MÉDIA VIDEO DINA PANGAJARAN NULIS SAJAK : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII ASMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014.

(1)

MÉDIA VIDEO DINA PANGAJARAN NULIS SAJAK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII ASMPN 2 Selajambé

Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangkinggelar Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Rena Rahmawati NIM 1002584

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

2014


(2)

MÉDIA VIDEO DINA PANGAJARAN NULIS SAJAK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII ASMPN 2 Selajambé

Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Rena Rahmawati

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Rena Rahmawati 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

(4)

MÉDIA VIDEO DINA PANGAJARAN NULIS SAJAK (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé

Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/20141

Oleh Rena Rahmawati2

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Média Video dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi

Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun

Ajaran 2013/2014)”. Penelitian ini bertitik tolak dari masalah pada kemampuan

siswa dalam menulis sajak Sunda yang masih kurang optimal. Penelitian ini bertujuan untuk menguji media video dalam pembelajaran menulis sajak Sunda. Selain itu, penelitian ini juga bertujuan untuk mengetahui kemampuan awal dan akhir siswa dalam menulis sajak Sunda. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan menggunakan desain pre-test and

pos-test group. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes.

Analisis data menggunakan analisis statistik, yaitu uji normalitas data dengan menggunakan uji Chi-kuadrat, uji homogenitas, uji gain, dan uji hipotesis. Dari hasil analisis, média video dapat digunakan dalam pembelajaran menulis sajak. Hasil kemampuan pre-test (sebelum menggunakan media video), siswa yang sudah mampu menulis sajak Sunda sebanyak empat siswa atau 13,33%, sedangkan siswa yang belum mampu sebanyak 26 siswa atau 86,67%. Hasil kemampuan pos-test (sesudah menggunakan media video), siswa yang sudah mampu menulis sajak Sunda sebanyak 22 siswa atau 73,33%, sedangkan siswa yang belum mampu sebanyak delapan siswa atau 26,67%. Hasil uji gain menunjukkan bahwa adanya peningkatan kemampuan siswa dalam menulis sajak dengan jumlah gain 6,47. Hasil uji hipotesis menunjukkan bahwa titung (11,16) > ttabél (2,46) artinya hipotesis (Ha) diterima. Dengan demikian, dapat disimpulkan bahwa media video bisa meningkatkan kemampuan menulis sajak secara signifikan siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambe Kabupaten Kuningan. Hasil penelitian ini dapat dimanfaatkan sebagai referensi dalam memilih media pembelajaran yang akan digunakan dalam pembelajaran menulis sajak Sunda.

Kata kunci: média video, pangajaran nulis sajak

1

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Ade Sutisna, S.Pd.

2


(5)

VIDEO MEDIA IN WRITING POETRY LEARNING

(Quasi-experimental Study to Seven A Grade Student of SMPN 2 Selajambe Kabupaten Kuningan Academic Year 2013/2014)1

By

Rena Rahmawati2

ABSTRACT

The title of this study “Video Media in Writing Poetry Learning (Quasi -experimental Study to Seven A Grade Student of SMPN 2 Selajambe Kabupaten

Kuningan Academic Year 2013/2014)”. This study starts from a problem the student's ability to write Sundanese poems are still less than optimal. This study aims to test the video media in learning writing Sundanese poem. In addition, this study also aims to determine the beginning and end of the students' ability in writing sundanese poem. The method used in this study is the method using a quasi-experimental design with pre-test and post-test group. The technique used in this study is a test technique. The analysis of data using statistical analysis, namely normality test data using Chi-squared test, homogeneity test, test gain, and hypothesis testing. From the analysis, video media can be used in learning to write poetry. The results of pre-test capabilities, students who are able to write a sundanese poem four students or 13,33%, while students who have not been able to as many as 26 students or 86,67%. The results of the post-test capability, students who are able to write Sundanese poems by 22 students, or 73,33%, while students who have not been able to as many as eight students or 26,67%. The test results showed that an increase in the gain students' ability in writing poetry with a gain of 6,47 number. Hypothesis test results showed that titung 11,16 > ttabél 2,46 , the means hypothesis (Ha) is accepted. Thus, it can be concluded that video media significantly increasing writing ability poetry seventh A grade students of SMPN 2 Selajambé Kabupaten Kuningan. The result of this study can

be use in Sundanese poem study.

Keywords: video media, writing poetry learning

___________________

1

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Ade Sutisna, S.Pd.

2


(6)

DAFTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... v

DAFTAR TABÉL ... viii

DAFTAR BAGAN ... ix

DAFTAR GRAFIK ... x

DAFTAR SINGGETAN ... xi

DAFTAR LAMPIRAN ... xii

BAB 1 BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.3 Rumusan Masalah ... 4

1.4 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4.1 Tujuan Umum ... 4

1.4.2 Tujuan Husus ... 4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.5.1 Mangpaat Téoritis ... 5

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.6 Raraga Tulisan... 5

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG HIPOTÉSIS ... 7

2.1 Ulikan Tiori... 7

2.1.1 Média Pangajaran... 7

2.1.1.1Ciri-ciri Média Pangajaran ... 8

2.1.1.2Mangpaat Média Pangajaran ... 8


(7)

2.1.1.4 Prosedur Milih Média Pangajaran ... 11

2.1.2 Wangenan Média Video ... 12

2.1.2.1Wangun Video ... 12

2.1.2.2Kaonjoyan Média Video ... 13

2.1.2.3Léngkah-Léngkah Ngamangpaatkeun Média Video ... 14

2.1.2.4 Video dina Pangajaran Nulis Sajak ... 14

2.1.3`Nulis ... 15

2.1.3.1Wangenan Nulis ... 15

2.1.3.2Tujuan Nulis ... 16

2.1.3.3Fungsi Nulis ... 17

2.1.4 Sajak ... 17

2.1.4.1Wangenan Sajak ... 17

2.1.4.2Babagian Sajak ... 18

2.1.4.3Struktur Sajak ... 20

2.1.4.3.1 Struktur Lahir Sajak ... 20

2.1.4.3.2 Struktur Batin Sajak ... 23

2.1.5 Kamampuh Nulis Sajak ... 24

2.1.6 Média Video dina Pangajaran Nulis Sajak ... 25

2.1.6.1 Léngkah-léngkah Maké Média Video dina Pangajaran Nulis Sajak ... 25

2.2 Raraga Mikir ... 26

2.3 Hipotésis ... 27

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 28

3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data... 28

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 28

3.1.2 Sumber Data ... 28

3.2 Desain Panalungtikan ... 28

3.3 Métode Panalungtikan ... 29

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 29


(8)

3.4.2 Wangenan Operasional ... 29

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 30

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 34

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 34

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 34

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 44

4.1 Kamampuh Nulis Sajak ... 44

4.1.1 Kamampuh Nulis Sajak Saméméh Média Video ... 44

4.1.2 Kamampuh Nulis Sajak Sabada Maké Média Video ... 49

4.1.3 Analisis Kamampuh Nulis Sajak Saméméh jeung Sabada Maké Média Video ... 55

4.2 Uji Sipat Data ... 84

4.2.1 Uji Normalitas Pre-test ... 84

4.2.2 Uji Normalitas Pos-test ... 87

4.2.3 Uji Homogénitas ... 90

4.2.4 Uji Gain ... 92

4.2.5 Uji Hipotésis ... 96

4.3 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 97

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 100

5.1 Kacindekan ... 100

5.2 Saran ... 101

DAFTAR PUSTAKA ... 102

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 104


(9)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Nulis nyaéta nurunkeun lambang-lambang grafik sangkan éta lambang grafik téh bisa dipipaham ku nu macana (Tarigan, 1994, kc. 22). Nulis mangrupa hiji kaparigelan anu kudu dicangking ku siswa. Nulis téh penting pisan pikeun siswa, lantaran siswa kudu bisa ngedalkeun eusi haté, rasa, jeung pamikiranna kana wangun tulisan. Tapi, dina kanyataanana nulis téh lain hal anu babari pikeun siswa. Siswa sok hésé dina ngedalkeun eusi haté, rasa, jeung pamikiranna kana wangun tulisan.

Dumasar panalungtikan awal, kapanggih yén hasil diajar nulis nu aya di lapangan téh masih kurang nyugemakeun, nu jadi cukang lantaranna nyaéta kurangna minat siswa kana pangajaran nulis. Minat siswa jaman kiwari kana pangajaran nulis téh kurang pisan. Siswa jaman kiwari masih loba anu teu resep kana nulis. Masih loba siswa nu nganggap yén nulis téh hésé. Siswa jaman kiwari ogé, masih loba nu nganggap yén basa Sunda téh hésé anu ngabalukarkeun siswa teu daék nulis. Salah sahijina dina pangajaran nulis sajak. Siswa sakapeung sok hésé pikeun nangtukeun téma dina nulis sajak. Salian ti éta, masih loba guru anu can nyangkem kana modél jeung média pangajaran, éta hal téh ngabalukarkeun guru nu ngajar masih kénéh maké cara anu tradisional. Cara ngajar guru anu masih tradisional ogé mangaruhan kana prosés pangajaran. Cara ngajar samodél kitu mangaruhan kana prosés mekarkeun ide siswa. Ku kituna, cara ngajar anu masih tradisional téh can bisa mekarkeun ide jeung daya imajinasi siswa.

Kuduna siswa bisa mekarkeun ide ngaliwatan sajak, jeung kuduna dina nulis sajak téh siswa bisa mekarkeun daya imajinasina. Tapi, kanyataanana siswa can bisa mekarkeun ide jeung daya imajinasina, sarta siswa can bisa ngedalkeun rasa anu aya dina dirina ngaliwatan sajak.


(10)

2

Salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan pasualan di luhur nyaéta maké média pangajaranna. Média pangajaran mangrupa sarana pikeun nepikeun matéri sarta amanat anu aya dina pangajaran. Média pangajaran miboga fungsi anu penting dina pangajaran nulis, lantaran média pangajaran bisa mangaruhan kana kahontalna tujuan pangajaran nulis.

Tarékah pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis, utamana nulis sajak tangtu waé kudu milih média pangajaran. Salah sahiji média nu bisa dipaké dina pangajaran nulis sajak nyaéta média video. Ieu média mangrupa bagéan tina média audio-visual. Média audio-visual nyaéta média anu ngalibetkeun indera pangrungu jeung panempo dina hiji prosés pangajaran (Munadi, 2008, kc.56).

Média video bisa dipaké dina prosés pangajaran. Média video mangrupa média anu aya lantaran ayana kamajuan élmu jeung téknologi. Média video nyaéta média anu ngagambarkeun hiji objék mangrupa gambar sarta sora nu alamiah atawa sora anu saluyu jeung objékna (Arsyad, 2007, kc. 49). Ieu média miboga unsur sora jeung unsur gambar anu dipaké dina proses pangajaran nu bisa ditempo jeung diregepkeun, nepi ka siswa bisa nyangkem pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep.

Lantaran média video miboga unsur sora jeung gambar, ku kituna ngaliwatan ieu média henteu matak ngabosenkeun prosés diajar. Ieu média bisa ngahudang sumanget jeung minat siswa dina pangajaran nulis, utamana dina nulis sajak. Média video ogé saluyu jeung kamekaran jaman nyaéta jaman teknologi anu sarwa canggih. Ngaliwatan média video, siswa bisa leuwih babari pikeun nangtukeun téma dina nulis sajak. Ieu média ogé bisa mantuan siswa dina nulis sajak, lantaran siswa bisa nuliskeun jeung ngaaprésiasikeun naon nu ditempo jeung naon nu diregepkeunna. Salian ti éta, ieu média bisa jadi alternatif pangajaran nulis sajak.

Média video anu dipaké dina pangajaran nulis sajak ieu nyaéta média video anu miboga téma kaéndahan alam saperti video pagunungan, video pasawahan, video pantéy jeung téma kanyaah kolot saperti video kanyaah indung ka anak. Dina prosés pangajaranna, média video dipintonkeun satuluyna siswa bisa milih


(11)

3

téma tina video anu geus dipintonkeun. Sabada siswa milih éta téma, satuluyna siswa bisa ngedalkeun ide anu saluyu jeung éta téma kana wangun sajak.

Nepi ka kiwari, panalungtik can manggih panalungtikan ngeunaan nulis sajak maké média video. Aya ogé nu nalungtik ngeunaan nulis sajak maké média gambar, nyaéta nu judulna “Éféktivitas Média Gambar dina Nulis Sajak (Studi Ékspérimén Murni ka Siswa Kelas VII SMP PGRI Pagelaran Taun Ajaran 2010/2011)” ku Afriani Dadang Sudrajat, “Kamampuh Siswa SMP Negeri 1 Cisewu Garut dina Nulis Sajak nu Ngagunakeun Média Gambar” ku Epni Fatihatussiyadah, jeung “Tarékah pikeun Ningkatkeun Kamampuh dina Nulis Sajak Ngagunakeun Média Gambar” ku Lia Resty Sri Yulianti. Salian ti éta, aya ogé nu nalungtik ngeunaan nulis sajak maké média kartu kecap, nyaéta nu judulna “Éféktivitas Média Kartu Kecap pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak” ku Setiadi. Éta panalungtikan téh ngeunaan nulis sajak maké média gambar jeung média kartu kecap.

Bédana dina média pangajaranana, nyaéta média video. Ngaliwatan média video, dipiharep siswa bisa ngarasa sugema dina nulis sajak, sarta bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak.

Dumasar pedaran di luhur, judul tina ieu panalungtikan nyaéta “Média Video dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014)”.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Masalah-masalah dina ieu panalungtikan nyaéta ieu di handap.

1) Siswa ngarasa hésé diajar basa Sunda, utamana dina pangajaran nulis sajak. 2) Kurangna minat siswa kana pangajaran nulis, utamana nulis sajak.

3) Masih loba guru anu ngajarna masih tradisional jeung tara maké média pangajaran anu ngabalukarkeun siswa can bisa mekarkeun ide jeung daya imajinasina.

Dumasar kana masalah-masalah di luhur, ieu panalungtikan diwatesanan ngan nalungtik kamampuh nulis sajak siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014 maké média video. Aspék sajak anu


(12)

4

ditalungtik tina kamampuh nulis sajak siswa, diwatesanan struktur lahirna ngawengku diksi, imajinasi, jeung majas; ari struktur batinna ngawengku téma jeung rasa.

1.3 Rumusan Masalah

Masalah ieu panalungtikan, dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis sajak saméméh maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014?

2) Kumaha kamampuh nulis sajak sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014?

3) Naha aya bédana anu signifikan antara kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014?

1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nguji média video dina pangajaran nulis sajak siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014.

1.4.2 Tujuan Husus

Sacara husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nulis sajak saméméh maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014;

2) kamampuh nulis sajak sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014;

3) bédana antara kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014.


(13)

5

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Téoritis

Mangpaat téoritis ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan pangajaran nulis sajak. Salian ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat nambahan pangaweruh ngeunaan média pangajaran anu éféktif dipaké pikeun pangajaran nulis sajak.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana:

a. mangpaat praktis pikeun siswa nyaéta bisa mikanyaho mangpaat média video dina pangajaran nulis sajak;

b. mangpaat praktis pikeun guru nyaéta dipiharep bisa nambahan pangaweruh dina milih média pangajaran nulis sajak, nepi ka siswa mikaresep kana pangajaran nulis sajak;

c. mangpaat praktis pikeun panalungtik nyaéta bisa mikanyaho kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014.

1.6 Raraga Tulisan

Eusi ieu skripsi ngawengku lima bab, dina unggal babna medar ngeunaan pedaran-pedaran anu sistematis dumasar kana maksud judul. Bab I medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II medar ngeunaan ulikan média pangajaran, ciri-ciri média pangajaran, mangpaat média pangajaran, kritéria milih média pangajaran, prosedur milih média pangajaran, média video, wangenan média video, wangun video, kaonjoyan média video, léngkah-léngkah ngamangpaatkeun média video, video dina pangajaran nulis sajak, nulis, wangenan nulis, tujuan nulis, fungsi nulis, sajak, wangenan sajak, babagian sajak, struktur sajak, kamampuh nulis sajak, média video dina pangajaran nulis sajak, léngkah-léngkah maké média video dina pangajaran nulis sajak, raraga mikir, jeung hipotésis. Bab III medar ngeunaan lokasi panalungtikan


(14)

6

jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. Bab IV medar ngeunaan kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video, analisis kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video, uji normalitas, uji homogénitas, uji gain, uji hipotésis, jeung pedaran hasil panalungtikan. Bab V medar ngeunaan kacindekan jeung saran.


(15)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nyaéta SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan. Alamat lokasina nyaéta Désa Ciberung, Kecamatan Selajambé, Kabupatén Kuningan, Jawa Barat, kode pos 45566.

3.1.2 Sumber Data

Sumber data panalungtikan nyaéta subjék panalungtikan anu ngahasilkeun data (Arikunto, 2010, kc. 172). Sumber data ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014. Jumlah siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé ieu nyaéta 30 siswa. Wincikan sampel ieu panalungtikan bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Data Kelas VII A SMPN 2 Selajambé

Kelas Awéwé Lalaki Jumlah

VII A 13 17 30

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta desain

pre-test and post-pre-test group, anu digambarkeun saperti ieu di handap.

Desain panalungtikan Pre-test and Pos-test Group (Arikunto, 2010, kc. 124)


(16)

29

Keterangan:

O1 : Tés awal nulis sajak O2 : Tés ahir nulis sajak

X : Perlakuan ka kelas ékspérimén maké média video

Ieu panalungtikan diayakeun dua kali tés, nyaéta tés awal (tés saméméh perlakuan) jeung tes ahir (tés sabada perlakuan), tapi teu maké kelas kontrol.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode kuasi ékspérimén. Ieu métode dipaké pikeun nguji média video dina pangajaran nulis sajak anu bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak sacara signifikan siswa SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014. Ku cara maké ieu métode, katitén kamampuh siswa dina nulis sajak saméméh maké média video jeung sabada maké média video.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel

Variabel dina ieu panalungtikan aya dua variabel, nyaéta variabel bébas jeung variabel kauger. Anu jadi variabel bébas nyaéta média video, ari anu jadi variabel kaugerna nyaéta pangajaran nulis sajak.

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan museur tur teu méngpar tina tujuan ieu panalungtikan, ku kituna perlu disusun wangenan operasional anu dirumuskeun ieu di handap.

1) Média video nyaéta média anu ngagambarkeun hiji objék mangrupa sora jeung gambar anu usik sarta dina mintonkeunna ngalibetkeun téknologi. Média video dina ieu panalungtikan nyaéta média anu ngagambarkeun hiji objék mangrupa sora angin, sora cai ngocor, sora ombak, dilengkepan ogé ku sora lagu, jeung objék mangrupa gambar sawah, jalma nu keur ngangon


(17)

30

embé, cai, gunung, pantéy, sarta gambar indung nu ngurus anakna ti mimiti lahir nepi ka gedéna.

2) Nulis sajak nyaéta hiji prosés kréatif anu ngalibetkeun imajinasi dina ngébréhkeun eusi haté jeung pamikiran kana wangun sajak, wangunna bébas atawa teu kauger ku patokan-patokan wangunna.

3) Kamampuh nulis sajak nyaéta kamampuh pikeun ngahasilkeun hiji tulisan anu wangunna sajak, anu ngawengku struktur lahir jeung struktur batin sajak. Dina ieu panalungtikan, nu dimaksud kamampuh nulis sajak téh nyaéta kamampuh siswa dina nulis sajak nu nyumponan aspék struktur lahir (diksi, imajinasi, jeung majas) jeung aspék struktur batin (téma jeung rasa).

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén mangrupa alat anu dipaké dina waktu panalungtikan nu maké hiji métode (Arikunto, 2010, kc. 192). Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta tés. Ieu instrumén dipaké pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis sajak ngaliwatan pre-test (tés awal) nyaéta pikeun ngukur kamampuh awal nulis sajak, jeung post-test (tés ahir) nyaéta pikeun ngukur kamampuh ahir nulis sajak.

Dina tés awal, henteu maké treatment nyaéta henteu maké média video anu témana kaéndahan alam jeung kanyaah kolot. Sabada tés awal, saterusna diayakeun treatment, nyaéta maké média video anu témana kaéndahan alam jeung kanyaah kolot. Saterusna diayakeun tés ahir sabada aya treatment.

Hasil nulis sajak dipeunteun dumasar kana sababaraha aspék, anu ngawengku sabagéan tina struktur batin sajak atawa hakékat sajak, jeung sabagéan tina struktur lahir sajak. Sababaraha aspék nu dipeunteun dina hasil nulis sajak di antarana téma, diksi, imajinasi, rasa, jeung majas. Sangkan leuwih jéntré, éta pedoman baris dikritériakeun saperti ieu di handap.


(18)

31

Tabél 3.2

Kritéria Tés Nulis Sajak No Aspék nu

dipeunteun

Skala Peunteun Skor

1 2 3 4 5

1 Téma

2 Diksi (pilihan kecap)

3 Imajinasi 4 Rasa

5 Majas (gaya basa)

(Dimekarkeun tina Nurgiantoro, 2010, kc. 487) Tabél 3.3

Rubrik Meunteun Nulis Sajak

No. Aspek Skor Kriteria

(1) (2) (3) (4)

1 Téma 5 Eusi sajak alus, luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

4 Eusi sajak alus, aya patalina jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

3 Eusi sajak cukup/basajan, rada luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

2 Eusi sajak kurang alus, kurang luyu jeung téma anu dipilih video nu geus dipintonkeun.

1 Eusi sajak goréng, teu luyu jeung téma anu dipilih video nu geus dipintonkeun.

2 Diksi (pilihan kecap)

5 Kecap-kecap anu dipilih dina nulis sajak alus pisan. 4 Kecap-kecap anu dipilih dina nulis sajak alus. 3 Kecap-kecap anu dipilih dina nulis sajak


(19)

32

(1) (2) (3) (4)

2 Kecap-kecap anu dipilih dina nulis sajak kurang merenah/ kurang alus.

1 Kecap-kecap anu dipilih dina nulis sajak goréng. 3 Imajinasi 5 Imajinasi alus pisan, luyu jeung eusi video anu geus

dipintonkeun.

4 Imajinasi alus, aya patalina jeung eusi video anu geus dipintonkeun.

3 Imajinasi cukup/basajan, rada luyu jeung eusi video anu geus dipintonkeun.

2 Imajinasi kurang alus, kurang luyu jeung eusi video anu geus dipintonkeun.

1 Imajinasi goréng, teu luyu jeung eusi video anu geus dipintonkeun.

4 Rasa 5 Rasa dina sajak alus pisan, luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

4 Rasa dina sajak alus, aya patalina jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

3 Rasa dina sajak cukup/basajan, rada luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun. 2 Rasa dina sajak kurang alus, kurang luyu jeung

téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun. 1 Rasa dina sajak goréng, teu luyu jeung téma anu

dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

5 Majas

(gaya basa)

5 Majas dina sajak alus pisan, ma’nana jero pisan,

luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

4 Majas dina sajak alus, ma’nana jero, luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.


(20)

33

(1) (2) (3) (4)

luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

2 Majas dina sajak kurang alus, ma’nana kurang jero,

kurang luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

1 Majas dina sajak goréng, teu ngandung ma’na sarta teu luyu jeung téma anu dipilih tina video nu geus dipintonkeun.

Soal pre-test

Ari instrumén tés ahir nulis sajak nyaéta ieu di handap.

Soal pos-test

1) Pék jieun sajak anu témana bébas, kalayan maké pilihan kecap, imajinasi, rasa, jeung majas anu hadé!

1) Pék regepkeun ieu video anu témana kaéndahan alam jeung video anu témana kanyaah kolot kalayan saregep!

2) Pék titénan hal-hal anu ditempo jeung diregepkeun tina ieu video kaéndahan alam jeung video kanyaah kolot!

3) Pék pilih salah sahiji téma tina video kaéndahan alam jeung video kanyaah kolot anu geus dipintonkeun!

4) Pék jieun sajak tina téma nu geus dipilih tadi, kalayan maké pilihan kecap, imajinasi, rasa, jeung majas anu hadé!


(21)

34

Lembar tés

3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Ieu téhnik dipaké pikeun ngumpulkeun data kamampuh siswa dina nulis sajak saméméh jeung sabada prosés diajar-ngajar anu maké média video.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data ngawengku kagiatan ngolah data jeung analisis data. Data anu paling utama dina ieu panalungtikan nyaéta data pre-test (tés awal) jeung data post-test (tés ahir). Data anu geus dikumpulkeun, satuluyna diolah jeung dianalisis. Léngkah-léngkahna nyaéta ieu di handap.

1) Mariksa karangan sajak siswa hasil tés awal jeung hasil tés ahir.

2) Méré peunteun karangan sajak siswa, pikeun nangtukeun peunteun ahir anu maké rumus:

peunteun =skor nu kahontal

skor maksimal x 100

LEMBAR SAJAK SISWA Wasta :

Kelas : No. Absén :

Téma :

... ... ... ... ... ...


(22)

35

Dumasar KKM anu ditangtukeun di SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan, katégori peunteunna, nyaéta:

 peunteun 70 siswa dianggap mampuh nulis sajak kalayan bener;  peunteun 70 siswa dianggap can mampuh nulis sajak kalayan bener. 3) Tabulasi Data

Data nu geus dipariksa jeung dipeunteun tuluy diasupkeun kana tabél. Tabél 3.4

Skor Kamampuh Nulis Sajak Saméméh jeung Sabada Maké Média Video Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan

4) Analisis Kamampuh Nulis Sajak Saméméh jeung Sabada Maké Média

Analisis kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video dumasar kana aspék-aspék nu dipeunteunna, nyaéta bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.5

Tabél Kamampuh Nulis Sajak Saméméh jeung Sabada Maké Média Video No.

Urut Siswa

Judul Sajak

Hasil Panalungtikan

Aspék nu dipeunteun Peunteun

Téma Diksi Imajinasi Rasa Majas

Pre-test Pos-test Pre-test Pos-test

No. Urut

Ngaran Siswa Kamampuh Nulis Sajak Katégori

A B C D E ∑ P

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)

∑ �


(23)

36

5) Uji Sipat Data a) Uji Normalitas

Uji normalitas tujuanna pikeun ngayakinkeun data kamampuh siswa mibanda distribusi anu normal, pikeun nangtukeun yén data mibanda sipat nu normal atawa henteu normal nyaéta maké rumus Chi-kuadrat (�2). Léngkah-léngkah anu kudu dipigawé nyaéta ieu di handap.

(1) Nangtukeun skor panggedéna jeung skor pangleutikna. (2) Nangtukeun rentang skor (r), anu maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 47) (3) Nangtukeun jumlah kelas (k), anu maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 47)

(4) Nangtukeun panjang kelas interval (p), anu maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 47) (5) Nyieun tabél distribusi frékuénsi

Tabél 3.6

Tabél Distribusi Frékuénsi Kelas

Interval

f i x i xi2 f i x i f i x i2

r = skor panggedéna – skor pangleutikna

k = 1 + (3,3) log n

p = r


(24)

37

(6) Nangtukeun rata-rata, anu maké rumus:

Katerangan : x : rata-rata (mean) ∑ : jumlah

f i : jumlah data x i : nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 67) (7) Nangtukeun standar déviasi, anu maké rumus:

(8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

(a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi Tabél 3.7

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Kelas

Interval

Batas Kelas

Zitung Ztabél L Ei Oi �2

(b) Nangtukeun batas kelas interval (bk) x=∑f i x i

∑f i

SD = n∑f i x i

2 (∑

f i x i)2


(25)

38

(c) Nangtukeun Zitung, maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 293) (d) Nangtukeun Ztabél

(e) Nangtukeun lega kelas interval (L)

(f) Nangtukeun frékuénsi ékspéktasi (Ei), maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 293) (g) Nangtukeun frékuénsi obsérvasi (Oi)

(h) Nangtukeun �2 (Chi-kuadrat), maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 273) (9) Nangtukeun derajat kabébasan, maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 293) (10)Nangtukeun nilai �2tabél kalayan maké derajat kabébasan (dk) jeung

tingkat kapercayaan 99%.

(11)Nangtukeun normalitas maké kritéria:  �2

itung < �2tabél hartina distribusi data normal;  �2

itung > �2tabél hartina distribusi data teu normal. Ei = n x L

�2 = ∑(Oi− Ei) 2 Ei

dk = k−3

Zitung =

(bk− x)


(26)

39

b) Uji Homogénitas

Uji homogénitas tujuanna pikeun mikanyaho homogén henteuna variansi sumber data, anu ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

(1) Ngitung variansi

Variansi pre-test (tés awal), maké rumus:

Variansi pos-test (tés ahir), maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 95) (2) Nangtukeun derajat kabébasan, maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 236)

(3) Hasil variansi diasupkeun kana distribusi F, maké rumus:

(Sudjana, 2005, kc. 249) (4) Nangtukeun harga Ftabél kalayan maké derajat kabébasan jeung

tingkat kapercayaan 99%.

(5) Nangtukeun homogénitas maké kritéria:

 Fitung < Ftabél hartina variansi sampel homogén;

 Fitung > Ftabél hartina variansi sampel teu homogén.

S12 =

n∑f i x i2− (∑f i x i)2

n (n−1)

S22 =

n∑f i x i2− (∑f i x i)2

n (n−1)

dk = n−1

F =S1 2 S22


(27)

40

c) Uji Gain

Uji gain tujuanna pikeun ngabandingkeun hasil pre-test jeung pos-test. Ieu di handap tabél gain pre-test jeung pos-test.

Tabél 3.8 Tabél Uji Gain

No Pre-test ��1 Pos-test ��2 Gain d d2

A B C D E A B C D E A B C D E

∑ �

Katerangan:

d : daya pembéda ��1 : skor ahir pre-test ��2 : skor ahir pos-test

d) Uji Hipotésis

Cara pikeun nangtukeun uji hipotésis nyaéta aya dua cara. Kahiji, maké statistik paramétris kalayan maké uji t-tes, upama hasil uji normalitas nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu normal. Kadua, maké statistik non-paramétris kalayan maké Uji Wilcoxon, upama hasil uji normalitas nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal.

(1) Statistik Paramétris

Statistik non-paramétris dipaké pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana normal. Léngkah-léngkah anu kudu dipigawé nyaéta ieu di handap.


(28)

41

(a)Ngitung rata-rata tina bédana tés awal jeung tés ahir, maké rumus:

(Arikunto, 2010, kc. 350)

(b) Ngitung derajat kabébasan (dk), maké rumus:

(c) Néangan jumlah kuadrat déviasi, maké rumus:

(Arikunto, 2010, kc. 351)

(d) Ngitung t, maké rumus:

Katerangan:

t : tés signifikansi

Md : rata-rata (mean) tina bédana tés awal jeung tés ahir n : jumlah subjék dina sumber data

∑x2 d : jumlah kuadrat déviasi

(Arikunto, 2010, kc. 350) (e) Nangtukeun ttabél kalayan maké derajat kabébasan jeung tingkat

kapercayaan 99%.

(f) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis maké kritéria:  titung > ttabél hartina hipotésis ditarima;

 titung < ttabél hartina hipotésis ditolak.

Md =∑d

n

dk = n−1

∑ x2d =d2 (∑d) 2 n

t = M d

∑ x2d


(29)

42

(2) Statistik Non-paramétris

Statistik non-paramétris dipaké pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nyaéta Uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 450), léngkah-léngkah Uji Wilcoxon nyaéta ieu di handap.

a. Asupkeun peuntun pre-test siswa kana kolom ka-2 (XA1). b. Asupkeun peunteun pos-test siswa kana kolom ka-3 (XB1).

c. Itung bédana antara pre-test jeung pos-test ku cara XB1-XA1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4.

d. Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béeda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna.

e. Sabada diurutkeun, misalna aya nilai anu sarua, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua pikeun nangtukeun jenjangna. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna.

f. Sabada diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5.

g. Ngasupkeun nilai béda anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7.

h. Nempo kana tabél harga-harga kritis dina Uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5%, Wtabél = 73.

i. Data anu geus diitung tuluy asupkeun kana tabél Uji Wilcoxon ieu di handap.

Tabél 3.9 Tabél Uji Wilcoxon No.

Siswa

XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang


(30)

43

Katerangan:

XA1 : peunteun pre-test XB1 : peunteun pos-test

j. Ditarima henteuna hipotésis dina Uji Wilcoxon maké kritéria:

 lamun Witung () < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina hipotésis ditarima;

 lamun Witung > Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina hipotésis ditolak.


(31)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan medar ngeunaan média video dina pangajaran nulis sajak, anu diayakeun di SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Jawa Barat. Dumasar kana panalungtikaan awal, tétéla yén anu jadi bangbaluh dina pangajaran nulis nyaéta siswa ngarasa hésé diajar basa Sunda, utamana dina pangajaran nulis sajak, jeung kurangna minat siswa kana pangajaran nulis, utamana nulis sajak, sarta masih loba guru anu ngajarna masih tradisional jeung tara maké média pangajaran anu ngabalukarkeun siswa can bisa mekarkeun ide jeung daya imajinasina.

Dumasar analisis jeung napsirkeun data, tétéla yén kamampuh nulis sajak saméméh maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan kagolong can mampuh, kalayan rata-rata peunteunna 46,67. Kamampuh nulis sajak saméméh maké média video dina aspék téma, diksi, imajinasi, jeung rasa kagolong kurang, ari dina aspék majas kagolong kurang pisan.

Kamampuh nulis sajak sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan kagolong mampuh, kalayan rata-ratana peunteunna 70,93. Kamampuh nulis sajak sabada maké média video dina aspék téma kagolong alus, aspék diksi, imajinasi, jeung rasa kagolong cukup/basajan, ari dina aspék majas kagolong kurang.

Aya bédana anu signifikan antara kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan, anu kabukti tina hasil uji hipotésis ngahasilkeun titung (11,16) >

ttabél (2,46). Ieu hal nuduhkeun yén média video bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak sacara signifikan siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014.


(32)

101

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média video dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun ku panalungtik, di antarana ieu di handap.

1) Média video geus kabukti bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014. Ku kituna, dipiharep média video bisa jadi média alternatif, hususna dina pangajaran nulis sajak, umumna dina pangajaran basa Sunda.

2) Guru dipiharep bisa maké média video dina pangajaran nulis sajak, sangkan siswa ngarasa teu bosen dina pangajaran nulis sajak, sangkan daya imajinasi siswa bisa karangsang, sarta bisa leuwih kréatif dina ngébréhkeun jeung ngamekarkeun idena ngaliwatan sajak.

3) Ieu panalungtikan ngeunaan média video dina panagajaran nulis sajak téh diayakeun di SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan, ku kituna perlu diayakeun deui panalungtikan anu leuwih hadé tur leuwih daria.


(33)

DAFTAR PUSTAKA

Abdhirama, J., Spk. (2008). Jenis-jenis Video. [Online]. Tersedia: http://pti08.wordpress.com/2008/10/15/jenis-jenis-video/. Diaksés 22 Nopémber 2013.

Admin. (2013). Video Sebagai Media Pembelajaran. [Online]. Tersedia: http://tmp.ittelkom.ac.id/video-sebagai-media-pembelajaran/. Diaksés 27 Séptémber 2013.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, A. (2007). Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Daryanto. (2012). Media Pembelajaran. Bandung: Sarana Tutorial Nurani Sejahtera.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra

Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda.Bandung: Geger Sunten.

Munadi, Y. (2008). Media Pembelajaran: Sebuah Pendekatan Baru. Jakarta: Gaung Persada Press.

Nurgiantoro, B. (1988). Penilaian Dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: BPFE.

Nurgiantoro, B. (2010). Penilaian Pembelajaran Bahasa. Yogyakarta: BPFE.

Pradopo, R. Dj. (2012). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.


(34)

103

Semi, M. A. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis .Bandung: Angkasa.

Slamet, St.Y. (2008). Dasar-dasar Pembelajaran Bahasa dan Sastra Indonesia di

Sekolah Dasar. Surakarta: UNS Press.

Solehan, T.W. (2008). Pendidikan Bahasa Indonesia di SD. Jakarta: Universitas Terbuka.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudjana. (2005). Metode Statistika. Bandung: Tarsito.

Sudjana, N. jeung Rivai, A. (2011). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sumardjo, J. jeung Saini K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Susilana, R. jeung Riyana, C. (2008). Media Pembelajaran. Bandung: Wahana Prima.

Tamsyah, B. R., Spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (1994). Menulis sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H. G. (1984). Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.


(1)

Rena Rahmawati, 2014

Média Video Dina Pangajaran Nulis Sajak : Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Statistik non-paramétris dipaké pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nyaéta Uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 450), léngkah-léngkah Uji Wilcoxon nyaéta ieu di handap.

a. Asupkeun peuntun pre-test siswa kana kolom ka-2 (XA1). b. Asupkeun peunteun pos-test siswa kana kolom ka-3 (XB1).

c. Itung bédana antara pre-test jeung pos-test ku cara XB1-XA1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4.

d. Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béeda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna.

e. Sabada diurutkeun, misalna aya nilai anu sarua, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua pikeun nangtukeun jenjangna. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna.

f. Sabada diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5.

g. Ngasupkeun nilai béda anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7.

h. Nempo kana tabél harga-harga kritis dina Uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5%, Wtabél = 73.

i. Data anu geus diitung tuluy asupkeun kana tabél Uji Wilcoxon ieu di handap.

Tabél 3.9 Tabél Uji Wilcoxon No.

Siswa

XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang


(2)

43

Rena Rahmawati, 2014

Média Video Dina Pangajaran Nulis Sajak : Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Katerangan:

XA1 : peunteun pre-test XB1 : peunteun pos-test

j. Ditarima henteuna hipotésis dina Uji Wilcoxon maké kritéria:

 lamun Witung () < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina hipotésis ditarima;

 lamun Witung > Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun,


(3)

Rena Rahmawati, 2014

Média Video Dina Pangajaran Nulis Sajak : Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan medar ngeunaan média video dina pangajaran nulis sajak, anu diayakeun di SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Jawa Barat. Dumasar kana panalungtikaan awal, tétéla yén anu jadi bangbaluh dina pangajaran nulis nyaéta siswa ngarasa hésé diajar basa Sunda, utamana dina pangajaran nulis sajak, jeung kurangna minat siswa kana pangajaran nulis, utamana nulis sajak, sarta masih loba guru anu ngajarna masih tradisional jeung tara maké média pangajaran anu ngabalukarkeun siswa can bisa mekarkeun ide jeung daya imajinasina.

Dumasar analisis jeung napsirkeun data, tétéla yén kamampuh nulis sajak saméméh maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan kagolong can mampuh, kalayan rata-rata peunteunna 46,67. Kamampuh nulis sajak saméméh maké média video dina aspék téma, diksi, imajinasi, jeung rasa kagolong kurang, ari dina aspék majas kagolong kurang pisan.

Kamampuh nulis sajak sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan kagolong mampuh, kalayan rata-ratana peunteunna 70,93. Kamampuh nulis sajak sabada maké média video dina aspék téma kagolong alus, aspék diksi, imajinasi, jeung rasa kagolong cukup/basajan, ari dina aspék majas kagolong kurang.

Aya bédana anu signifikan antara kamampuh nulis sajak saméméh jeung sabada maké média video siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan, anu kabukti tina hasil uji hipotésis ngahasilkeun titung (11,16) > ttabél (2,46). Ieu hal nuduhkeun yén média video bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak sacara signifikan siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014.


(4)

101

Rena Rahmawati, 2014

Média Video Dina Pangajaran Nulis Sajak : Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média video dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun ku panalungtik, di antarana ieu di handap.

1) Média video geus kabukti bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan taun ajaran 2013/2014. Ku kituna, dipiharep média video bisa jadi média alternatif, hususna dina pangajaran nulis sajak, umumna dina pangajaran basa Sunda.

2) Guru dipiharep bisa maké média video dina pangajaran nulis sajak, sangkan siswa ngarasa teu bosen dina pangajaran nulis sajak, sangkan daya imajinasi siswa bisa karangsang, sarta bisa leuwih kréatif dina ngébréhkeun jeung ngamekarkeun idena ngaliwatan sajak.

3) Ieu panalungtikan ngeunaan média video dina panagajaran nulis sajak téh diayakeun di SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan, ku kituna perlu diayakeun deui panalungtikan anu leuwih hadé tur leuwih daria.


(5)

Rena Rahmawati, 2014

Média Video Dina Pangajaran Nulis Sajak : Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Abdhirama, J., Spk. (2008). Jenis-jenis Video. [Online]. Tersedia: http://pti08.wordpress.com/2008/10/15/jenis-jenis-video/. Diaksés 22

Nopémber 2013.

Admin. (2013). Video Sebagai Media Pembelajaran. [Online]. Tersedia: http://tmp.ittelkom.ac.id/video-sebagai-media-pembelajaran/. Diaksés 27 Séptémber 2013.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, A. (2007). Media Pembelajaran. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Daryanto. (2012). Media Pembelajaran. Bandung: Sarana Tutorial Nurani Sejahtera.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda.Bandung: Geger Sunten.

Munadi, Y. (2008). Media Pembelajaran: Sebuah Pendekatan Baru. Jakarta: Gaung Persada Press.

Nurgiantoro, B. (1988). Penilaian Dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: BPFE.

Nurgiantoro, B. (2010). Penilaian Pembelajaran Bahasa. Yogyakarta: BPFE. Pradopo, R. Dj. (2012). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University


(6)

103

Rena Rahmawati, 2014

Média Video Dina Pangajaran Nulis Sajak : Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VII A SMPN 2 Selajambé Kabupatén Kuningan Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Semi, M. A. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis .Bandung: Angkasa. Slamet, St.Y. (2008). Dasar-dasar Pembelajaran Bahasa dan Sastra Indonesia di

Sekolah Dasar. Surakarta: UNS Press.

Solehan, T.W. (2008). Pendidikan Bahasa Indonesia di SD. Jakarta: Universitas Terbuka.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudjana. (2005). Metode Statistika. Bandung: Tarsito.

Sudjana, N. jeung Rivai, A. (2011). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sumardjo, J. jeung Saini K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Susilana, R. jeung Riyana, C. (2008). Media Pembelajaran. Bandung: Wahana Prima.

Tamsyah, B. R., Spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H. G. (1994). Menulis sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung:

Angkasa.

Tarigan, H. G. (1984). Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.


Dokumen yang terkait

Hubungan Antara Gaya Kognitif Dan Tingkat Perkembangan Konsep Geometri Berdasarkan Teori Van Hiele Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Panji Tahun Ajaran 2008/2009;

0 4 16

Kemampuan Membaca Cepat Siswa Kelas VII di SMPN 2 Cikarang Barat Tahun Pelajaran 2015/2016

1 10 101

Upaya Meningkatkan Keterampilan Membaca Nyaring Dengan Penggunaan Media Gambar Pada Siswa Kelas II Madrasah Ibtidaiyah Assa’adiyah Attahiriyah VII Tahun Ajaran 2015/2016

1 29 112

Hasil Belajar Matematika Siswa Kelas VII

0 16 114

PENGARUH ACTIVE LEARNING UNTUK MENINGKATKAN AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI PENGELOLAAN LINGKUGAN (Studi Kuasi Eksperimen pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Talangpadang Semester Genap Tahun Pelajaran 2014/2015)

0 8 56

Nama Nama Siswa Siswi Kelas VII A

0 5 1

Penerapan Model Pembelajaran Kooperatif Tipe TAI (Team Assisted Individualization) Untuk Meningkatkan Hasil Belajar Pada Materi Zat dan Wujudnya Siswa Kelas VII MTsN 2 Palangka Raya Tahun Ajaran 2013/2014. - Digital Library IAIN Palangka Raya

1 1 28

BAB I PENDAHULUAN A. Latar Belakang - Penerapan Model Pembelajaran Kooperatif Tipe TAI (Team Assisted Individualization) Untuk Meningkatkan Hasil Belajar Pada Materi Zat dan Wujudnya Siswa Kelas VII MTsN 2 Palangka Raya Tahun Ajaran 2013/2014. - Digital L

0 0 8

PenerapanModel Pembelajaran Kreatif Produktif dalam Pembelajaran Fisika Materi Gaya di Kelas VIII Semester II MTsN 2 Palangka Raya Tahun Ajaran 2013/2014. - Digital Library IAIN Palangka Raya

0 0 21

Tabel 3.2 Jumlah Siswa Kelas VII MTs THamrin Yahya Pada Tahun Ajaran 20152016

0 0 8