Wangenan Operasional T PBBS 1201458 Chapter3

Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu paham jeung bisa neuleuman kana objék anu jadi sasaran panalungtikan Syamsudin jeung Damaianti, 2006:14. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif analitis tina hasil transkripsi basa lisan nu ngandung unsur-unsur sirnaan. Métode déskriptif ieu pungsina nya éta pikeun milih, milah, ngolah jeung nafsirkeun data. Salian ti éta, objék anu didéskripsikeunana nya éta sakabéh wangun kalimah dina basa lisan nu digunakeun ku masarakat di masarakat pasar Padayungan Kota Tasikmalaya. Analisisna nyoko kana unsur-unsur nu sirna, sarta transformasi kalimahna.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah-istilah poko anu dipaké dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional nya éta ieu di handap. a. Kalimah nya éta wangunan basa maksimal nu miboga harti sarta diébréhkeun ngaliwatan hiji omongan atawa wacana nu miboga lentong pamungkas turun atawa naék. b. Sirnaan kalimah nya éta ngaleungitkeun unsur-unsur fungsional jejer, caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan dina kalimah sirnaan kalimah unggal bagian tina preposisi kalimah. c. Sirnaan disebut ogé délisi. Délisi disebut ogé kalimah ringkesan, nya éta wangun kalimah anu sabagian unsur kalimahna dileungitkeun. Lamun ditilik tina kalengkepan unsurna, éta kalimah téh kaasup kalimah teu lengkep. Ieu kalimah téh disebut ogé kalimah sirnaan, anu prosésna disebut délisi élipsis. Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Délisi atawa elipsis téh lumangsung lamun dina hiji kalimah aya unsur- unsur atawa bagian-bagian anu dileungitkeun atawa henteu dikedalkeun. Unsur atawa bagian anu henteu dikedalkeun téh bisa mangrupa unsur anu sarua wujudna, bisa jadi mangrupa unsur anu wenang ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun kontéks situasina éta unsur téh geus kamaphum ku nu marakéna basa. Kulantaran kitu, unsur anu dileungitkeun atawa anu henteu dikedalkeun téh aya nu bisa kapaluruh tina téksna atawa wacanana délisi tékstual, aya anu bisa kapaluruh dumasar kana strukturna délisi struktural, aya ogé anu bisa kapaluruh nurutkeun kontéks situasina délisi situasional. d. Transformasi nya éta prosés pangwangunan unsur basa tina struktur dasar ka struktur turunan. Aya lima rupa transformasi nya éta, 1 transformasi tunggal, 2 transformasi seselan, 3 transformasi ngantét, 4 transformasi puseur, jeung 5 transformasi husus.

3.5 Instrumén Panalungtikan