MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA.

(1)

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA

(Panalungtikan Tindakan Kelas di Kelas X-2

SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

ku

Iyan Sandiana


(2)

Iyan Sandiana, 2013

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA

(Panalungtikan Tindakan Kelas di Kelas X-2

SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

Oleh Iyan Sandiana

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Iyan Sandiana 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Desember 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis


(3)

LEMBAR PENGESAHAN

IYAN SANDIANA

NIM 0807726

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA

(Panalungtikan Tindakan Kelas di Kelas X-2

SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

Disaluyuanturdisahkeunku: Pangaping I,

Dr. H. Dingding Haérudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP196707101991022001

Kauningaku:


(4)

Iyan Sandiana, 2013


(5)

MODEL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DALAM PEMBELAJARAN DISKUSI

(Penelitian Tindakan Kelas di Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung Tahun Pelajaran 2012-2013)

IYAN SANDIANA ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Model Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair And Share dina Pangajaran Sawala: Panalungtikan Tindakan Kelas di Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung”. Penelitian ini dilakukan untuk mengetahui: (1) kemampuan siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dalam menyampaikan pendapat dalam pembelajaran diskusi sebelum menggunakan Model Pembelajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dalam prapenelitian; (2) persiapan, pelaksanaan, observasi dan hasil refleksi dalam siklus I dan II pembelajaran diskusi setelah menggunakan Model Pembelajaran Kooperatif tipe

Think pair and Share di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung; (3)

kemampuan siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dalam menyampaikan pendapat dalam pembelajaran diskusi setelah menggunakan Model Pembelajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share pada siklus I dan II; dan (4) perbandingan kemampuan siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dalam menyampaikan pendapat dalam pembelajaran diskusi sebelum dan sesudah menggunakan Model Pembelajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share pada siklus I dan II.

Penelitian ini merupakan sebuah Penelitian Tindakan Kelas. Subjek penelitiannya adalah 30 (tiga puluh) orang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung. Penelitian Tindakan Kelas ini dilakukan dalam dua siklus yang terdiri dari tahap-tahap persiapan, pelaksanaan tindakan, observasi dan refleksi. Untuk mengukur kemampuan siswa, dilakukan tes awal dan akhir pada tiap-tiap siklus.

Dari hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa kondisi awal kemampuan siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dalam menyampaikan pendapat dalam pembelajaran diskusi masih rendah. Dari 30 orang siswa, 24 orang siswa (80%) kriteria Kurang, 5 orang siswa (16,7%) kriteria Sangat Kurang, dan 1 orang siswa (3,3%) kriteria Cukup. Setelah diusahakan melalui tindakan pembelajaran


(6)

THINK PAIR AND SHARE TYPE OF COOPERATIVE LEARNING MODEL IN DISCUSSION LEARNING

(Classroom Action Research at Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung Academic Year 2012-2013)

IYAN SANDIANA ABSTRACT

The study is titled "Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model in Discussion Learning: Classroom Action Research at Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung Academic Year 2012-2013" . This study was conducted to determine: (1) the expression ability of Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung in learning discussion before using Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model, (2) the preparation, action, observation and the reflection in the cycle I and II learning discussion after using Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model at Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung, (3) the ability of Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model in delivering opinion in the discussion after using Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model in cycle I and II , and (4) comparison of the expression ability in the discussion before and after learning using Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model.

This research is a classroom action research. The research subjects is 30 (thirty) students of Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung Academic Year 2012-2013. This classroom action research was conducted in two cycles comprising the steps of preparation, action, observation and reflection. To measuring the ability of students, conducted tests at the beginning and end of each cycle.

From the research it can be concluded that the initial conditions of expression capability of Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung Academic Year 2012-2013 in learning the discussions are still low. Of 30 students, 24 students (80 %) has Less criteria, 5 students (16,7 %) has Very Less criteria, and 1 student (3,3 %) has Self criteria. Having labored through the act of learning use Think Pair and Share Type of Cooperative Learning Model in cycle I and II, the expression ability of Class X-2 Kartika High School XIX-2 Bandung Academic Year 2012-2013 in Bandung in the learning of discussion is increases. Of 30 students, in the first cycle, there are 18 students (60 %) has Enough criteria and 12 students (40 %) has Less criteria . While in the second cycle, 3 students (10 %) has Both criteria, 23 students (76,7 %) has Self criteria, and 4 students (13,3 %) has Less criteria.


(7)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iii

DAFTAR EUSI ... v

DAFTAR TABÉL ... viii

DAFTAR BAGAN ... ix

DAFTAR GRAFIK ... x

DAFTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Wangenan Operasional ... 6

1.6 Anggapan Dasar ... 7

BAB II MODEL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA 2.1 Kaparigelan Nyarita ... 9

2.2 Pangajaran Sawala di SMA/SMK/MA ... 11


(8)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan ... 21

3.2 Séting Panalungtikan ... 21

3.2.1 Lokasi Panalungtikan ... 21

3.2.2 Subyék Panalungtikan ... 21

3.2.3 Waktu Panalungtikan ... 22

3.3 Rarancang Tindakan ... 22

3.4 Prosédur Panalungtikan ... 23

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 27

3.6 Instrumén Panalungtikan ... 28

BAB IV MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA 4.1 Gambaran Umum SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung ... 33

4.2 Kondisi Awal Kamampuh Siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina Nepikeun Sawangan dina Pangajaran Sawala ... 34

4.2.1 Rarancang Pangajaran ... 35

4.2.2 Prak-prakan Pangajaran ... 37

4.2.3 Hasil Pangajaran ... 35

4.3 Prak-prakan Pangajaran Sawala di Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung Ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair and Share ... 44

4.3.1 Siklus I ... 44

4.3.1.1 Rarancang ... 44

4.3.1.2 Prak-prakan Pangajaran ... 51

4.3.1.3 Observasi ... 53

4.3.1.4 Réfléksi ... 56

4.3.1.5 Hasil Pangajaran... 56

4.3.2 Siklus II ... 59

4.3.2.1 Rarancang ... 59


(9)

4.3.2.3 Observasi ... 66

4.3.1.4 Réfléksi ... 56

4.3.1.5 Hasil Pangajaran... 56

4.4 Babandingan Kamampuh Siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina Nepikeun Sawangan dina Pangajaran Sawala Duna Siklus I jeung Siklus II ... 71

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 75

5.2 Saran ... 77

DAFTAR PUSTAKA ... 78

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 80


(10)

DAFTAR TABÉL

Tabél Kaca

1.1 Faktor nu Nyababkeun Siswa Teu Mampuh Nétélakeun Sawangan

Pribadina ... 1

2.1 Standar Kompeténsi, Kompeténsi Dasar, jeung Materi Nyarita di Kelas X SMA/SMK/MA ... 13

3.1 Standar Kompeténsi, Kompeténsi Dasar, jeung Materi nu Dimekarkeun ... 24

4.1 Jumlah Siswa SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung Opat Taun Ahir 33 4.2 Guru jeung Tanaga Katatalaksanaan SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung ... 34

4.3 Standar Kompeténsi, Kompeténsi Dasar, Indikator, jeung Karakter Pangajaran Sawala di Kelas X SMA ... 36

4.4 Aspék Produksi Sawangan Siswa ... 40

4.5 Hasil Tés Awal Kamampuh Nepikeun Sawangan Siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung ... 41

4.6 SKKD nu Dimekarkeun dina Siklus I ... 44

4.7 Data Hasil Observasi Kinerja Guru dina Siklus I ... 54

4.8 Hasil Tes Siklus I ... 57

4.9 SKKD nu Dimekarkeun dina Siklus II ... 59

4.10 Data Hasil Observasi Kinerja Guru dina Siklus II ... 66

4.11 Hasil Tes Siklus II ... 69


(11)

DAFTAR BAGAN

Bagan Kaca


(12)

DAFTAR GRAFIK

Grafik Kaca

4.1 Cangkingan Hasil Tes Awal Kamampuh Nepikeun Sawangan

Siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung ... 43 4.2 Cangkingan Hasil Tes Kamampuh Nepikeun Sawangan Siswa

Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina Siklus I ...

58 4.3 Cangkingan Hasil Tes Kamampuh Nepikeun Sawangan Siswa

Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina Siklus II ...

71 4.4 Babandingan Hasil Tés Siklus I jeung II

...


(13)

DAFTAR LAMPIRAN

Lamp. Kaca

1 Penilaian Awal, Siklus I, jeung Siklus II ...

80 2 Total hasil Tes Awal, Siklus I, jeung Siklus II

...

98

3 Foto-foto Kagiatan PTK 101

4 Lembar Observasi Kinerja Guru 105

5 Lembar Observasi Aktivitas Siswa 110

6 RPP jeung Soal 111

7 Silabus 116

8 SK Pembimbing Skripsi 118


(14)

Iyan Sandiana, 2013

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Kamampuh sawala dina pangajaran basa Sunda baris patali jeung kaparigelan siswa dina nepikeun pikiran atawa sawangan kalawan écés. Pikeun nepikeun éta pikiran téh diperlukeun kamampuh siswa dina ngagunakeun basa sacara éféktif jeung kamampuh nerapkeun palanggeran nyarita nu hadé. Tingkat kamampuh nyarita nu hadé téh merlukeun prosés.

Dina kanyataan sapopoé, réa siswa nu ngalaman masalah dina prakna pangajaran nyarita. Éta hal bisa kapaluruh tina peunteun nu aya dina posisi handapeun kriteria ketuntasan minimal (KKM). Leuwih legana, pasualan sarupa kitu bisa dipaluruh ogé tina jawaban siswa nalika ngaréspon pertanyaan lisan ti guruna.

Hasil tina observasi ka tilu puluh urang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina prakna pangajaran sawala, katémbong yén mayoritas siswa ngalaman masalah. Éta masalah téh pangpangna mah nyampak dina teu mampuhna siswa nétélakeun sawanganana kana pasualan nu disawalakeun. Tina tilu puluh urang siswa téh ukur tujuh urang (21,2%) nu katémbong mampuh nétélakeun sawangan pribadina kana pasualan nu disawalakeun. Ari sésana nu dua puluh tilu urang (78,8%) katitén teu mampuh nétélakeun sawangan pribadina kana pasualan nu disawalakeun.

Teu mampuhna siswa dina nétélakeun sawangan pribadina kana pasualan nu disawalakeun téh aya sababna. Sabada dipaluruh ngagunakeun angkét, éta faktor téh pangpangna museur dina tilu pasualan sakumaha ébréh dina tabél ieu di handap.

Tabél 1.1

Faktor nu Nyababkeun Siswa Teu Mampuh Nétélakeun Sawangan Pribadina

No. Faktor %

1 Teu nyaho naon nu kudu ditétélakeun 19,2%


(15)

2

3 Sieun salah 65,4%

Dumasar kana tabél 1.1 di luhur, siswa teu mampuh nétélakeun sawangan pribadina dina sawala téh dilantarankeun ku tilu hal. Di antara éta tilu hal, nu pangréana disanghareupan ku siswa nyaéta ngarasa sieun salah (65,4%). Sésana, 19,2% alatan teu nyaho naon nu kudu ditétélakeun jeung 15,4% ngarasa éra nu béh dituna sieun diseungseurikeun ku babaturanana. Ku éta hal, atra pisan yén Standar Kompetensi Lulusan (SKL) aspék nyarita di SMA tangtu moal kahontal kalawan hadé.

Pikeun ngungkulan éta pasualan téh diperlukeun rupa-rupa tarékah. Salasahiji tarékah nu bisa diusahakeun di antarana patali jeung model pangajaran nu digunakeun dina prakna pangajaran sawala. Ku éta hal, model pangajaran kooperatif tipe think pair and share bisa dipraktékkeun. Pangajaran kooperatif mangrupa modél pangajaran nu bisa mantuan guru maparinan kalaluasaan ka siswa pikeun nerapkeun pangaweruh nu dipibandana. Prosés pangajaranana lumangsung alamiah dina kagiatan siswa digawé, ngalaman, niténan, jeung manggihan sorangan, lain mangrupa pangajaran dina wangun transfer pangaweruh ti guru ka siswa.

Tipe think pair and share dina pangajaran kooperatif ngalatih siswa pikeun mikir jeung silitukeur pikiran, boh jeung babaturan sabangku boh jeung sakelas. Kagiatan mikir jeung silitukeuran pikiran bisa ngundakkeun hasil diajar patali jeung ranah kognitif, sabab siswa salawasna diperedih pikeun ancrub dina prosés pangajaran sacara gembleng sangkan bisa ngajawab unggal pertanyaan dina sawala. Ciri pangpokona tipe think pair and share dina pangajaran kooperatif téh nyaéta tilu lengkah nu dilaksanakeun dina proses pangajaran.


(16)

3

Iyan Sandiana, 2013

2) guru ogé mibanda waktu jeung konséntrasi nu leuwih laluasa pikeun ngaregepkeun, niténan, jeung ngaréspon jawaban siswa, nepi ka engkéna dipiharep bisa méré pertanyaan liana nu leuwih luhur tingkatanana.

Panalungtikan perkara ngaronjatkeun kamampuh nyarita nu patali jeung pangajaran debat kungsi dilaksanakeun ku Arif Firmansyah (2010), judulna ”Éféktivitas Modél Debat Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita: Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2010/2011”. Éta panalungtikan miang tina masalah minat jeung kamampuh siswa dina pangajaran nyarita nu dicoba dironjatkeun ku cara digunakeunakeunana modél debat dina pangajaranana. Hasil panalungtikanana ngébréhkeun: 1) kurangna kamampuh jeung minat siswa dina pangajaran nyarita kalawan ngagunakeun basa Sunda nu bener; jeung 2) ronjatna hasil diajar siswa dina pangajaran nyarita nu ngagunakeun modél debat.

Salian ti panalungtikan nu museur kana masalah kamampuh nyarita dina debat, aya deuih panalungtikan nu patali jeung kamampuh nyarita lianna. Di antarana nyaéta “Métode Sugéstopédia pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Dongéng (Mochamad Angga Surya Kusumah, 2012), “Pamarekan SAVI (Somatis Auditori

Visual Intelektual) pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Nyaritakeun Pangalaman:

panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas VII-B SMP Negeri 12 Bandung Taun Ajaran 2011-2012” (Ratna Shinta Sukowati Suwarto, 2012), jeung “Pangaruh Makéna Basa Indung di Lingkungan Kulawarga kana Préstasi Diajar Nyarita Basa Sunda Siswa Kelas XI SMA Pasundan 3 Bandung” (Fuji Arti Nugraha, 2008). Panalungtikan Mochamad Angga Surya Kusumah museurkeun paniténna kana kaparigelan nyaritakeun dongéng, ari panalungtikan Ratna Shinta Sukowati Suwarto mah museurkeun paniténna kana kaparigelan nyaritakeun pangalaman. Panalungtikan Fuji Arti Nugraha teu museurkeun kana hiji kaparigelan nyarita nu tangtu, tapi patali jeung préstasi diajar siswa dina aspék kaparigelan nyarita sacara gembleng. Hasil éta tilu panalungtikan ngébréhkeun ronjatna kaparigelan nyarita sabada dilaksanakeun


(17)

4

pangajaran ngagunakeun Métode Sugéstopédia jeung SAVI (Somatis Auditori Visual

Intelektual), sarta ayana pangaruh nu signifikan pamakéan basa indung kana préstasi

diajar nyarita.

Ieu panalungtikan béda jeung panalungtikan-panalungtikan nu ditataan di luhur. Salian ti modél pangajaranana, aspék kaparigelan nyarita nu ditalungtik ogé leuwih museur kana kaparigelan nyarita dina sawala. Dibandingkeun jeung panalungtikan Arif Firmansyah misalna, ébréh pisan bédana. Sok sanajan sarua masualkeun aspék nyarita dina sawala, aya bédana pangpangna dina puseur masalahna. Debat (sawala) dina panalungtikan Arif Firmansyah leuwih kana métode, ari dina ieu panalungtikan mah sawala téh jadi aspék kaparigelan nyarita nu ditalungtikna.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, perlu diayakeun panalungtikan. Ku kituna, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur dina kagiatan panalungtikan tindakan kelas (PTK) ngeunaan “Model Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair And

Share dina Pangajaran Sawala: Panalungtikan Tindakan Kelas di Kelas X-2 SMA

Kartika XIX-2 Kota Bandung”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Watesan masalah dina panalungtikan diperlukeun pikeun nangtukeun arah panalungtikan sangkan leuwih jéntré tur museur kana tujuan. Ku kituna, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan ku dipuseurkeun kana panalungtikan tindakan kelas pangajaran sawala di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung anu ngagunakeun


(18)

5

Iyan Sandiana, 2013

a) Kumaha kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala saméméh ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina prapanalungtikan?

b) Kumaha persiapan, prak-prakan, panitén, jeung hasil réfléksi dina siklus I jeung II pangajaran sawala ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair

and Share di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung?

c) Kumaha kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina siklus I jeung II?

d) Kumaha babandingan kamampuh siswa kelas X-A SMKN 1 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala saméméh jeung sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina siklus I jeung II?

1.3Tujuan Panalungtikan

Sakumaha rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan tindakan kelas mibanda tujuan pikeun ngagambarkeun:

a) kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala saméméh ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina prapanalungtikan;

b) persiapan, prak-prakan, panitén, jeung hasil réfléksi dina siklus I jeung II pangajaran sawala ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair

and Share di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung;

c) kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina siklus I jeung II;

d) babandingan kamampuh siswa kelas X-A SMKN 1 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala saméméh jeung sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina siklus I jeung II.


(19)

6

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan tindakan kelas dipiharep mere mangpaat, boh sacara tioritis boh sacara praktis, sakumaha di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan tindakan kelas dipiharep bisa dimangpaatkeun pikeun bahan dina milih cara nu éféktif dina ngajarkeun sawala jeung ngundakkeun kamampuh siswa dina nyarita.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan tindakan kelas dipiharep bisa dimangpaatkeun:

a) pikeun prosés diajar-ngajar, bisa dijadikeun salasahiji tarékah ngareonjatkeun kualitas pangajaran basa jeung sastra Sunda;

b) pikeun guru, bisa dijadikeun alternative dina ngajarkeun sawala jeung ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nyarita;

c) pikeun siswa, bisa dijadikeun pangalaman nyangking kamampuh nyarita utamana dina sawala; jeung


(20)

7

Iyan Sandiana, 2013

Pangajaran kooperatif mangrupa modél pangajaran nu bisa mantuan guru maparinan kalaluasaan ka siswa pikeun nerapkeun pangaweruh nu dipibandana. Prosés pangajaranana lumangsung alamiah dina kagiatan siswa digawé, ngalaman, niténan, jeung manggihan sorangan, lain mangrupa pangajaran dina wangun transfer pangaweruh ti guru ka siswa.

2. Tipe Think Pair and Share dina Pangajaran Kooperatif

Tipe think pair and share dina pangajaran kooperatif ngalatih siswa pikeun mikir jeung silitukeur pikiran, boh jeung babaturan sabangku boh jeung sakelas. Ciri pangpokona tipe think pair and share dina pangajaran kooperatif téh nyaéta tilu lengkah nu dilaksanakeun dina proses pangajaran. Éta tilu lengkah téh nyaéta think (mikir individual), pair (badami jeung babaturan sabangku), jeung share (silitukeur jawaban atawa pikiran jeung babaturan sakelas).

3. Pangajaran Sawala

Sawala nyaéta ngabéla bebeneran dina kumpulan, parebut paham, tukeur pikiran, Sawala téh bisa disebut ogé debat nu asalna tina basa Walanda. Débat nyaéta perkara anu diparéntahkeun ku syariat pikeun nétélakeun anu haq (bener) jeung ngabatalkeun anu batil (salah). Dina pangajaran basa Sunda di SMA/SMK/MA sawala mangrupa salasahiji kompeténsi dasar nu kudu dicangking ku siswa kelas X, nu kalibet dina aspék nyarita.

1.6Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan tindakan kelas di antarana ditétélakeun ieu di handap.

a) Pangajaran sawala kaasup kana matéri poko nu aya dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar nu kudu dihontal ku siswa dina pangajaran basa jeung sastra Sunda.


(21)

8

c) Pangajaran kooperatif mangrupa modél pangajaran nu bisa mantuan guru maparinan kalaluasaan ka siswa pikeun nerapkeun pangaweruh nu dipibandana, sabab proses pangajaranana lumangsung alamiah dina kagiatan siswa digawé, ngalaman, niténan, jeung manggihan sorangan, lain mangrupa pangajaran dina wangun transfer pangaweruh ti guru ka siswa.

d) Tipe think pair and share dina pangajaran kooperatif ngalatih siswa pikeun mikir jeung silitukeur pikiran, boh jeung babaturan sabangku boh jeung sakelas.

e) Tipe think pair and share dina pangajaran kooperatif ngawengku tilu léngkah, nyaéta think (mikir individual), pair (badami jeung babaturan sabangku), jeung


(22)

Iyan Sandiana, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan mangrupa hiji panalungtikan tindakan kelas (PTK). PTK téh asalna tina istilah basa Inggris Classroom Action Research (CAR), nyaéta panalungtikan perkara tindakan nu dilakukeun di hiji kelas pikeun mikanyaho hasil tindakan nu diterapkeun ka objék panalungtikan di éta kelas. Sacara leuwih lega, PTK mibanda harti salaku panalungtikan nu tujulna kana nerapkeun hiji tindakan kalawan tujuan pikeun ngaronjatkeun kualitas pangajaran atawa ngungkulan masalah nu disanghareupan ku subjék panalungtikan tur niténan hasil atawa akibat tina tindakan nu dilakukeun. Hasil nitenan téh jadi dadasar pikeun ngayakeun tindakan satuluyna nu sipatna nyampurnakeun atawa nyaluyukeun nepi ka kahontal hasil nu leuwih hadé.

3.2Séting Panalungtikan 3.2.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan tindakan kelas dilaksanakeun di SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung. SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung mangrupa sakola nu dikelola ku Yayasan Kartika Jaya Cabang XIX Siliwangi. Lokasi sakolana di Jalan Pak Gatot Raya 73S KPAD, Kacamatan Sukasari, Kota Bandung. Sedengkeun lokasi yayasanna mah di Jalan Sumbawa Nomer 32, Kota Bandung. SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung mimiti diadegkeun taun 1979. Kiwari dipingpin ku kapala sakola Dra. Hj. Mardiana Sofianingsih.

3.2.2 Subyék Panalungtikan

Subyék dina ieu panalungtikan tindakan kelas nyaéta 30 (tilu puluh) urang siswa kelas X-2. Ngaliwatan hiji panalungtikan tindakan kelas, masalah nu


(23)

22

disanghareupan ku siswa dina pangajaran sawala téh ditarékahan diungkulan ku cara ngayakeun tindakan pangajaran sawala ngagunakeun model pangajaran kooperatif tipe think pair and share.

3.2.3 Waktu Panalungtikan

Pangajaran sawala di Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair and Share dilaksanakeun dina dua siklus Panalungtikan Tindakan Kelas. Siklus I dilaksanakeun dina poé Kemis, 22 Agustus 2013. Sangkan teu nimbulkeun rasa jenuh jeung sangkan diskusi bisa fokus, tindakan dina siklus II dilaksanakeun saminggu sabadana siklus I, nyaéta dina poé Kemis, 29 Agustus 2013.

3.3 Rarancang Tindakan

Désain panalungtikan nu dilakukeun diadaptasi tina model panalungtikan tindakan kelas nu ditétélakeun ku Arikunto (2010). Sacara gurat badag, aya opat tahap nu dilakonan dina ieu panalungtikan tindakan kelas, nyaéta (1) rarancang; (2) prak-prakan; (3) paniténan; jeung (4) réfléksi. Éta tahapan dilaksanakeun dina runtuyan kagiatan nu disebut siklus sakumaha bagan ieu di handap.


(24)

23

Iyan Sandiana, 2013

Bagan 3.1: Siklus PTK (Arikunto, 2010)

Dumasar bagan 3.1 di luhur, ieu panalungtikan kelas ngawengku dua siklus nu silipakait. Sanajan dirarancang ukur dua siklus, teu nutup kamungkinan dina prakna mah siklusna nambahan dumasar jeung kabutuhan atawa hasil dua siklus saméméhna. Unggal siklus ngawengku tahap rarancang, prak-prakan, niténan, jeung réfléksi. Siklus kahiji pakait jeung siklus kadua dumasar kan hasil réfléksi.

3.4 Prosédur Panalungtikan

Ieu panalungtikan tindakan kelas dilaksanakeun dina sawatara tahap. Éta tahap-tahap téh ngawengku idéntifikasi masalah pangajaran sawala di SMA,

Rarancang

Réfléksi SIKLUS 1 Prak-prakan

Niténan

Rarancang

Réfléksi SIKLUS II Prak-prakan

Niténan


(25)

24

ngararancang tindakan, prakna tindakan, observasi, jeung réfléksi sakumaha ditétélakeun ieu di handap.

1. Idéntifikasi Masalah Pangajaran Sawala di SMA

Dina ieu tahap, diidéntifikasi masalah nu nyampak dina pangajaran sawala. Panalungtik ngalaksanakeun observasi langsung ka SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung. Ari target observasina ngawengku matéri, métode, jeung media pembelajarn nu dipaké, peran guru, sarta évaluasi nu dilaksanakeun nalika pangajaran sawala lumangsung.

2. Ngararancang Tindakan

Sabada masalah nu disanghareupan dina pangajaran sawala di SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung kaidéntifikasi, tahap saterusna nyaéta ngararancang tindakan pikeun ngungkulan éta pasualan. Tahap kagiatan nu dilakeukeunana ngawengku: (1) netepkeun fokus masalah, nyaéta ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala kalawan ngagunakeun model pangajaran kooperatif tipe think pair and share; (2) netepkeun kelas nu digunakeun salaku objék panalungtikan, nyaéta kelas X-2 nu siswana 30 (tilu puluh) urang; (3) nyusun program pangajaran sawala kalawan ngagunakeun model pangajaran kooperatif tipe

think pair and share; (4) nyusun padoman observasi jeung tes; jeung (5) ngayakeun

simulasi pangajaran sawala kalawan ngagunakeun model pangajaran kooperatif tipe

think pair and share.

Kompetensi dasar nu dimekarkeun dina ieu panalungtikan nyaéta sawala kelompok. Alesan dipilihna éta kompeténsi dasar téh nyaéta 1) panalungtikan dilaksanakeun dina semester 1, nepi ka teu ngaganggu alokasi waktu nu geus


(26)

25

Iyan Sandiana, 2013

fungsina dina kagiatan komunikasi dina kahirupan sapopoé, nepi ka pangabutuh kacangkingna éta kaparigelan kaitung penting.

Sangkan leuwih jéntré, standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar nu dimekarkeun dina ieu panalungtikan bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Standar Kompeténsi, Kompeténsi Dasar, jeung Materi nu Dimekarkeun

Standar Kompeténsi Kompeténsi Dasar Matéri

10.2 Mampu berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan dalam menceritakan pengalaman, berpidato, bercerita, bercakap-cakap dan berdiskusi kelompok

10.2.5 Berdiskusi

kelompok

Diskusi

3. Tahapan PTK

Ieu panalungtikan tindakan kelas dilaksanakeun dina dua siklus. Prak-prakan éta dua siklus téh bisa dititénan ieu di handap.

1) Siklus I

Kagiatan dina siklus I ngawengku: 1. Rarancang Tindakan

1) Nyusun rencana pelaksanaan pangajaran (RPP) jeung alat évaluasi nu diluyukeun jeung model pangajaran kooperatif tipe think pair and share; 2) Nyusun padoman évaluasi diri siswa, padoman jeung lambar observasi

kagiatan pangajaran sawala ngagunakeun jeung model pangajaran kooperatif tipe think pair and share.


(27)

26

2. Pelaksanaan Tindakan

Ngalaksanakeun tindakan pangajaran kahiji luyu jeung rarancang dina RPP. Dina ieu tahap, Model Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair and Share dikenalkeun sangkan siswa ngarti kana prosédurna.

3. Pengamatan

Salila prosés pangajaran, dilaksanakeun observasi ku guru liana pikeun niténan aktivitas guru (panalungtik) jeung siswa. Dina ieu tahap, nu niténan (observer) ngalakukeun kagiatan niténan prak-prakan prosés pangajaran, aktivitas guru, jeung aktivitas siswa. Tujuanana pikeun nyangking data jeung bukti hasil tindakan nu dilakukeun. Éta data tuluy diévaluasi pikeun dijadikeun dasar dina tahap réfléksi.

4. Réfléksi

Kagiatan réfléksi dilakukeun dumasar hasil observasi, évaluasi hasil pangajaran, jeung évaluasi diri siswa. Salian ti éta, koméntar ti siswa perkara kalumangsungan pangajaran ogé dijaadikeun bahan réfléksi. Hasil réfléksi téh dijadikeun bahan pikeun ngoméan jeung ngaronjatkeun prak-prakan tindakan dina siklus II.

2) Siklus II

Kagiatan dina siklus II ngawengku: 1. Rarancang Tindakan

1) Nyusun rencana pelaksanaan pangajaran (RPP) jeung alat évaluasi nu diluyukeun jeung model pangajaran kooperatif tipe think pair and share dumasar hasil réfléksi siklus I;


(28)

27

Iyan Sandiana, 2013

Ngalaksanakeun tindakan pangajaran kadua luyu jeung rarancang dina RPP katut hasil réfléksi siklus I. Dina ieu tahap, Model Pangajaran Kooperatif Tipe

Think Pair and Share dimodifikasi prosédurna.

3. Pengamatan

Salila prosés pangajaran, dilaksanakeun observasi ku guru liana pikeun niténan aktivitas guru (panalungtik) jeung siswa. Dina ieu tahap, nu niténan (observer) ngalakukeun kagiatan niténan prak-prakan prosés pangajaran, aktivitas guru, jeung aktivitas siswa. Tujuanana pikeun nyangking data jeung bukti hasil tindakan nu dilakukeun. Éta data tuluy diévaluasi pikeun dijadikeun dasar dina tahap réfléksi.

4. Réfléksi

Kagiatan réfléksi dilakukeun dumasar hasil observasi, évaluasi hasil pangajaran, jeung évaluasi diri siswa. Salian ti éta, koméntar ti siswa perkara kalumangsungan pangajaran ogé dijadikeun bahan réfléksi. Dina ieu tahap, naon hal anu kacangking salila tahap prak-prakan tindakan jeung observasi téh diévaluasi. Sabada tindakan dilakukeun, observer ngalakukeun diskusi jeung panalungtik perkara impléméntasi rarancang tindakan. Dina ieu tahap baris kapaluruh hal-hal nu katitén geus nyugemakeun jeung nu kudu dioméan. Éta hal dieuyeuban ku saran jeung sawangan ti panalungtik, guru, jeung observer ngeunaan hal-hal naon nu kudu dioméan sangkan hasil panalungtikan leuwih hadé.

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dina ieu panalungtikan tindakan kelas dikumpulkeun ngagunakeun téhnik tés jeung observasi, sakumaha ditétélakeun ieu di handap.

1) Tés

Dina ieu panalungtikan tindakan kelas, tés nu dilakukeun mangrupa tés awal jeung tés ahir. Éta tés dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa kelas X-2 SMA


(29)

28

Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala. Tés awal dilakukeun saméméh pangajaran ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina prapanalungtikan. Ari tés ahir dilakukeun sabada pangajaran ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share.

2) Observasi

Observasi mangrupa téhnik ngumpulkeun data nu dilakukeun ku cara niténan sacara langsung kagiatan-kagiatan nu dilaksanakeun. Iéu téhnik digunakeun sangkan panalungtik kenal jeung paham sacara gembleng (kompréhénsif) kana subyék nu ditalungtikna ngaliwatan prosés niténan langsung. Dina ieu panalungtikan tindakan kelas, panalungtik niténan sacara langsung kagiatan pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share, nepi ka kacangking gambaran ngeunaan kumaha prak-prakanana éta modél pangajaran jeung kumaha hasilna.

Observasi nu dilakukeun ku panalungtik dina ieu panalungtikan tindakan kelas utamana pikeun niténan:

1) kagiatan guru SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina prosés pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share;

2) kagiatan siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina prosés pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair

and Share;

3) persiapan, prak-prakan, panitén, jeung hasil réfléksi dina siklus I jeung II pangajaran sawala ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair


(30)

29

Iyan Sandiana, 2013

3.6 Instrumén Panalungtikan

Data nu diperlukeun dina ieu panalungtikan tindakan kelas nyaéta kamampuh siswa kelas X-A SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina pangajaran sawala saméméh jeung sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think

Pair and Share. Luyu jeung téhnik panalungtikan, sangkan éta data kacangking

digunakeun instrument nu mangrupa lembar penilaian tés jeung lembar observasi.

1) Lembar Penilaian Tes

Lembar penilaian tés nu digunakeun dina ieu panalungtikan tindakan kelas nagunakeun métode skor. Panalungtik mere niléy ku cara ngeusian skor dina kolom niléy dumasar skala 1-5, pikeun aspék kognitif, aféktif, jeung psikomotor nu formatna sakumaha ieu di handap.

1) Penilaian Kognitif

No. Ngaran Siswa Aspek Nu Diniléy

Eusi Organisasi Diksi Adegan

1. Skala skor 1-5

2. Niléy Maksimal : 5 X 4 = 20 3. Niléy Kognitif =

x 10

2) Penilaian Afektif

No. Ngaran Siswa Aspek Sikep


(31)

30

Keterangan : a = Tekun b = Perhatian c = Disiplin d = Mikir Kreatif e = Rukun Gawé

f = Ngahargaan Sawangan Siswa Lianna g = Nepikeun Sawangan Sorangan

Skala Sikep : 1 = Kurang Pisan 2 = Kurang 3 = Cukup 4 = Hadé 5 = Hadé Pisan

Niley Maksimal : 7 X 5 = 35 Niley Afektif :

x 10

5) Penilaian Psikomotor

No. Ngaran Siswa Niléy

1 2 3

Keterangan:

1 = siswa aktif nanya 2 = siswa aktif ngajawab

3 = siswa aktif dina ngamunculkeun ide/gagasan

Skala Niley 1-5

Niléy Maksimal : 5x3 = 15 Niléy Psikomotor :


(32)

31

Iyan Sandiana, 2013

TN = NK + NAf + NP Katerangan: TN = Total Niléy

NK = Niléy Kognitif NAf = Niléy Aféktif NP = Niléy Psikomotor

Perséntaseu data digunakeun pikeun niténan gedé-leutikna frékuénsi jawaban nu diitung kalawan rumusna:

yén: % = Persentase nu dipaluruh TN = Niléy nu dicangking N = Niléy maksimal 100 = Bilangan tetep

Sabada diperséntaseukeun, niléy téh ditafsirkeun pikeun nyangking gambaran nu écés tina jawaban unggal siswa. Kritéria nafsirkeun data pikeun kapentingan ieu panalungtikan tindakan kelas nyaéta:

86% - 100% : Hadé Pisan 66% - 85% : Hadé 50% - 65% : Cukup 31% - 49% : Kurang 0% - 30% : Kurang Pisan

Format-format tés di luhur digunakeun dina meunteun kamampuh siswa dina nétélakeun sawangan kana pasualan nu dipedar dina prakna pangajaran. Tés nu dilaksanakeun ngawengku tés awal, tés siklus I, jeung tés siklus II. Ieu di handap papancén nu ditibankeun ka siswa dina unggal tés.


(33)

32

(1) Kumaha sawangan hidep patali jeung pamakéan basa Sunda di lingkungan nonoman Sunda?

2. Tés Siklus I

(1) Kumaha sawangan hidep kana tatakrama basa Sunda, naha perlu atawa henteu?

(2) Kumaha sawangan hidep kana sawangan babaturan ngeunaan perlu henteuna tatakrama basa Sunda?

3. Tés Siklus II

(1) Tétélakeun kapunjulan jeung kahéngkéran tina sakur sawangan nu nyebutkeun perlu henteuna tatakrama basa Sunda!

7) Lembar Observasi

Lembar observasi dina ieu panalungtikan tindakan kelas digunakeun pikeun niténan aktivitas siswa kelas X-A SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran sawala saméméh jeung sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share. Nu niténan (observer) méré skor skala 1-4 pikeun kritéria-kritéria nu tangtu patali jeung aktivitas guru sarta siswa dina persiapan, prak-prakan, panitén, jeung hasil réfléksi pangajaran sawala ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung.

Lembar observasi nu digunakeun, formatna bisa dititénan dina bagian lampiran ieu panalungtikan.


(34)

Iyan Sandiana, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar kacindekan hasil panalungtikan tindakan kelas perkara Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina pangajaran sawala di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung. Sabada dicindekkeun, dipedar saran-saran nu patali jeung hasil panalungtikan.

5.1Kacindekan

Dumasar pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal sakumaha ieu di handap.

a) Kondisi awal kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala téh asor kénéh. tina tilu puluh urang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung, dua puluh opat urang siswa (80 %) aya dina kritéria Kurang (K), lima urang siswa (16,7 %) aya dina kritéria Kurang Pisan (KP), saurang siswa (3,3 %) aya dina kriteria Cukup (C) . Ari siswa nu nyangking kritéria Hadé Pisan (HP) jeung Hadé (H) mah teu aya (séwang-séwang 0%).

b) Tarékah pikeun ngundakkeun kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala téh salasahijina bisa ngaliwatan Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair

and Share. Pangajaran sawala di Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota

Bandung ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair and

Share dilaksanakeun dina dua siklus Panalungtikan Tindakan Kelas. Dina

unggal siklus dilaksanakeun séwang-séwang sakali tindakan. Unggal tindakan dina siklus I jeung II ngawengku opat tahap. Éta opat tahap téh ngawengku rarancang, prak-prakan, observasi, jeung réfléksi.

c) Dumasar hasil tés dina unggal siklus I jeung II, dicangking data kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe


(35)

76

Think Pair and Share. Dina siklus I, tina tilu puluh urang siswa kelas X-2

SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung, dalapan belas urang siswa (60 %) aya dina kritéria Cukup (C), dua belas urang siswa (40 %) aya dina kritéria Kurang (K), Ari siswa nu nyangking kritéria Hadé Pisan (HP), Hade (H) ,jeung Kurang Pisan (KP) mah teu aya (séwang-séwang 0%). Dumasar éta hal, bisa dicindekkeun yén kamampuh siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina siklus I pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share téh cukup. Sok sanajan cukup, perlu aya siklus II sangkan kamampuh siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan téh undak atawa nyugemakeun.Dumasar hasil tés siklus II, tina tilu puluh urang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung, dua puluh tilu urang siswa (76,7 %) aya dina kritéria Cukup (C), opat urang siswa (13,3 %) aya dina kritéria kurang (K), tilu urang siswa (10 %) aya dina kritéria Hadé (H) jeung Ari siswa nu nyangking kritéria Hade Pisan (HP) jeung Kurang Pisan (KP) mah teu aya (séwang-séwang 0%).

d) Hasil tés kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina unggal siklus bisa dibandingkeun. Kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share téh undak. Dina siklus I, teu aya siswa (0%) nu nyangking kritéria Hadé Pisan (HP), Hade (H), jeung Kurang Pisan (KP), 12 urang siswa (40%) aya dina kritéria kurang (K), dalapan belas urang siswa (60 %) aya dina kritéria cukup (C). Éta hasil téh robah ku cara undak kritériana dina siklus II. Dina siklus II, tilu urang


(36)

77

Iyan Sandiana, 2013 5.2Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan tindakan kelas ngeunaan kamampuh nepikeun sawangan ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair

and Share, ieu ditétélakeun saran-saran.

a) Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share kaasup éféktif pikeun pangajaran sawala, ku kitana disarankeun sangkan dipaké dina kagiatan diajar-ngajar nyarita, utamana dina matéri sawala.

b) Guru basa Sunda dipalar parigel dina milih jeung nangtukeun téhnik ngajar sangkan siswa bisa kahudang minatna, nu antukna bisa ngundakkeun préstasi siswa.

c) Disarankeun sangkan dina prakna diajar-ngajar téh ngagunakeun téhnik nu luyu jeung matéri nu baris diajarkeun ka siswa, sangkan siswa teu ngarasa bosen nalika diajar.


(37)

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan: Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Blanchard, A., 2000, Contextual Teaching and Learning (Online), Tersedia: Contextual. Htm (16 Juni 2003).

Buchori, Muchtar. Pendidikan Sekolah Belum Menyenangkan, Kompas, 28 Februari 2003.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Disdik Jabar.

Ditjen Dikdasmen Depdiknas RI. 2003. Pendekatan Kontekstual (Contextual

Teacing and Learning(CTL). Jakarta: Ditjen Dikdasmen.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to design and Evaluate

Researc in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gafur, Abdul. 1986, Desain Instruksional: Langkah Sistematis Pengembangan

Pengajaran; Sala: Tiga Serangkai.

Gafur, Abdul. 2003. “Penerapan Konsep dan Prinsip Pembelajaran Kontekstual (Contextual Teaching and Learning (CTL) dalam Pengembangan Bahan Ajar Ilmu-Ilmu Sosial”. Makalah, disampaikan dalam Seminar dan Lokakarya Penyusunan Kriteria Buku Pelajaran, Kerangka Naskah dan Bab Contoh PPKn, Geografi, Biologi dan Kimia, Pusat Perbukuan Depdiknas.

Hanna, P. jeung J. Lee. 1962. “Content in the Social Studies”. Dina J.U. Michaekis (Editor). 1962. Social Studies in Elementary Schools 32nd

Yearbook. Washington D.C: NCSS.

Hopkins, David. 1992. A Teacher’s Guide to Classroom Research. Philladelphia:


(38)

Iyan Sandiana, 2013

Miles, Matthew B. jeung A. Michael Huberman. 1994. Qualitative Data Analysis:

An Expanded Sourcebook. London: SAGE Publications.

Prawirasumantri, Abud, Drs. H., dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum

Berbasis Kompetensi Mata Pelajaran Bahasa Daerah (Sunda) untuk Guru SD dan SMP. Bandung: Geger Sunten.

Rakhmat, Jalaluddin. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya. Roestiyah, N.K. 1991. Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: Rineka Cipta.

Rusman. 2010. Model-Model Pengajaran Mengembangkan Profesionalisme

Guru. Bandung: Rajawali Press.

Sukardi, Dewa Ketut dan Nila Kusmawati. 2008. Bimbingan dan Konseling di

Sekolah. Jakarta: Rineka Cipta.

Tohirin. 2007. Bimbingan dan Konseling di Sekolah dan Madrasah: Berbasis

Integrasi. Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Tompkins, Gail E. jeung Kennet Hoskisson. 1991. Language Arts: Content an

Teaching Strategies. New York: Macmillan Publishing Company.

Usman, Moh. Uzer. 2008. Menjadi Guru Profesional. Bandung: Remaja Rosdakarya.


(1)

32

(1) Kumaha sawangan hidep patali jeung pamakéan basa Sunda di lingkungan nonoman Sunda?

2. Tés Siklus I

(1) Kumaha sawangan hidep kana tatakrama basa Sunda, naha perlu atawa henteu?

(2) Kumaha sawangan hidep kana sawangan babaturan ngeunaan perlu henteuna tatakrama basa Sunda?

3. Tés Siklus II

(1) Tétélakeun kapunjulan jeung kahéngkéran tina sakur sawangan nu nyebutkeun perlu henteuna tatakrama basa Sunda!

7) Lembar Observasi

Lembar observasi dina ieu panalungtikan tindakan kelas digunakeun pikeun niténan aktivitas siswa kelas X-A SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran sawala saméméh jeung sabada ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share. Nu niténan (observer) méré skor skala 1-4 pikeun kritéria-kritéria nu tangtu patali jeung aktivitas guru sarta siswa dina persiapan, prak-prakan, panitén, jeung hasil réfléksi pangajaran sawala ngagunakeun Model Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung.

Lembar observasi nu digunakeun, formatna bisa dititénan dina bagian lampiran ieu panalungtikan.


(2)

Iyan Sandiana, 2013

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar kacindekan hasil panalungtikan tindakan kelas perkara Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina pangajaran sawala di kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung. Sabada dicindekkeun, dipedar saran-saran nu patali jeung hasil panalungtikan.

5.1Kacindekan

Dumasar pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal sakumaha ieu di handap.

a) Kondisi awal kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala téh asor kénéh. tina tilu puluh urang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung, dua puluh opat urang siswa (80 %) aya dina kritéria Kurang (K), lima urang siswa (16,7 %) aya dina kritéria Kurang Pisan (KP), saurang siswa (3,3 %) aya dina kriteria Cukup (C) . Ari siswa nu nyangking kritéria Hadé Pisan (HP) jeung Hadé (H) mah teu aya (séwang-séwang 0%).

b) Tarékah pikeun ngundakkeun kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala téh salasahijina bisa ngaliwatan Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share. Pangajaran sawala di Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif Tipe Think Pair and Share dilaksanakeun dina dua siklus Panalungtikan Tindakan Kelas. Dina unggal siklus dilaksanakeun séwang-séwang sakali tindakan. Unggal tindakan dina siklus I jeung II ngawengku opat tahap. Éta opat tahap téh ngawengku rarancang, prak-prakan, observasi, jeung réfléksi.

c) Dumasar hasil tés dina unggal siklus I jeung II, dicangking data kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe


(3)

76

Think Pair and Share. Dina siklus I, tina tilu puluh urang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung, dalapan belas urang siswa (60 %) aya dina kritéria Cukup (C), dua belas urang siswa (40 %) aya dina kritéria Kurang (K), Ari siswa nu nyangking kritéria Hadé Pisan (HP), Hade (H) ,jeung Kurang Pisan (KP) mah teu aya (séwang-séwang 0%). Dumasar éta hal, bisa dicindekkeun yén kamampuh siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina siklus I pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share téh cukup. Sok sanajan cukup, perlu aya siklus II sangkan kamampuh siswa Kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan téh undak atawa nyugemakeun.Dumasar hasil tés siklus II, tina tilu puluh urang siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung, dua puluh tilu urang siswa (76,7 %) aya dina kritéria Cukup (C), opat urang siswa (13,3 %) aya dina kritéria kurang (K), tilu urang siswa (10 %) aya dina kritéria Hadé (H) jeung Ari siswa nu nyangking kritéria Hade Pisan (HP) jeung Kurang Pisan (KP) mah teu aya (séwang-séwang 0%).

d) Hasil tés kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share dina unggal siklus bisa dibandingkeun. Kamampuh siswa kelas X-2 SMA Kartika XIX-2 Kota Bandung dina nepikeun sawangan dina pangajaran sawala ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share téh undak. Dina siklus I, teu aya siswa (0%) nu nyangking kritéria Hadé Pisan (HP), Hade (H), jeung Kurang Pisan (KP), 12 urang siswa (40%) aya dina kritéria kurang (K), dalapan belas urang siswa (60 %) aya dina kritéria cukup (C). Éta hasil téh robah ku cara undak kritériana dina siklus II. Dina siklus II, tilu urang siswa (10 %) aya dina kritéria Hadé (H), opat urang siswa ( 13,3 %) aya dina kritéria kurang (K) jeung dua puluh tilu urang siswa (76,7 %) aya dina kritéria Cukup (C). Ari siswa nu nyangking kritéria Hade pisan jeung Kurang Pisan (KP) mah teu aya (séwang-séwang 0%).


(4)

77

Iyan Sandiana, 2013

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan tindakan kelas ngeunaan kamampuh nepikeun sawangan ngagunakeun Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share, ieu ditétélakeun saran-saran.

a) Modél Pangajaran Kooperatif tipe Think Pair and Share kaasup éféktif pikeun pangajaran sawala, ku kitana disarankeun sangkan dipaké dina kagiatan diajar-ngajar nyarita, utamana dina matéri sawala.

b) Guru basa Sunda dipalar parigel dina milih jeung nangtukeun téhnik ngajar sangkan siswa bisa kahudang minatna, nu antukna bisa ngundakkeun préstasi siswa.

c) Disarankeun sangkan dina prakna diajar-ngajar téh ngagunakeun téhnik nu luyu jeung matéri nu baris diajarkeun ka siswa, sangkan siswa teu ngarasa bosen nalika diajar.


(5)

Iyan Sandiana, 2013

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan: Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Blanchard, A., 2000, Contextual Teaching and Learning (Online), Tersedia: Contextual. Htm (16 Juni 2003).

Buchori, Muchtar. Pendidikan Sekolah Belum Menyenangkan, Kompas, 28 Februari 2003.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disdik Jabar.

Ditjen Dikdasmen Depdiknas RI. 2003. Pendekatan Kontekstual (Contextual Teacing and Learning(CTL). Jakarta: Ditjen Dikdasmen.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to design and Evaluate Researc in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gafur, Abdul. 1986, Desain Instruksional: Langkah Sistematis Pengembangan Pengajaran; Sala: Tiga Serangkai.

Gafur, Abdul. 2003. “Penerapan Konsep dan Prinsip Pembelajaran Kontekstual (Contextual Teaching and Learning (CTL) dalam Pengembangan Bahan Ajar Ilmu-Ilmu Sosial”. Makalah, disampaikan dalam Seminar dan Lokakarya Penyusunan Kriteria Buku Pelajaran, Kerangka Naskah dan Bab Contoh PPKn, Geografi, Biologi dan Kimia, Pusat Perbukuan Depdiknas.

Hanna, P. jeung J. Lee. 1962. “Content in the Social Studies”. Dina J.U. Michaekis (Editor). 1962. Social Studies in Elementary Schools 32nd Yearbook. Washington D.C: NCSS.

Hopkins, David. 1992. A Teacher’s Guide to Classroom Research. Philladelphia: Open University Press.

Joyce, Bruce jeung Marsha Weil. 1996. Model of Teaching, Fifth Edition. USA: Allyn and Bacon A Simon & Scuster Company.

Kuswari, Usep. 2005. “Model Pembelajaran Membaca melalui Pendekatan CTL”. Makalah dina Seminar Implementasi KBK di Universitas Pendidikan Indonesia.


(6)

Iyan Sandiana, 2013

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF TIPE THINK PAIR AND SHARE DINA PANGAJARAN SAWALA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Miles, Matthew B. jeung A. Michael Huberman. 1994. Qualitative Data Analysis: An Expanded Sourcebook. London: SAGE Publications.

Prawirasumantri, Abud, Drs. H., dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompetensi Mata Pelajaran Bahasa Daerah (Sunda) untuk Guru SD dan SMP. Bandung: Geger Sunten.

Rakhmat, Jalaluddin. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya. Roestiyah, N.K. 1991. Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: Rineka Cipta.

Rusman. 2010. Model-Model Pengajaran Mengembangkan Profesionalisme Guru. Bandung: Rajawali Press.

Sukardi, Dewa Ketut dan Nila Kusmawati. 2008. Bimbingan dan Konseling di Sekolah. Jakarta: Rineka Cipta.

Tohirin. 2007. Bimbingan dan Konseling di Sekolah dan Madrasah: Berbasis Integrasi. Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Tompkins, Gail E. jeung Kennet Hoskisson. 1991. Language Arts: Content an Teaching Strategies. New York: Macmillan Publishing Company.

Usman, Moh. Uzer. 2008. Menjadi Guru Profesional. Bandung: Remaja Rosdakarya.