Fitria Puji Lestari, 2014 Adegan Pragmatis Kalimah Panyeluk Dina Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karangan Aam
Amalia Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Haryati  basa  ningali  Ninina  datang.  Incu  Haryati  ngarasa  gumbira  ningali  Haryati datang.
4.5.15 Kalimah Panyeluk nu Ma’na Pragmatisna Bingung
Kalimah panyeluk nu ma ’na pragmatisna bingun nyaéta kalimah panyeluk anu
ngébréhkeun  rasa  bingung  panyaturna.  Tina  hasil  panalungtikan  kapanggih  13 kalimah  panyeluk  nu  ma
’na  pragmatisna  bingung.  Éta  kalimah  dicirian  ku  kecap alah, ah, emh, Ya Alloh . Di antarana, bisa dititénan dina ieu conto di handap
1. 50 Alaaah, duka atuh, PWSGS1061
2. 13 Ah, alim, Mih. PWRnP8981
3. 118  Emh  …,  maksud  Papap  téh,  naha  Amanda  keresa  …  mun  …
PWKG299131 4.
248 Ya Alloh, Si Herman jeung awéwé téa geus aya di tukangeun kuring. PWT24112
Kalimah  50  Alaaah,  duka  atuh,  PWSGS1061mangrupa  kalimah panyeluk nu ma’na pragmatisna bingung. Ieu kalimah dicirian ku kecap alaaah anu
nandakeun rasa bingung panyaturna. Éta kalimah diucapkeun ku Ema basa ditanya ku budakna perkara  alesan  ditinggalkeun ku Bapana. Ema ngarasa bingung tur teu bisa
ngajawab. Kaliamah  13  Ah,  alim,  Mih.  PWRnP8981  mangrupa  kalimah  panyeluk
nu  ma’na  pragmatisna  bingung.  Ieu  kalimah  dicirian  ku  kecap  panyeluk  ah  anu nandakeun  rasa  bingung  panyaturna.  Éta  kalimah  diucapkeun  ku  Popi  basa  dititah
maké  baju  bikini  ku  Mamih.  Popi  ngarasa  bingung,  sieun  ku  Mamihna  tapi  ogé embung maké baju bikini.
Fitria Puji Lestari, 2014 Adegan Pragmatis Kalimah Panyeluk Dina Kumpulan Carpon Panggung Wayang Karangan Aam
Amalia Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Dina kalimah 118 Emh …, maksud Papap téh, naha Amanda keresa … mun
… PWKG299131 ma’na pragmatis bingung dicirian ku kecap panyeluk emh anu nandakeun  rasa  bingung  panyaturna.  Ieu  kalimah  diucapkeun  ku  Bapana  Amanda
basa ngabéjaan yén Bapana rék kawin deui. Bapa Amanda ngarasa bingung, teu bisa lancer poksang bébéja ka Amanda.
Ma’na  pragmatis  bingung  dina  kalimah  248  Ya  Alloh,  Si  Herman  jeung awéwé téa geus aya di tukangeun kuring. PWT24112 dicirian ku kecap Ya Alloh
anu  nandakeun  rasa  bingung  panyaturna.  Ieu  kalimah  diucapkeun  ku  Aam  basa engeuh  Hérman  geus  aya  di  tukangeun  manéhna.  Aam  ngarasa  bingung,  teu  puguh
rarasaan jeung ngarasa samar polah.
4.5.16 Kalimah Panyeluk nu Ma’na Pragmatisna Sieun