Struktur Organisasi Skripsi Disain Panalungtikan Métode Panalungtikan

1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Tioritis Mangpaat ieu panalungtikan, sacara tioritis bisa méré sumbangan kana kamajuan paélmuan dina widang basa jeung sastra Sunda hususna ngeunaan karya sastra buhun nya éta puisi sawér.

1.4.2. Mangpaat Praktis

1. Pikeun nu nalungtik Tina ieu panalungtikan bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan hasanah sastra Sunda hususna ngeunaan puisi sawér. 2. Pikeun kelompok akademik Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar di sakola atawa bahan perkuliahan di tingkat paguron luhur. 3. Pikeun masarakat Mangpaat pikeun masarakat nambahan pangaweruh ngeunaan adat istiadat di tatar Sunda hususna ngeunaan sawér pangantén.

1.5 Struktur Organisasi Skripsi

Ieu panalungtikan disusun dina lima bab anu sistematikana saperti ieu di handap: 1. Bab I Bubuka Dina Bab I medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi. 2. Bab II Puisi Sawér jeung Pangajaranana Dina Bab II medar ngeunaan tiori-tiori anu aya patalina jeung puisi sawér pangantén katut pangajaranana. 3. Bab III Métodologi Panalungtikan Bab III medar ngeunaan lokasi jeung sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data. 4. Bab IV Puisi Sawér Pangantén Di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP Dina Bab IV medar ngeunaan data jeung analisis puisi sawér pangantén di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. 5. Bab V Panutup Bab V medar ngeunaan kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan. 26 BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1Lokasi Ieu panalungtikan dilaksanakeun di Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan. Kacamatan Nusahérang téh diresmikeun tanggal 12 Januari 2001. Kacamatan Nusahérang pernahna 6 Km ti beulah kidul puseur dayeuh Kota Kuningan anu legana 1.756,453 Ha. Kacamatan Nusahérang ngawengku dalapan désa nyaéta, Désa Nusahérang, Désa Cikadu, Désa Jambar, Désa Kertawirama, Désa Haurkuning, Désa Windusari, Désa Kertayuga sarta Désa Ciasih.

3.1.2 Sumber Data

Yang dimaksud sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data dapat diperoleh. Sumber data diklasifikasikan menjadi tiga tingkatan yaitu person manusia, tempat place dan paper sumber data berupa simbol Arikunto 2006: 129. Sumber data ieu panalungtikan kabagi tilu nya éta sumber data nu mangrupa tempat, sumber data manusa informan, jeung sumber data mangrupa téks puisi sawér anu baris dianalisis. 1. Sumber data nu mangrupa tempat place Sumber data nu mangrupa tempat nya éta désa-désa nu aya di Kacamatan Nusahérang. Nu dipilih jadi objék panalungtikan aya opat désa hartina 50 tina jumlah désa nu aya di Kacamatan Nusahérang. Désa-désa nu dipilih téh nya éta Désa Nusahérang, Désa Windusari, Désa Haurkuning jeung Désa Kertawirama. Alesan milih ieu désa lantaran dianggap ngawakilan karakteristik Kacamatan Nusahérang. 2. Sumber data nu mangrupa manusa person Sumber data nu mangrupa manusa informan nya éta jelema-jelema anu dianggap bisa méré katerangan ngeunaan puisi sawér pangantén. Informan dina ieu panalungtikan jumlahna aya genep, nya éta Ibu Yaya, Ibu Euis, Ibu Yati, Ibu Nioh, Ibu Diski jeung Ibu Tatin. 3. Sumber data nu mangrupa simbol paper Sumber data nu mangrupa simbol paper nya éta téks puisi sawér pangantén anu baris dianalisis.

3.2 Disain Panalungtikan

Disain panalungtikan ngawengku studi pustaka, obsérvasi, wawancara jeung sadap rékam, dokuméntasi, ngumpulkeun data, nganalisis data jeung nyusun laporan. Disain panalungtikan bisa digambarkeun saperti ieu di handap: Bagan 3.1 Disain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Kecap métode asalna tina basa Yunani: methodos anu hartina cara atawa jalan. Jadi métode mangrupa jalan nu aya patalaina jeung cara atawa léngkah gawé dina ngahontal sasaran nu diperlukeun ku pamakéna Subagyo,1991:1. Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode panalungtikan déskriptif Studi pustaka Obsérvasi Wawancara Sadap rékam Dokuméntasi Ngumpulkeun data Nganalisis Data Nyusun Laporan teu kawatesanan nepi ka ngumpulkeun jeung nyusun data wungkul tapi ngawengku analisis jeung interpretasi ngeunaan harti data. Nurbuko jeung Achmadi 2008: 44 nétélakeun yén: “Penelitian deskriptif yaitu penelitian yang berusaha untuk menuturkan pemecahan masalah yang ada sekarang berdasarkan data-data, jadi ia juga menyajikan data, menganalisis dan menginterpretasi ”.

3.4 Wangenan Operasional