Subpola Kalimah Kpy+J+C+Kat+Tpy Subpola Kalimah +Kat+J+C+Ttk Subpola Kalimah Kpy+ J + C+Kat+Tpy

Fitria Puji Lestari, 2014 Adegan Pragmatis Kalimah Panyeluk Dina Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karangan Aam Amalia Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kadua diwangun ku kecap panyeluk yu, caritaan urang sareng, jejer abdi, katerangan ka ditu, jeung dipungkas ku tanda titik. c. Subpola Kalimah Kpy+J+C+Kat+Tpy Dumasar kana hasil analisis data kapanggih hiji kalimah panyeluk nu miboga subpola kalimah kecap panyeluk, jejer, caritaan, katerangan, jeung tanda panyeluk. Data kalimahna bisa dititénan di handap 1. 225 Palangsiang, keur bobotna émut baé ka dinya PWTnL2831 Dina kalimah panyeluk di luhur, diwangun ku kecap panyeluk palangsiang, jejer keur bobotna, caritaan émut baé, katerangan ka dinya jeung dipungkas ku tanda titik. d. Subpola Kalimah +Kat+J+C+Ttk Dumasar kana hasil analisis data kapanggih dua kalimah panyeluk nu miboga subpola kalimah kecap panyeluk, katerangan, jejer, caritaan, jeung dipungkas ku tanda titik. Data kalimahna bisa dititénan di handap 1. 129 Geus aya orok mah ah, moal kaburu lalajo lalajo acan. PWLSC24252 Dina kalimah panyeluk di luhur, diwangun ku kecap panyeluk ah, Fitria Puji Lestari, 2014 Adegan Pragmatis Kalimah Panyeluk Dina Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karangan Aam Amalia Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu e. Subpola Kalimah Kpy+ J + C+Kat+Tpy Dumasar kana hasil analisis data kapanggih hiji kalimah panyeluk nu miboga subpola kalimah kecap panyeluk, katerangan, jejer, caritaan, jeung tanda titik. Data kalimahna bisa dititénan di handap 1. 24 Ah, geus heubeul imah téh teu rerekétan. PWA16361. Dina kalimah panyeluk di luhur diwangun ku kecap panyeluk ah, katerangan geus heubeul, jejer imah téh, caritaan teu rerekétan, jeung dipungkas ku tanda titik. 4.3.1.3 Pola Kpy+J+C+Pang+ [Tpy+ Tpny+ Ttk+ Tkm] Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 11 kalimah panyeluk nu miboga pola kecap panyeluk, jejer, caritaan jeung panglengkep, boh nu maké tanda panyeluk, tanda pananya, tanda titik, atawa tanda koma boh nu henteu. Ieu pola kalimah miboga 7 subpola nyaéta Kpy+J+C+Pang+Ttk, Kpy+J+C+Pang+Tpny, Kpy + J + J + C + Pang+Ttk, C + C + Pang + Kpy + J+Ttk, Kpy + C + J + C +Pang+Ttk, J + C +Kpy + C + Kpy +C+ Pang+Ttk, jeung C + Kpy + C + Pang + J+Ttk. Data kalimahna di antarana bisa dititénan di handap, sarta satuluyna bisa dititénan dina lampiran a. Subpola Kpy+J+C+Pang+Ttk