Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Luyu jeung masalah nu geus dipedar saméméhna, panalungtik miboga kahayang pikeung ngayakeun panalungtikan ngeunaan “Kamampuh Ngalarapkeun Undak-Usuk
Basa Sunda dina Nulis Paguneman Siswa Kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya Taun Ajaran 20132014”.
1.2 Identifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu geus ditétélakeun, masalah anu baris dipedar dina ieu panalungtikan téh nyaéta ngeunaan kamampuh ngalarapkeun undak-usuk
basa Sunda dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya taun ajaran 20132014.
1.3 Rumusan Masalah
Masalah anu baris diréngsékeun dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina wangun pananya di handap.
1 Kumaha kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun basa Sunda ragam loma waktu nulis paguneman? 2
Kumaha kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur sorangan waktu nulis paguneman?
3 Kumaha kamapuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur ka batur waktu nulis paguneman?
1.4 Tujuan Panalungtikan
1.4.1 Tujuan Umum
Sacara umum, dina ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho ngeunaan kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina nulis paguneman.
Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.4.2 Tujuan Husus
Sacara husus, dina ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1
kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam loma dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya;
2 kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur sorangan dina nulis
paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya; 3
kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur ka batur dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya.
1.5 Mangpaat Panalungtikan
1.5.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, mangpaat ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngarojong kana kamekaran bahan ajar dina pangajaran kaparigelan nulis paguneman.
1.5.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat di antarana: a.
pikeun siswa, méré gambaran ngeunaan kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina nulis paguneman;
b. pikeun guru, dipiharep bisa jadi bahan tinimbang dina nyusun sumber pangajaran
basa Sunda. Hususna pangajaran nulis nu ngagunakeun undak usuk basa Sunda.
1.6 Raraga Nulis
BAB I dina ieu skripsi dijudulan Bubuka, anu ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu
ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga nulis.
BAB II dina ieu skripsi dijudulan Udak Usuk Basa, Nulis, jeung Paguneman. Eusi dina ieu bab ngawengku undak usuk basa, nulis, jeung paguneman. Dina sub bab
Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
undak usuk basa ngawengku wangenan undak usuk basa Sunda, kamekaran undak usuk basa Sunda, jeung wangun undak usuk basa Sunda. Dina sub bab nulis
ngawengku wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, jeung mangpaat nulis. Dina sub bab paguneman ngawengku wangenan paguneman, prinsip-prinsip paguneman,
unsur-unsur nu ngawangun prosés paguneman, jeung wangun paguneman. BAB III dina ieu skripsi dijudulan Métode Panalungtikan, anu ngawengku
sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan anu ngawengku instrumén ngumpulkeun data
jeung instrumén ngolah data, jeung téhnik panalungtikan anu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
BAB IV dina ieu skripsi dijudulan Analisis Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman. Eusina ngeunaan analisis hasil
panalungtikan larapna undak usuk basa Sunda dina paguneman. Pamungkas BAB V dina ieu skripsi dijudulan Kacindekan jeung Rékoméndasi.
Kacindekan eusina mangrupa gambaran kamampuh siswa dina ngalarapkeun undak asuk basa Sunda dina nulis paguneman. Rékoméndasi eusina mangrupa saran keur
masarakat Sunda umumna, keur guru di sakola jeung kolot di imah hususna.
Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII
A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan