Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten
Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
2 ajén falsafah nu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan
Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut;
3 kasaluyuan dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di
SMA kelas XII ngeunaan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan
Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun balaréa, hususna pikeun ngalengkepan data jeung référénsi ngeunaan budaya Sunda, sarta jadi
bukti yén nepi ka kiwari masih aya kénéh nu ngamumulé budaya Sunda. Lian ti éta, ieu panalungtikan bisa jadi conto pikeun panalungtik ka hareupna nu hayang
nalungtik ngeunaan budaya Sunda, hususna nu nalungtik ngeunaan ajén falsafahna.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana:
1 pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh kana tradisi
lokalnu aya di masarakat Sunda, salasahijina upacara Séba Ciburuy; 2
pikeun masarakat Pamalayan, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kareueus kana budaya anu dipimilikna, nya éta upacara Séba Ciburuy;
3 pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran
basa Sunda di kelas XII SMA nu mangrupa salasahiji pangajaran ngeunaan budaya;
4 pikeun siswa, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di
masarakat Sunda. Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya sunda.
1.5 Raraga Tulisan
Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten
Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1 BAB I
: Bubuka medar perkara kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung
raraga tulisan. 2
BAB II : Ulikan pustaka medar ngeunaan falsafah, budaya, upacara adat
jeung bahan pangajaran maca. 3
BAB III : Désain panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, ngumpulkeun data, panalungtikan saméméhna, jeung raraga
téori. 4
BAB IV : Hasil Panalungtikan jeung pedaran. 5
BAB V : Kacindekan jeung rékoméndasi.
100
Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten
Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina ngalaksanakeun panalungtikan, kudu maké métode anu luyu jeung judul sarta rumusan masalahna, sangkan kahontal tujuan panalungtikan anu
sagemblengna. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.
Métode déskriptif mangrupa hiji métode panalungtikan anu miboga tujuan pikeun méré gambaran ngeunaan realitas hiji hal sacara objéktif, nya éta
ngeunaan objek nu ditalungtik. Ieu métode mangrupa istilah anu umumna ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif, di antarana ngajéntrékeun, nganalisis,
jeung ngelompokkeun kalawan téhnik survey, wawancara jeung observasi Arikunto, 2013, kc. 6.
Dina ieu panalungtikan, anu didéskripsikeun nya éta ajén falsafah dina Upacara Séba Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten
Garut.
3.1 Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan nya éta gambaran prak-prakan dina ieu panalungtikan nu katitén sakumaha nu digambarkeun dina ieu bagan di
handap.
Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten
Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Gambar 3.1 Désain Panalungtikan
3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan
3.2.1 Partisipan
Tatahar jeung Ngarumuskeun Masalah
Ngumpulkeun Data
Observasi ka Lapangan
Wawancara ka Narasumber
Ngolah jeung Nganalisis Data
Nyieun Kacindekan tina hasil Ngolah jeung Nganalisis Data
Nulis Laporan