Tahap Tatahar Tahap Ngumpulkeun Data Tahap Ngolah Data

60

3.4 Wangenan Operasional

1 Struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. 2 Ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta ajén ngeunaan kualitas tingkah laku manusa anu ngawengku ajén anu positif +, négatif -, horisontal, jeung vértikal anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, boh anu nembrak boh anu nyamuni. 3 Bahan pangajaran maca di SMP kelas VII anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII. 4

3.5 Léngkah-léngkah Panalungtikan

3.5.1 Tahap Tatahar

Aya sababaraha léngkah anu dilakukeun dina tahap tatahar, nya éta: 1 néangan buku anu aya patalina jeung bahasan anu ditalungtik; 2 ngajukeun judul jeung proposal panalungtikan; 3 ngayakeun talaah pustaka pikeun menangkeun data; jeung 4 konsultasi ku cara ngagarap skripsi ka dosen pangaping. 61

3.5.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Tahap dina ngumpulkeun data dilakukeun ku cara studi dokuméntasi, ngumpulkeun bahan-bahan anu aya patalina jeung panalungtikan.

3.5.3 Tahap Ngolah Data

Kagiatan anu dilakukeun dina ngolah data, nya éta: 1 ngadéskripsikeun kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; 2 ngadéskripsikeun struktur carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; 3 nganalisis ajén moral nu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; jeung 4 matalikeun antara struktur carpon jeung ajén moral kana bahan pangajaran di SMPMTs nu disaluyukeun kana SKKD nu aya. 217

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, mangrupa salahsahiji karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén moral sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran pikeun nambahan pangaweruh dina widang sastra. Sabada nganalisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata pikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII, dihasilkeun sababaraha kacindekan ngeunaan struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot, jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot. Struktur kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh ngawengku: téma, palaku, jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat. Téma anu kapanggih dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh aya lima, nya éta: 1 Moral, 2 Kanyaah, 3 Sosial, 4 Tanggung jawab, jeung 5 Kaagamaan réligi. Carpon Jang Oman aya 9 Palaku anu kabagi jadi dua golongan, nya éta palaku utama jeung tambahan Jang Oman mangrupa palaku utama, Pa Ulis, Ma Ulis, Mimin, Dedi, Endang, Arhadi, Miharja, jeung Sanroip mangrupa palaku tambahan dina éta carita. Carpon anu judulna Kanyaah Kolot aya 8 palaku, anu jadi palaku utamana dina éta carita Pa Wianta, palaku tambahanna dina éta carita nya éta Ma Isah, Mang Wihardi, Udi, Mang Uka, Bi Imi, Sukarya, jeung léknan Maman. Carpon Néng Yaya Gering

Dokumen yang terkait

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK).

0 12 28

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP :Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter, jeung Sawangan HirupUrang Sunda.

2 74 27

STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

11 103 31

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX.

5 47 31

ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII.

29 374 22

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

0 32 39

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA - repository UPI S BD 1105648 Title

7 80 3

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK) - repository UPI S BD 1005827 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN MORAL DINA KUMPULAN CARPON SANGGEUS UMUR TUNGGANG GUNUNG KARYA USÉP ROMLI H.M. PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP - repository UPI S BD 1103698 Title

18 83 3