Métode Panalungtikan MÉTODE PANALUNGTIKAN

Indra Erlangga, 2014 MODÉL ÉXPLICIT INTRUCTION DINA PANGAJARAN MACA CARPON Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4 Wangenan Operasional

Dumasar kana pedaran panalungtikan anu sipatna leuwih tioritis, ieu di handap dijelaskeun deui ngeunaan wangenan tina masing-masing variabel anu aya dina ieu panalungtikan. 1 Model exsplicit intruction nya éta modél pangajaran anu dirarancang pikeun mekarkeun diajar siswa ngeunaan pangaweruh prosedural jeung pangaweruh déklaratif nu bisa diajarkeun dumasar pola saléngkah-saléngkah. 2 Carita pondok nya éta hiji carita anu eusina pondok sarta bisa anggeus dibaca dina sakali diuksakali baca.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa hal anu penting dina prosés panalungtikan, sabab kahontal henteuna tujuan pangajaran ditangtukeun ku alus henteuna instrumén anu digunakeun dina pangajaran. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Tés Tés dilaksanakeun dua kali pretés jeung postés, tés nu kahiji pretés nya éta ngukur kamampuh maca carpon saméméh ngagunakeun modél explicit intruction, tés nu kadua postés nya éta ngukur kamampuh maca carpon sabada ngagunakeun modél explicit intruction. TÉS MACA CARPON Pék baca carpon “” kalawan merhatikeun hal-hal ieu di handap 1. Penjiwaan 2. Lafal 3. Intonasi Indra Erlangga, 2014 MODÉL ÉXPLICIT INTRUCTION DINA PANGAJARAN MACA CARPON Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh maca carpon siswa dumasar kana aspék penjiwaan, lafal, intonasai. Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha tahapan saperti ieu di handap. 1 Siswa ngerjakeun pancen anu mangrupa pretés maca carpon pikeun mikanyaho kamampuh awal siswa kana maca carpon. 2 Saenggeus mikanyaho kamampuh siswa kana maca carpon ngaliwatan pratés anu geus dilaksanakeun, panalungtik ngajéntrékeun prosés modél mpangajaran explicit intruction. 3 Ngalaksanakeun prosés pangajaran ngagunakeun model pangajaran exsplicit intruction kana matéri maca carpon. 4 Saenggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun model pangajaran explicit intruction saterusna dilaksanakeun postés pikeun mikanyaho kamampuh siswa saenggeus dibéré treatment naha ngaronjat atawa henteu.

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Téhnik nganalisis data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data. Data anu geus kakumpulkeun tuluy diolah jeung dianalisis pikeun mikanyaho hasil henteuna prosés pangajaran maca carpon sabada ngagunakeun model pangajaran explicit intruction. Lengkah-lengkah ngaanalisis data dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Mariksa hasil tés awal jeung akhir maca carpon siswa. 2 Méré peunteun kana hasil tés awal jeung hasil tés ahir maca carpon siswa kalawan ngagunakeun pedoman meunteun maca carpon il. Tabel 3.3. Skor ideal atawa skor ahir siswa maksimal nya éta 12 sedengkeun skor minimalna nya éta 4. Skor anu kahontal téh dirobah jadi peunteun siswa anu dikalikeun kana 100 peunteun idéal, kalawan rumus: