Mangpaat Tioritis Mangpaat Praktis

Yuli Siti Rahmawati,2014 ISTILAH TATANÉN NGAHUMA DI DESA BENCOY KECAMATAN CIREUNGHAS SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 aspék budaya naon waé nu nyampak tina budaya ngahuma 4 nyieun bahan pangajaran maca istilah tatanén dina pangajaran basa Sunda di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat nu sipatna tioritis jeung nu sipatna praktis

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta sangkan bisa méré sumbangan pikeun sistem atikan dina hal kebudayaan jeung basa, hususna ngeunaan istilah tatanén dina pangajaran maca basa jeung sastra Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis pikeun masarakat, hususna pikeun nu nalungtik, guru, jeung siswa. Sarta bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan ajar basa Sunda ku cara ngagunakeun istilah tatanén jadi bahan ajar maca ngeunaan budaya. 1.5 Struktur Organisasi Skripsi Ieu skripsi ieu téh dibagi jadi lima bab, nyaéta: Bab I mangrupa Bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi. Dina Bab II dipedar tatapakan tiori ngeunaan kabudayaan, istilah, tatanén ngahuma, jeung pangajaran. Bab III eusina ngeunaan métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh métode panalungtikan, boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, wangenan operasional, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrument panalungtikan, sarta prosedur dina ieu panalungtikan. Dina Bab IV didéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak- prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ngeunaan Yuli Siti Rahmawati,2014 ISTILAH TATANÉN NGAHUMA DI DESA BENCOY KECAMATAN CIREUNGHAS SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu luyu henteuna istilah-istilah tatanén ngahuma pikeun bahan pangajaran maca di SMA. Bab V eusina ngawengku kacindekan jeung saran panalungtikan, anu ngawengku kacindekan jeung saran. Yuli Siti Rahmawati,2014 ISTILAH TATANÉN NGAHUMA DI DESA BENCOY KECAMATAN CIREUNGHAS SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun meunangkeun data nu diperlukeun dumasar kana stratégi, prosés jeung pamarekan dina milih jenis, karakteristik, sarta diménsi ruang jeung waktu tina data nu diperlukeun Sudjana, 2011:52. Nu dimaksud stratégi nyaéta pamarekan nu gembleng nu patali jeung lumangsungna kagiatan, jeung rarancang dina hiji aktivitas dina kurun waktu anu tangtu. Éta pamadegan téh méh sarua jeung pamadegan Sugiyono 2011:2 yén nu disebut métode panalungtikan dina enas- enasna mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu ngabogaan tujuan jeung kagunaan nu tangtu. Ari métode panalungtikan téh wangunna aya dua nyaéta, métode kualitatif jeung kuantitatif. Nu disebut métode kuantitatif nyaéta métode nu data panalungtikannana mangrupa angka-angka jeung analisisna ngagunakeun satistik. Sedengkeun nu dimaksud métode kualitatif nyaéta métode naturalistik, sabab panalungtikanna dumasar kana kondisi alamiah Sugyono, 2011:7-8. Bogdan jeung Taylor dina Moleong 2007:4 nétélakeun yén nu disebut métode kualitatif téh nyaéta prosedur panalungtikan nu ngahasilkeun data deskriptif nu mangrupa data tinulis atawa lisan ti jalma nu ditalungtik. Métode deskriptif mangrupa hiji métode panalungtikan nu aya dina métode kualitatif. Nu dimaksud métode deskriptif téh nyaéta métode nu mibanda tujuan pikeun méré gambaran ngeunaan realitas kana objék nu ditalungtik sacara objéktif tur diébréhkeun aspék-aspék nu jadi puseur perhatian panalungtikanna. Ieu métode mangrupa istilah nu umum nu ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif. Nu dimaksud panalungtikan kalawan maké téhnik déskriptif téh nyaéta ngawengku panalungtikan nu ngajéntrékeun, nganalisis, jeung ngelompokkeun kalawan tehnik survéy, téhnik interviu, angket, téhnik wawancara, jeung observasi .

Dokumen yang terkait

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG BOGOR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN NGEUNAAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

1 15 14

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN LODAYA WINDURAJA DI YAYASAN GALOEH ÉTHNIC WINDURAJA DÉSA WINDURAJA KECAMATAN KAWALI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 14 21

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

TRADISI NGARUAT LEMBUR DI DESA TANJUNGSIANG KECAMATAN TANJUNGSIANG KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII : Ulikan Sémiotik.

7 76 35

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 26 32

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38