Kasang Tukang Masalah BUBUKA
Deden Muhidin, 2014 Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran
Maca Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Gelarna hiji karya sastra tangtuna moal leupas tina struktur carita jeung unsur-unsur anu ngawangunna. Pikeun mikanyaho naon-naon nu aya dina naskah,
tangtuna kudu dititénan heula eusi naskahna. Saperti nu aya dina naskah citak buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Dina ieu buku euyeub pisan ku carita-
carita anu eusina bisa diklasifikasikeun jadi carita dongéng, carita déskripsi ngeunaan sato jeung sakola, tatarucingan, carita lalampahan, jeung carita
paguneman sapopoé. Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja mangrupa hiji buku anu digunakeun
di sakola-sakola baheula pikeun bahan pangajaran, ku kituna di jerona ogé euyeub pisan ku rupa-rupa bahan pangajaran, boh pangajaran maca boh pangajaran nulis
aksara Cacarakan. Aksara Cacarakan mangrupa salah sahiji aksara anu kungsi digunakeun di tatar Sunda salain ti aksara séjénna.
Nilik kana sajarahna, di tatar Sunda kungsi dipikawanoh sababaraha aksara, nyaéta: aksara Pallawa, Pranagari, Sunda Kuno, Jawa Carakan, Arab Pégon,
Cacarakan, jeung Latén. Éta aksara nu tujuh téh dipaké ti mimiti abad ka-4 Maséhi, ngan anu digunakeun nepi ka kiwari mah nyaéta aksara Sunda Kuno,
Arab Pégon, Cacarakan, jeung Latén Suryani, 2012, kc. 114. Buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja mangrupa hiji bukti yén di tatar
Sunda kungsi digunakeun aksara Cacarakan, jeung harita bener-bener sumebar sarta resmi digunakeun di sakola-sakola Filantropi, 2011. Sanajan ayeuna nu
diajarkeun di sakola nyaéta aksara Sunda Kuno Kaganga, tapi aksara Cacarakan nu digunakeun dina buku Tjatjarakan, perlu diriksa jeung dimumulé deui,
sangkan dipikawanoh ku masarakat balaréa ka hareupna, utamana di kalangan atikan. Dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja loba carita-carita nu bisa
diklasifikasikeun jadi sababaraha genre, di antarana aya dongéng, carita déskriptif, paguneman, jrrd. Sakabéh genre nu aya dina buku Tjatjarakan karya
Soeria Di Radja perlu ditalungtik pikeun mikanyaho struktur carita, ogé struktur nu ngawangun bukuna.
Nepi ka kiwari, geus loba panalungtikan-panalungtikan ngeunaan naskah Sunda anu medar ngeunaan struktur carita dina naskah, diantarana: “Analisis
Deden Muhidin, 2014 Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran
Maca Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf” Eva Novianti, 2004, “Wawacan Abu Nawas Transliterasi jeung Analisis Struktural Sémiotika” Ranti
Purnama D ewi, 2012, “Analisis Struktur jeung Ajén Moral dina Naskah
Wawacan Ratu Déwi Maléka” Devi Cahyani Wulansari, 2009, “Analisis Struktur Wawacan Raramendut” Rosmayanti, 2008, “Analisis Struktur jeung
Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon” Dini Siti Oktaviani, 2007, “Analisis
Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Pangajaran di SMP” Nenden Sri Utari, 2010 jrrd.
Nepi ka kiwari, panalungtikan ngeunaan naskah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI kawilang langka, komo deui naskah nu ngagunakeun aksara
Cacarakan. Lolobana nalungtik naskah anu ngagunakeun aksara Arab Pégon jeung aksara Sunda Kuno. Ku kituna dina ieu panalungtikan dipedar struktur
carita nu aya dina buku Tjatjarakan , anu judulna “Struktur Carita dina Buku
Tjatjarakan karya Soeria Di Radja pikeun Bahan Pangajaran Maca ”.