Kasang Tukang Panalungtikan KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014.

Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kahirupan masarakat moal leupas tina aktivitas makéna basa dina kagiatan komunikasi. Sudaryat 1991, kc. 1 nétélakeun yén basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna tur ragem konvensional antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi. Kitu ogé, Djajawiguna jeung Wirahadikusumah 1969, kc. 5 dina Sudaryat 2004, kc. 5 nétélakeun yén basa téh nyaéta réntétan sora anu puguh éntép seureuhna, anu dikedalkeun ku manusa, pikeun ngébréhkeun eusi haténa, boh rasa, pikiran, jeung kahayang. Jadi, anu dimaksud basa téh mangrupa pakakas komunikasi anu penting pikeun ngalakukeun interaksi antarwarga, boh di lingkungan kulawarga boh di lingkungan masarakat. Salian ti éta, basa ogé bisa nyirikeun kalungguhan saurang jalma nu hirup di lingkungan masarakat. Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial budaya anu makéna. Ku kituna, lian ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda ogé miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda. Kalungguhan basa Sunda di Indonésia nyaéta salaku basa daérah. Dina kalungguhanana jadi basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi 1 lambang kareueus masarakat Sunda, 2 lambang jatidiri idéntitas masarakat Sunda, 3 alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, 4 pangdeudeul basa Nasional, 5 basa panganteur di Sakola Dasar SD di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta 6 alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda Halim dina Sudaryat, 2007, kc. 2. Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anéka-ragam basa, salah sahijina disawang Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu tina jihat sikep panyaturna. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun. Ragam basa saperti kitu disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa Sudaryat, 2007, kc. 3 4. Undak usuk mangrupa salah sahiji unsur dina basa Sunda. Undak usuk ditarima dina basa Sunda kalayan alesan yén bakat masarakat Sunda mah resep pisan silih adaban ku basa Sunda Djajasudarma dina Rosidi, 2007, kc. 41 undak usuk basa nuduhkeun kalungguhan jeung kasopanan pakait jeung moral atawa étika masarakat nu makéna. Undak usuk basa perlu dipaké sarta dipertahankeun keur kapentingan saurang jalma pikeun nuduhkeun adabna waktu ngomong jeung babaturan atawa jeung jalma saluhureun. Salian ti éta, undak usuk basa dianggap penting lantaran mangrupa salah sahiji unsur tina basa Sunda, basa Sunda anu ngawangun kabudayaan Sunda. Nulis mangrupa hiji kagiatan anu produktif jeung éksprésif Tarigan, 2008: 3. Pikeun sawatara siswa diajar nulis téh mangrupa hal anu dianggap hésé, sabab ayana sababaraha hal di antarana, téori nu ditepikeun ku guru jeung topik tulisan. Hasil diajar nulis nu aya di lapangan téh kurang nyugemakeun, ku sabab kurangna minat siswa kana pangajaran nulis. Siswa jaman kiwari masih loba anu teu resep kana nulis. Salah sahijina dina pangajaran nulis paguneman. Basa nu dipaké dina nulis paguneman kudu hadé tur bener sangkan paguneman nu ditulis téh ngirut ati tur dipikaharti. Jadi, basa téh kudu bener larap kecap jeung pakeman merenah ungkapan kalimahna, undak usuk basana, jeung palanggeran éjahan sarta aturan tata basa luyu jeung tempatna. Pangajaran nulis di sakola mangrupa lanjuning laku tina tarékah ngaraksa jeung ngariksa basa Sunda pikeun nyitak lulusan nu miboga pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep nu hadé ngeunaan pangajaran nulis, hususna nyusun paguneman dina wangun tinulis ngagunakeun basa Sunda. Iik Ikmaliyah, 2014 KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Luyu jeung masalah nu geus dipedar saméméhna, panalungtik miboga kahayang pikeung ngayakeun panalungtikan ngeunaan “Kamampuh Ngalarapkeun Undak-Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman Siswa Kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya Taun Ajaran 20132014”.

1.2 Identifikasi Masalah