Sumber Data Désain Panalungtikan Métode Panalungtikan

Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Pikeun nyumponan data dina ieu panalungtikan, data anu didéskripsikeun téh dicokot data primér. Data primér tina sumber lisan nya éta hasil sadap rékam paguneman masarakat nu interaksi di sabudeureun pasar Padayungan Kota Tasikmalaya. Netepkeun sumber data ku cara sadap rékam tina data basa lisan téh jalaran sajalan jeung sawangan Grinder jeung Elgin dina Sudaryat 1991:10 nu nyebutkeun yén nu nalungtik basana sorangan, di sagédéngeun dirina bisa salaku informasi, ogé bisa merhatikeun intuisi panyatur lianna. Panyatur basa nu dipilih salaku informan kudu miboga sarat tina segi umur, jenis kelamin, kualitas budaya katut kajiwaan basana. Nangtukeun jeung néangan data nu saperti kitu téh dipiharep cukup réfréséntatitf pikeun ieu panalungtikan. Nu saterusna dicokot sajumlah kalimah nu bakal dijadikeun bahan kajian data. Korpus data nu alus kudu miboga ciri seragemna sacara dialkétis, alamiah, loba ragamna, lengkep, terus-terusan, jeung narik Samarin dina Sudaryat, 1991:11.

3.2 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun data dina raraga ngajawab patalékan panalungtikan, sarta téhnik analisis atawa métode husus anu rék digunakeun ku panalungtik. Desain dina ieu panalungtikan, nyoko kana léngkah-léngkah ieu di handap, Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Nangtukeun masalah ngeunaan unsur-unsur sirnaan dina ragam basa lisan Ragam basa lisan di sabudeureun Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Rumusan anggapan dasar ngeunaan sirnaan dina ragam basa lisan di sabudeureun Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Nangtukeun sumber data Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara pikeun matotoskeun masalah panalungtikan anu dilaksanakeun kalawan dirarancang heula sacara gemet, anu maksudna sangkan meunang fakta jeung kacindekan sangkan bisa mikaharti, jeung ngajelaskeun kaayaan. Métode mangrupa cara digawé sangkan Rumusan masalah ngeunaan unsur sirnaan dina ragam basa lisan Nyusun laporan Analisis data Transkripsi Paguneman Obsérvasi ka lapangan ku cara sadap rékam Nyindekkeun Ai Paridah, 2014 Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu paham jeung bisa neuleuman kana objék anu jadi sasaran panalungtikan Syamsudin jeung Damaianti, 2006:14. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif analitis tina hasil transkripsi basa lisan nu ngandung unsur-unsur sirnaan. Métode déskriptif ieu pungsina nya éta pikeun milih, milah, ngolah jeung nafsirkeun data. Salian ti éta, objék anu didéskripsikeunana nya éta sakabéh wangun kalimah dina basa lisan nu digunakeun ku masarakat di masarakat pasar Padayungan Kota Tasikmalaya. Analisisna nyoko kana unsur-unsur nu sirna, sarta transformasi kalimahna.

3.4 Wangenan Operasional