Kasang Tukang PUISI SAWÉR PANGANTÉN DI KACAMATAN NUSAHÉRANG KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP.

1 BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang

Kabudayaan nya éta hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kani ’matan jelema ku rupa-rupa akalna Danadibrata, 2006: 108. Manusa jeung kabudayaan téh raket patalina, sabab ayana kabudayaan di hiji tempat téh lantaran ayana manusa nu hirup kumbuh di éta tempat. Ayana kabudayaan nu dipimilik ku hiji masarakat ngajadikeun ciri mandiri anu ngabédakeun hiji masarakat jeung masarakat séjénna. Nagara Indonésia beunghar pisan ku kabudayaan, kabudayaan éta téh diwangun tina kabudayaan-kabudayaan daérah anu ngawujud jadi kabudayaan nasional. Salaku bagian tina nagara Indonésia, tatar Sunda ogé méré sumbangan dina ngawangun kabudayaan nasional, salah sahijina nya éta tina basa. Basa mangrupa salasahiji unsur kabudayaan anu didadarkeun ku Koentjaraningrat 1985: 2, tujuh unsur kabudayaan téh nya éta; 1 sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2 sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3 sistem élmu pangaweruh, 4 basa, 5 kasenian, 6 sistem pakasaban, jeung 7 sistem téhnologi jeung pakakas. Basa miboga sipat nu produktif, ngaliwatan basa manusa bisa ngaéksprésikeun kahayang, pikiran tur gagasana boh sacara langsung ngaliwatan omongan boh sacara tinulis. Basa bisa dipaké pikeun nepikeun éksprési jiwa dina wangun karya sastra. Karya sastra nya éta karya nu digelarkeun ngaliwatan médium basa, boh lisan boh tinulis. Masarakat tatar Sunda geus teu bireuk deui kana karya sastra lantaran geus gelar ti béh ditu kénéh. Masarakat baheula produktif dina nyiptakeun rupaning karya sastra anu éndah tur euyeub ku ajén-inajén nu luhung salah sahijina nyampak dina sawér. Harti kecap sawér nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS, 2007: 426 nya éta: 1 cai hujan asup ka tepas imah; kasawéran, kabaseuhan ku sawér; panyawéran, taweuran tempat ragragna cihujan tina hateup jeung nu sok kasawéran; 2 nyawér, salah sahiji upacara dina kariaan ngawinkeun, nya éta ngawurkeun béas dicampur duit ka pangantén jeung ka nu ngariung bari ngahaleuangkeun rupa-rupa piwulang, tempatna di panyawéran; sawér pangantén, piwulang ka pangantén nu mangrupa sa’ir. Di masarakat tatar Sunda sawér téh aya rupa-rupa gumantung kana tujuannana, upamana baé sawér tingkeban, sawér ganti ngaran, sawér orok, sawér ruatan, jeung sawér pangantén. Masarakat kiwari hususna generasi ngora teu pati maliré kana puisi sawér lantaran basa nu digunakeunana arkais jarang dipikaharti ku maranéhanana, salian ti éta ayana puisi sawér kiwari ukur kapanggih dina acara hajat ngawinkeun wungkul éta ogé upama dina prosésina dibarung ku upacara adat. Puisi sawér kaasup kana karya sastra buhun ku kituna jarang anu ngarasa kataji ku ieu karya nepi ka kadéséh ku sastra modern saperti novel jeung sajak anu basana leuwih gampang dipikaharti. Padahal dina karya sastra buhun hususna pusi sawér loba kakandung ajén-ajén anu luhung, papatah-papatah anu bisa dijadikeun cecekelan hirup manusa, ku kituna tarékah pikeun ngamumuléna pohara diperlukeuna. Sangkan kakayaan daérah hususna dina widang sastra teu beuki lalangitan kudu aya tarékah pikeun ngamumuléna, sangkan anak incu urang jaga wanoh kana naon nu jadi budayana sorangan. Salasahiji tarékah pikeun ngungkulan éta pasuaalan nya éta dijadikeuna karya-karya sastra heubeul pikeun bahan pangajaran basa Sunda. Sangkan aya landasan hukum anu kuat pamaréntah geus netepkeun Perda No. 52003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda. Tarékah pikeun ngamumulé kakayaan sastra sunda hususna ngeunaan puisi sawér datang ogé ti kaum akademisi kabuktian ku ayana panalungtikan-panalungtikan anu medar ngeunaan sawér di antarana: 1. Puisi Sawér Bahasa Sunda karangan Yetty Kusmiyati Hadish saparakanca 1986 terbitan Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen pendidikan dan Kebudayaan. 2. Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén piken Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VIII Ngagunakeun Modél Démonstrasi, skripsi Temmy Widyastuti 2005. 3. Puisi Sawér Pangantén anu aya di Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Puisi di SMA, skripsi Siti Maesaroh 2010. Nilik kana judul-judul ngeunaan sawér di luhur, tacan aya anu husus nalungtik ngeunaan puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan nu dilarapkeun pikeun bahan pangajaran. Panalungtikan ngeunaan puisi sawér di ieu tempat perlu dilaksanakeun pikeun ngainvéntarisir, nambahan pangaweruh ngeunaan puisi sawér sarta pikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré judul “Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP ” 1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Idéntifikasi Masalah