Wangenan Istilah Anggapan Dasar

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan ngabogaan mangpaat anu hayang dihontal, sacara praktis di antarana nya éta: 1 bisa meunangkeun struktur jeung ajén moral anu aya dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, sarta bisa nerapkeun éta ajén dina kahirupan sapopoé; 2 bisa méré gambaran ka urang yén moral téh penting pisan pikeun manusa dina hirup kumbuh; 3 pikeun nambahan atawa ngarojong bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola, utamana dina hal ajén moral.

1.5 Wangenan Istilah

Wangenan dina ieu panalungtikan di antarana hal-hal anu aya patalina jeung kecap-kecap anu dijadikeun judul, nya éta Struktur, Ajén Moral, Carpon, Kanyaah Kolot, Bahan Pangajaran, Maca. 1 Struktur dina karya sastra téh nya éta corak rakitan susunan komponén- komponén karya nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na Iskandarwassid, 2003:153. 2 Ajén Moral nya éta mangrupa ma’na anu aya dina hiji carita anu rék ditepikeun ku pangarang ka anu maca éta carita Nurgiyantoro, 1995:320. 3 Carpon nya éta karya tinulis rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratif. Galur carita rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa hiji “épisodeu”, palaku ogé ngan ukur dua tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatip pondok. Umumna mah jejer, latar setting, jeung kajadian carita téh diolah dina alam kiwari Iskandarwassid, 2003:113. 4 Kanyaah Kolot nya éta kumpulan carpon karya Karna Yudibrata anu eusina aya dalap judul nya éta 1 Jang Oman, 2 Kanyaah Kolot, 3 Néng Yaya Gering Tipes, 4 Jurig Bungkeuleukan, 5 Buah Limus Murag ku Angin, 6 Nganti Dawuh 7 Kanyaah, jeung 8 Naib Cidahu. Jumlah kaca aya 143 kaca. Warna dasar jilidna hideung jeung biru aya gambar jelema tiluan budak jeung kolotna. 5 Bahan Pangajaran nya éta matéri anu disusun kalayan sistematis nepi ka nyiptakeun lingkungan atawa suasana anu ngadukung siswa diajar kalayan hadé Majid, 2008:174. 6 Maca mangrupa hiji prosés nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun nyangkem pesen anu ditepikeun ku nu nulis dina basa tinulis Tarigan, 1987:7.

1.6 Anggapan Dasar

Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta: 1 sastra mangrupa salahsahiji karya seni anu mibanda ajén-inajén anu bisa ngahudangkeun rasa anu maca; 2 carpon mangrupa salahsahiji karya sastra sampeuran anu mibanda fungsi édukatif jeung rékréatif; 3 carita pondok mangrupa hasil tina karya sastra anu mibanda anjén-inajén pikeun dijadikeun eunteung pikeun anu maca; 4 moral téh mangrupa salahsahiji aspék anu kacida pentingna dina hirup kumbuh manusa sapopoé, sabab moral téh mangaruhan kana katengtreman masarakat. Salian ti éta moral anu hadé bisa ngajegkeun manusa salaku mahluk anu mulia; 40

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan Métode nya éta cara utama nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan Surakhmad, 1985:131. Dina ieu panalungtikan, métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif analisis, sabab digunakeun pikeun: 1 ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun gejala-gejala anu aya dina buku; 2 ngaidéntifikasi masalah-masalah anu aya dina buku; 3 nangtukeun sagala rupa nu bisa di cokot atawa kumaha implikasina tina pangalaman pikeun ngarancang kaputusan dina mangsa nu bakal datang.

3.1.2 Téhnik Panalungtikan

Nurutkeun Ratna 2004:37 téhnik asal tina kecap tekhnikos, basa Yunani, nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik ulikan pustaka jeung analisis data. 1. Téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung ulikan struktur carpon, hususna carpon dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

Dokumen yang terkait

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK).

0 12 28

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP :Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter, jeung Sawangan HirupUrang Sunda.

2 74 27

STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

11 103 31

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX.

5 47 31

ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII.

29 374 22

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

0 32 39

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA - repository UPI S BD 1105648 Title

7 80 3

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK) - repository UPI S BD 1005827 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN MORAL DINA KUMPULAN CARPON SANGGEUS UMUR TUNGGANG GUNUNG KARYA USÉP ROMLI H.M. PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP - repository UPI S BD 1103698 Title

18 83 3