diklat PKB nyusun modul anu dirancang pikeun dideres sacara mandiri tur disusun dumasar kana tingkatan hasil Uji Kamampuh Guru UKG. Ari pengembangan diri sacara kelompok bisa dilaksanakeun ku cara kagiatan Kelompok Kerja Guru KKG atawa Musyawarah Guru Mata Pelajaran MGMP. Modul Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa jeung Sastra Sunda SMP Kelompok Kompetensi F mangrupa salah sahiji modul anu diancokeun pikeun guru basa jeung sastra Sunda anu hasil UKG-na 51-60. Eusina ngawéngku opat kagiatan diajar: 1 milih sumber jeung média Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda; 2 ngamangpaatkeun TIK dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda; 3 frasa jeung kalimah basa jeung sastra Sunda; jeung 4 wangun jeung struktur carita pantun. Modul Program Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa jeung Sastra Sunda SMP Kelompok Kompetensi F ogé diwewegan ku Penguatan Pendidikan Karakter PPK. PPK nyaéta hiji gerakan di sakola pikeun nguatan karakter siswa ngaliwatan harmonisasi étik, éstétik, literasi, jeung kinéstétik, kalawan diwewegan ku pangrojong ti rupa-rupa pihak anu ngawangun rampak gawé antara sakola, kulawarga, jeung masarakat. PPK ogé mangrupa bagian tina Gerakan Nasional Revolusi Mental GNRM. Tina sajumlahing ajén-inajén karakter bangsa Indonésia, aya lima karakter poko anu diintegrasikeun dina modul kagiatan Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru. Éta lima karakter téh ngawéngku réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 Lima ajén poko karakter téh integratif dina kagiatan-kagiatan pangajaran. Dipiharep, sabada maca, nengétan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul kompeténsi guru dina ngalaksanakeun tugasna téh undak. Salian ti éta, guru ogé dipiharep mampuh ngaimpléméntasikeun lima ajén poko karakter pikeun dirina jeung népakeun ka pihak-pihak lianna, boh di sakola, kulawarga, boh di lingkungan masarakat nu leuwih lega.

B. Tujuan