Téhnik Panalungtikan MÉTODE PANALUNGTIKAN

Deden Muhidin, 2014 Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu cara ngumpulkeun jeung macaan sababaraha bukuréfrénsi nu raket patalina jeung panalungtikan. Sedengkeun téhnik analisis data, nyaéta hiji kagiatan anu néangan informasi sajembar-jembarna tina data-data anu geus dikumpulkeun. Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis struktur carita nu aya dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Nurutkeun J. Moleong 2007, kc. 220 téhnik analisis data disebut ogé kajian eusi atawa analisis kontén. Kitu deui nurutkeun Weber dina J. Moleong 2007, kc. 220 kajian eusi nyaéta léngkah panalungtikan nu ngamanpaatkeun sababaraha prosedur pikeun néangan kacindekan nu pasti tina hiji dokumén. Dina ieu panalungtikan, téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun neangan data atawa informasi ngeunaan teori struktur anu ngawangun karya sastra jeung teori ngeunaan filologi nu aya patalina jeung naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja.

3.6 Analisis Data

Téhnik ngolah data dilakukeun sanggeus ngadéskripsikeun jeung nyusun transliterasi naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Aya sababaraha tahapan sanggeus data kakumpul, nyaéta anu mimiti nganalisis struktur anu ngawangun eusi naskah buku Tjatjarakan. Anu kadua, mariksa data nu rék diolah. Katilu, éta data dianalisis tuluy didéskripsikeun saluyu jeung udagan panalungtikan. Sanggeus réngsé ngadéskripsikeun jeung nganalisis data, hasilna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca. Anu pamungkas nyaéta nyieun kacindekan ngeunaan déskripsi jeung analisis struktur carita dina naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja. Deden Muhidin, 2014 Struktur Carita Dina Buku Tjatjarakan Karya Soeria Di Radja Pikeun Bahan Pangajaran Maca Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V PANUTUP

5.1 Kacindekan

Naskah buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, mangrupa hiji bukti yén di tatar Sunda kungsi digunakeun aksara Cacarakan, sanajan éta aksara mangrupa aksara pangaruh ti Jawa. Tapi, ayana pangaruh Jawa ka Sunda geus ngajadikeun hiji akulturasi budaya anyar di tatar Sunda. Kitu deui, aksara Cacarakan baheula kungsi jadi aksara resmi di tatar Sunda, salain ti aksara Latén jeung aksara Arab Pégon. Sedengkeun aksara Sundana sorangan, kungsi pareum jeung teu digunakeun. Ayana titinggal buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja, jadi bukti penting ayana sajarah ngeunaan aksara Cacarakan. Kaayaanana bisa nambahan kabeungharan kamekaran aksara di tatar Sunda. Dina buku Tjatjarakan karya Soeria Di Radja kapanggih rupa-rupa bahan pangajaran. Nu ngawengku 19 carita kaasup paguneman, nyaéta: 1 “Ririwa”, 2 “Sakola”, 3 “Bango”, 4 “Si Pii”, 5 “Babi”, 6 “Si Uja” 7 “Nyi Uji”, 8 “Usén”, 9 “Ngala Belut”, 10 “Leungit Kalam”, 11 “Ngala Guramé”, 12 “Ngalegig”, 13 “Monyét”, 14 “Dongéng Si Peucang”, 15 “Méga”, 16 “Dongéng Bapa Satar”, 17 “Culik”, 18 “Jarah”, jeung 19 “Tatarucingan”. Sedengkeun nu séjénna, mangrupa kekecapan jeung kalimah basajan diajar maca dina basa Sunda, sarta pangajaran nulis aksara Cacarakan. Tina sakabéh carita, aya tujuh carita nu bisa dianalisis strukturna. Lantaran henteu sakabéh carita wangunna panjang. Ku kituna nu dianalisis struktur caritana, ngan carita anu lengkep jeung bisa dianalisis kalayan lengkep, nyaéta: 1 “Ririwa”, 2 “Si Uja”, 3 “Dongéng Si Peucang”, 4 “Méga”, 5 “Dongéng Bapa Satar”, 6 “Culik”, jeung 7 “Jarah”. Tina sababaraha carita nu geus dianalisis, kapanggih rupa-rupa unsur strukturna, nyaéta: 1 Téma, aya sababaraha téma umum nu nyampak dina sababaraha caritana, nyaéta téma kahirupan sosial, sato, lalampahanpangalaman, jurig, jeung bodor; 2 Galur, dina sababaraha carita lolobana galur mobok tengah