Métode Panalungtikan Téhnik Ngumpulkeun Data

Agung Aditya Saputra, 2013 Efektivitas Media Audio Visual Pikeun Pangajaran Nulis Esey Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Dina ngalakukeun panalungtikan perlu pisan ayana métode salaku léngkah gawé panalungtik pikeun nyingkahan ayana salah paham sarta pikeun ngaréngsékeun masalah. Nurutkeun Campbel jeung Stanley dina Arikunto 2006:84 dumasar kana hadé-goréngna ékspérimén, atawa sampurna-henteuna ékspérimén sacara gurat badag desain panalungtikan ékspérimén dibagi jadi dua, nya éta: 1 Pre Eksperimental Design atawa ékspérimén teu sampurna; jeung 2 True Eksperimental Design atawa disebut ogé ékspérimén murni. Pre eksperimental nya éta ékspérimén teu sampurna. Ku kituna sok disebut ogé ku istilah “quasi experiment” atawa ékspérimén semu teu sampurna. Disebut teu sampurna ku lantaran dina ékspérimén semu can nyumponan sarat dina ékspérimén ilmiah nu nurutkeun kana aturan-aturan nu tinangtu. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode “quasi eksperimen t” atawa éksperimén semu, nya éta panalungtikan anu ngagunakeun kelas éksperimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Tujuan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis éséy saméméh ngagunakeun média audio visual jeung sabada ngagunakeun média audio visual.

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ku cara téhnik tés. Nurutkeun Arikunto 2006:150 tés mangrupa runtuyan patalékan anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, inteligénsi, kamampuh, atawa bakat- bakat anu aya dina unggal individukelompok. Agung Aditya Saputra, 2013 Efektivitas Media Audio Visual Pikeun Pangajaran Nulis Esey Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés préstasi diajar nyieun karangan ngeunaan kamampuh nulis éséy réfléksi ngaliwatan pratés jeung pascatés. Pratés mangrupa kamampuh awal saméméh siswa dibéré “perlakuan” treatment, maksud perlakuan di dieu nya éta média audio visual, sedengkeun pascatés mangrupa tés kamampuh ahir sabada diayakeun perlakuan dina kagiatan diajar-ngajar. Tés anu dilakukeun miboga tujuan pikeun mikanyaho efektif-henteuna média audio visual dina pangajaran nulis éséy. Tujuan ahirna nya éta data-data siswa dianalisis dumasar kana data hasil panalungtikan ka siswa.

3.3 Desain Panalungtikan

Dokumen yang terkait

Analisis Kesalahan Dalam Menyelesaikan Soal Peluan Siswa Kelas XI IPA 5 Dan 6 SMAN 2 JEMBER Tahun Ajaran 2006/2007

0 4 72

Implementasi Metode Role Playing Pembelajaran IPS Pokok Bahasan Peristiwa Sekitar Proklamasi Untuk Meningkatkan Aktivitas dan Hasil Belajar Siswa Kelas VA SDN Ajung 03 Tahun Ajaran 2012/2013.

0 4 5

Perbedaan Hasil Belajar Biologi Antara Siswa yang Diajar dengan Menggunakan Model Pembelajaran Kooperatif Tipe STAD dengan TGT (Penelitian Kuasi EKsperimen di SMAN 1 Bekasi))

0 42 0

APPLICATION OF VISUAL AUDIO MEDIA ON LEARNING SIGEH PENGUTEN DANCE IN SMP NEGERI 1 BATANGHARI CLASS VIII EAST LAMPUNG PENERAPAN MEDIA AUDIO VISUAL DALAM PEMBELAJARAN TARI SIGEH PENGUTEN SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 1 BATANGHARI LAMPUNG TIMUR

0 15 71

Penggunaan Media Audio Visual Terhadap Hasil Belajar Siswa Pada Materi Pokok Kingdom Animalia (Studi Eksperimen Pada Siswa Kelas X SMAN 1 Liwa Lampung Barat Semester Genap Tahun Ajaran 2013/2014)

1 11 67

EFEKTIVITAS MEDIA AUDIO VISUAL MELALUI MODEL TPS TERHADAP PENGUASAAN KONSEP SISWA DAN AKTIVITAS BELAJAR SISWA PADA MATERI SISTEM PENCERNAAN (Studi Eksperimen Pada Siswa Kelas XI SMA N 1 Natar Lampung Selatan Tahun Ajaran 2012/2013)

0 6 46

USING HAND OUT WITH AUDIO VISUAL ACCOUNTANCY TO IMPROVE STUDENTS’ MOTIVATION AND BOOKEEPING SKILLED ON ACCOUNTANCY SUBJECT AT XI IPS 1 SMA STATE 1 METRO PEMANFAATAN HAND OUT DENGAN AUDIO VISUAL AKUNTANSI UNTUK MENINGKATKAN MOTIVASI DAN KETERAMPILAN PEMBUK

0 23 96

PENGGUNAAN MEDIA AUDIO VISUAL TERHADAP PENINGKATAN AKTIVITAS BELAJAR DAN PENGUASAAN KONSEP OLEH SISWA PADA MATERI PENCEMARAN LINGKUNGAN (Studi Experimen Pada Siswa Kelas X Semester Genap SMAN 1 Seputih Mataram Kabupaten Lampung Tengah Tahun Pelajaran 2012

0 20 162

PENINGKATAN KEMAMPUAN MENYIMAK MENGGUNAKAN MEDIA AUDIO VISUAL DI SMAN 1 ANJONGAN

0 1 14

PEMBELAJARAN PENGENALAN KOSAKATA BAHASA INGGRIS MELALUI MEDIA AUDIO VISUAL

1 3 8