Instrumen Panalungtikan Ngumpulkeun Data

Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu No. Patalékan 1. Kumaha sajarah ngadegna Kabuyutan Ciburuy? 2. Ti iraha ngadegna Kabuyutan Ciburuy? 3. Kumaha sajarah upacara Séba Ciburuy? 4. Iraha lumangsungna upacara Séba Ciburuy? 5. Dimana tempat upacara Séba Ciburuy? 6. Saha waé nu datang dina upacara Séba Ciburuy? 7. Saha nu mingpin upacara Séba Ciburuy? 8. Naon waé kalengkepan upacara anu kudu aya dina upacara Séba Ciburuy? 9. Kumaha prak-prakan upacara Séba Ciburuy? 10. Kumaha balukarna saupama upacara Séba kaliwat atawa teu dilaksanakeun? 11. Naon mangfaat tina dilaksanakeunna upacara Séba Ciburuy? 12. Ajén falsafah naon waé anu aya dina upacara Séba Ciburuy? 2 Perekam sora Hapé recorder nya éta alat nu dipaké keur ngarekam sora narasumber nu di wawancara sangkan kacangkem sagemblengna. 3 Perekam video handycam nya éta alat pikeun mideo kumaha prak-prakan upacara jeung mideo anu di wawancara. 4 Kamera digital alat pikeun nyokot gambar. Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data

Tahap mimiti nalika ngalaksanakeun panalungtikan nya éta ngumpulkeun data. Panalungtik ngalakukeun survey ngeunaan objék panalungtikan. Téhnik ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi lapangan observasi, téhnik wawancara, jeung studi dokumentasi. Observasi nya éta ngalakukeun panalungtikan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu faktual kalayan maké media anu bisa ngarojong kana kalaksanana observasi, di antarana kaméra, handphone, jeung handycam. Wawancara nya éta kagiatan nanya ka narasumber atawa informan pikeun meunangkeun data atawa ménta kajelasan tina naon anu kapanggih dina observasi. Studi dokuméntasi atawa studi pustaka nya éta ngumpulkeun data ngaliwatan réferénsi sababaraha buku anu ngarojong jeung patali jeung anu ditalungtik.

3.4 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data dina ieu panalungtikan di antarana: b. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasidata hasil kajian pustaka; c. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasi data hasil obsérvasi ka lapangan; d. ngadéskripsikeun jeung nganalisis data; e. ngalarapkeun upacara Séba Ciburuy kana bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII; f. nyieun kacindekan. Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Upacara Séba Ciburuy mangrupa salasahiji tradisi anu rutin dilaksanakeun ku masarakat Kampung Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut dina unggal minggu katilu jeung kaopat bulan Muharam. Upacara Séba Cibury mangrupa bukti rasa hormat ka Raja Pajajaran nya éta Prabu Siliwangi katut putrana nya éta Prabu Kian Santang anu parantos ngagem jeung nyebarkeun agama Islam, dina kamekaranna upacara Séba Ciburuy dijadikeun ajang pikeun silaturahmi antara masarakat Ciburuy jeung masarakat sabudeureunnana katut masarakat anu ngahajakeun datang timana méndi pikeun ilubiung dina upacara Séba Ciburuy kalayan tetep masih nyekel pageuh tradisi anu diwariskeun ku para karuhun jeung sesepuh Kampung Ciburuy. Salian ti kitu, upacara Séba Ciburuy ogé minangka acara dina raraga mapag taun baru Islam. Dina upacara Séba Ciburuy aya nu disebut pra upacara, prakna upacara jeung pasca upacara. Nalika pra upacara nya éta nataharkeun sagala perkara anu bakal ngarojong kana lumangsungna acara puncak upacara di antarana ngawengku pasang kikis ti mimiti nyieun pager, bongkar jeung pasang pager nepi ka nataharkeun sasajén katut kadaharan anu seja disébakeun dina ieu upacara. Ibu- ibu masak di dapur, bapa-bapa nyieun janur,sawén, cakra jeung sajabana. Nincak waktu lohor acara meresihan keris di bumi adat Patamon. Nalika ba’da isya sakitar jam salapanan dimimitian acara puncak upacara Séba Ciburuy nya éta meresihan naskah-naskah anu aya di kabuyutan bumi adat Padaleman sinareng ma njatkeun du’a katut pamaksudan séwang-séwangan datang ka éta tempat. Saba’da réngsé acara peuting, isukna ngalakukeun opsih nya éta operasi bersih di lokasi atawa anu disebut bubaran. Sanggeus kitu mulang deui ka bumi adat Patamon. Sasajén anu geus dibaktikeun, anu mangrupa kadaharan tuluy disik-sik di bagikeun ka tamu anu masih araya kénéh di éta patempatan. Tuluy acara “pembagian adat sunda” nya éta ngabagikeun kadaharan sarupaning wajit, ladu,

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

0 32 32

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN GÉSRÉK DI DÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1201939 Title

0 0 4