Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten
Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Upacara Séba Ciburuy mangrupa salasahiji tradisi anu rutin dilaksanakeun ku masarakat Kampung Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong
Kabupatén Garut dina unggal minggu katilu jeung kaopat bulan Muharam. Upacara Séba Cibury mangrupa bukti rasa hormat ka Raja Pajajaran nya éta Prabu
Siliwangi katut putrana nya éta Prabu Kian Santang anu parantos ngagem jeung nyebarkeun agama Islam, dina kamekaranna upacara Séba Ciburuy dijadikeun
ajang pikeun silaturahmi antara masarakat Ciburuy jeung masarakat sabudeureunnana katut masarakat anu ngahajakeun datang timana méndi pikeun
ilubiung dina upacara Séba Ciburuy kalayan tetep masih nyekel pageuh tradisi anu diwariskeun ku para karuhun jeung sesepuh Kampung Ciburuy. Salian ti kitu,
upacara Séba Ciburuy ogé minangka acara dina raraga mapag taun baru Islam. Dina upacara Séba Ciburuy aya nu disebut pra upacara, prakna upacara
jeung pasca upacara. Nalika pra upacara nya éta nataharkeun sagala perkara anu bakal ngarojong kana lumangsungna acara puncak upacara di antarana ngawengku
pasang kikis ti mimiti nyieun pager, bongkar jeung pasang pager nepi ka nataharkeun sasajén katut kadaharan anu seja disébakeun dina ieu upacara. Ibu-
ibu masak di dapur, bapa-bapa nyieun janur,sawén, cakra jeung sajabana. Nincak waktu lohor acara meresihan keris di bumi adat Patamon.
Nalika ba’da isya sakitar jam salapanan dimimitian acara puncak upacara Séba Ciburuy nya éta
meresihan naskah-naskah anu aya di kabuyutan bumi adat Padaleman sinareng ma
njatkeun du’a katut pamaksudan séwang-séwangan datang ka éta tempat. Saba’da réngsé acara peuting, isukna ngalakukeun opsih nya éta operasi bersih di
lokasi atawa anu disebut bubaran. Sanggeus kitu mulang deui ka bumi adat Patamon. Sasajén anu geus dibaktikeun, anu mangrupa kadaharan tuluy disik-sik
di bagikeun ka tamu anu masih araya kénéh di éta patempatan. Tuluy acara
“pembagian adat sunda” nya éta ngabagikeun kadaharan sarupaning wajit, ladu,
Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten
Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
jeung ulen. Peutingna nalika ba’da isya, aya riungan haturan tuang ka sakábéh
warga anu kamari ilubing dina upacara, dituluykeun ku musafahah, silih hapuntenan atawa sungkeman, terus ngadu’a anu dipingpin ku Ustadz nu hadir
dina éta riungan.
Dina upacara Séba Ciburuy aya ajén inajén falsafah anu dijadikeun piwuruk pikeun kahirupan manusa. Sakumaha dumasar kana ajén falsafah numutkeun
objékna di antarana: Ajén Metafisika Patalina jeung hubungan goib. Hakékat anu nyiptakeun manusa nya éta Allah Swt. Dina ieu upacara ébréh pisan kumaha
warga Kabuyutan Ciburuy umumna masarakat sabudeureun Ciburuy miboga kayakinan ka nu Maha nyiptakeun manusa ngaliwatan ku ngirim du’a ménta
pangraksa tina sagala cocoba dunya sangkan hirup aya dina kabagjaan. Ajén epistemologi atawa ajén élmu pangaweruh katitén dina unggal runtuyan upacara
sarta panglengkep atawa sasajén anu dipaké dina ieu upacara. Ngaliwatan éta perkara karuhun baheula geus bisa méré sawangan dina nyanghareupan kahirupan
pikeun ngigelan jaman. Para sesepuh méré piwuruk ngaliwatan panglengkep jeung barang sasajén katut dina prak-prakaan upacara Séba saupama disurahan
nyangkaruk ajén inajén anu kacida euyeubna. Ajén etika anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy nya éta katitén nalika masarakat ngagunakeun etika dina
bermasarakat anu kudu silih tulungan, silih ajénan saperti gotong royong nyieun pager, masak jeung gawé bareng pikeun nataharkeun sagala rupa perkara anu
diperlukeun dina upacara Séba Ciburuy. ieu mangrupa bukti yén masarakat Ciburuy hirup sauyunan, teu individual. Aya rasa peduli, simpati, béréhan katut
miboga etika ka papada jalma hususna tatangga dina pada hirup babarengan di masarakat. Ajén estetika mangrupa studi falsafah anu ngaguar ngeunaan
kaéndahan. Leumpang ngajajar saurang-saurang nalika rék asup ka Padaleman, kuncén salaku sesepuh di éta Kabuyutan aya di jajaran panghareupna anu mingpin
barisan. Didinya aya unsur seni atawa kaéndahan anu mangrupa ciri yén dina ngalakonan hirup téh kudu tartib, ngaheulakeun anu mémang kudu diheulakeun
jeung mandeurikeun anu mémang kuduna pandeuri. Tong nepi ka pacorokokod hayang panghareupna padahal lain bagéanana.