Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu jeung cara hirup sato atawa mahluk goib. Ritual atawa upacara, ilaharna lumangsung kalayan tuluy-tumuluy boh saban poé, saban minggu, atawa saban bulan http:forester-untad.makalah-tentang-budaya-ritual-upacara.html. Salah sahiji wangun upacara nu aya dina kabudayaan Sunda, nya éta Upacara Séba Ciburuy anu aya di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupatén Garut. Sakumaha upacara adat séjénna, upacara Séba Ciburuy miboga maksud jeung tujuan anu tangtu, salah sahijina nya éta pikeun ngaluarkeun jeung ngaberesihkeun barang-barang pusaka anu aya di Kabuyutan Ciburuy. Nalika bulan Muharam, masarakat Ciburuy anu mukim di suku Gunung Cikuray, sok rutin ngalaksanakeun ieu upacara adat. Ieu perkara, minangka hiji acara dina raraga ngahormat ka karuhun masarakat Ciburuy, sarta jadi upaya pikeun ngamumulé budayana. Nurutkeun Danadibrata 2006, kc. 617, kecap séba hartina ngadeuheus ka raja. Anapon nu dimaksud Upacara Séba di Kabuyutan Ciburuy, mangrupa hiji tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat pikeun ngadeuheus ka karuhun, nyérénkeun sagala rupa hal anu geus dilakonan salila sataun, kalayan ngariksa tempat jeung barang-barang pusaka anu aya di éta situs Ciburuy. Upacara Séba minangka pangajén ka karuhun nu boga kalungguhan luhung dibarengan ku nyérénkeun perkara nu hadé. Anapon sérénan éta ditujukeun ka arwah-arwah karuhun, hususna ka arwah Prabu Siliwangi jeung Kian Santang alatan dua inohong éta miboga élmu jeung kasaktian anu luhung sarta geus ninggalkeun barang-barang pusaka anu miboga kakuatan goib di Kabuyutan Ciburuy. Salian ti éta, Upacara Séba ogé mangrupa upacara ngaberesihkeun barang- barang pusaka minangka tanda hormat ka karuhunna. Dina upacara ieu, sok disuguhkeun rupa-rupa sasajén kadaharan anu bahanna tina ketan, sarta dihaja dikumpulkeun ti swadaya masarakat kalayan gotong royong www.http:lulu- naziah-Ritual-Seba-Ciburuy.htm. Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dina upacara saperti kieu, tinangtu miboga ajén inajen séwang-séwangan, boh ajén kapercayaan, boh ajén falsafahna. Loba définisi ngeunan harti jeung ma’na falsafah filsafat. Nilik kana ma’nana falsafah miboga harti kamampuh pikeun intropeksi-refleksi sarta kagiatan hiji jalma dina nga-kontémplasi dirina. Pamikiranna museur kana hiji perkara anu abstrak disatukangeun anu katingali wujudna Suryalaga, 2010, kc.5. Kasang tukang panalungtik milih ieu panalungtikan alatan hayang nyukcruk ajén inajén anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy, utamana ajén falsafahna. Ajén Falsafah anu kapaluruh téh udagannana pikeun jadi gambaran di masarakat kiwari yén upacara Séba Ciburuy lain ngan saukur simbol budaya wungkul tapi ogé ku ngaliwatan ajén falsafah ieu bisa dijadikeun piwuruk dina ngajalankeun kahirupan sapopoé. Panalungtikan anu maluruh budaya hiji daérah, mémang geus réa ditalungtik ku mahasiswa, utamana anu patali jeung ajén falsafah sarta nu kairut ku budayana. Di handap ieu, aya sawatara judul-judul skripsi ngeunaan budaya anu geus ditalungtik ku mahasiswai S1 Departemen Pendidikan Bahasa Daerah: 1 Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VII Ngagunakeun Métode Démonstrasi, ku Temmy Widyastuti taun 2008. 2 Ajén Falsafah anu Aya dina Simbol-simbol Prosés Hatam Al Qur’an dina Upacara Kawinan Désa Citanglar Kecamatan Suradé Kabupatén Sukabumi, ku Risna Setiani taun 2008. 3 Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung Urug Tonggoh Désa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupatén Bogor, ku Trias Handoko taun 2009. 4 Fungsi Ajén Falsafah dina Upacara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung Banceuy Kecamatan Ciater Kabupatén Subang, ku Virda Sufia Haetami taun 2011. Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5 Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA, ku Euis Siti Fathimah taun 2013. Panalungtikan ngeunaan ajén falsafah dina Upacara Séba Ciburuy, dipiharep bisa méré mangpaat pikeun bahan dina ngajembaran budaya. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep para nonoman bisa leuwih wanoh, mikanyaah, mikareueus jeung miboga tarékah pikeun ngamumulé, ngariksa, tur ngamekarkeun deui tradisi titinggal karuhunna. Salasahji cara ngawanohkeun tradisi karuhun ka para nonoman, di antarana bisa ngaliwatan pendidikan formal di sakola. Luyu jeung Kompetensi Inti Kompetensi Dasar dina KIKD dan Silabus 2013, kc. 47 ngeunaan maca artikel budaya, kaunggeul dina Kompetensi Inti KI nya éta “memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait dengan fenomena dan kejadian serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah ”. Satuluyna, éta Kompetensi Inti KI téh diijembarkeun deui ngaliwatan Kompetensi dasar KD, saperti nu kaunggel: “mengidentifikasi, memahami, dan menganalisis teks artikel berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan .” Ku kituna, lian ti nepikeun informasi, ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa jadi pangdeudeul pikeun pangaweruh siswasiswi sangkan apal jeung nyangkem kana upacara Séba Ciburuy sarta weruh kana ajén inajén anu nyangkaruk dina éta upacara. Dumasar kana pedaran di luhur, utamana pikeun ngawewegan pangajaran basa Sunda, ieu panalungtikan dilaksanakeun tur dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Falsafah dina Upacara Séba Ciburuy Désa Pamalayan Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA kelas XII ”.

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan medar ngeunaan ajén inajén kabudayaan Sunda. Ajén inajén téh jembar ambahannana, di antarana ajén kaagamaan, sosial, politik, ekonomi, éstétis ogé ajén falsafah. Sangkan teu lega teuing ambahannana, mangka dina ieu panalungtikan rék diwatesanan ngan saukur medar ngeunaan ajén falsafahna wungkul. Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina wangun kalimah pananya di handap ieu. 1 Kumaha prak-prakan Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut? 2 Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten Garut? 3 Luyu atawa henteu dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel budaya dina pangajaran di SMA kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngawanohkeun Upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut, sarta wujud tina tarékah ngamumulé salah sahiji budaya anu sumebar di tatar Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1 prak-prakan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut; Rida Padilah, 2015 Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 ajén falsafah nu nyampak dina upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut; 3 kasaluyuan dijadikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII ngeunaan upacara Séba Ciburuy di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun balaréa, hususna pikeun ngalengkepan data jeung référénsi ngeunaan budaya Sunda, sarta jadi bukti yén nepi ka kiwari masih aya kénéh nu ngamumulé budaya Sunda. Lian ti éta, ieu panalungtikan bisa jadi conto pikeun panalungtik ka hareupna nu hayang nalungtik ngeunaan budaya Sunda, hususna nu nalungtik ngeunaan ajén falsafahna.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana: 1 pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh kana tradisi lokalnu aya di masarakat Sunda, salasahijina upacara Séba Ciburuy; 2 pikeun masarakat Pamalayan, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kareueus kana budaya anu dipimilikna, nya éta upacara Séba Ciburuy; 3 pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran basa Sunda di kelas XII SMA nu mangrupa salasahiji pangajaran ngeunaan budaya; 4 pikeun siswa, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di masarakat Sunda. Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya sunda.

1.5 Raraga Tulisan

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

AJÉN MORAL DINA UPACARA ADAT NGEUYEUK SEUREUH DI DÉSA CIBODAS KACAMATAN LEMBANG: KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

1 6 47

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

0 32 32

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN GÉSRÉK DI DÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1201939 Title

0 0 4