KAMAMPUH SISWA KELAS X SMA LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI DINA NULIS NASKAH BIANTARA.

(1)

KAMAMPUH SISWA KELAS X SMA LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI

DINA NULIS NASKAH BIANTARA

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Yeni Yunia 0902465

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG


(2)

KAMAMPUH SISWA KELAS X SMA LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI

DINA NULIS NASKAH BIANTARA

Oleh Yeni Yunia

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Yeni Yunia 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

Lembar Pengesahan YENI YUNIA NIM. 0902465

KAMAMPUH SISWA KELAS X SMA LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI

DINA NULIS NASKAH BIANTARA Disaluyukeun jeung disahkeun ku :

Pangaping I

Dr.H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP.19640822198903 1 001

Pangaping II

Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. Kauninga ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr.H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 19640822198903 1 001


(4)

i

Yeni Yunia, 2013

KAMAMPUH SISWA KELAS X

SMA LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI DINA NULIS NASKAH BIANTARA1)

Yeni Yunia2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina Nulis Naskah Biantara”. Disusunnya skripsi ini bertujuan untuk mendeskripsikan atau untuk mendapatkan gambaran mengenai kemampuan siswa dalam menulis naskah pidato, dalam hal : (1) isi pidato, (2) gaya basa, 3) diksi (pemilihan kata), ( (4) struktur kalimat dan, (5) kerapihan tulisan. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, yaitu metode yang digunakan untuk meneliti data pada waktu itu,yang selanjutnya dianalisis. Obyek dalam penelitian ini yaitu seluruh siswa kelas X-B SMA Laboratorium Percontohan UPI yang berjumlah 21 orang. Hasil analisis data yang dijadikan sampel bisa disimpulkan bahwa murid-murid kelas X-B SMA Laboratorium Percontohan UPI 57,14% sudah mampuh menulis naskah pidatao. Supaya lebih jelas akan dirinci lagi menjadi beberapa bagian yaitu: (1) Kemampuan menulis naskah pidato siswa dilihat dari isi naskah mencapai 32,72%, (2) Kemampuan menulis naskah pidato berkaitan dengan gaya basa mencapai 23,26%, (3) Kemampuan menulis naskah pidato dilihat dari diksi (pemilihan kata) mencapai 17,58%, (4) Kemampuan menulis naskah pidato berkaitan dengan struktur kalimat mencapai 16,69%, (5) Kemampuan menulis naskah pidato siswa dilihat dari kerapihan tulisan mencapai 9,75%. Selanjutnya saran-saran diajukan untuk memperbaiki pengajaran bahasa Sunda pada umumnya, pengajaran menulis naskah pidato pada khususnya. Saran yang pertama ditunjukan untuk guru bidang studi bahasa Daerah supaya sering memberi tugas menulis naskah pidato pada siswa,agar siswa bisa menulis naskah pidato yang baik. Saran yang ke dua ditujukan untuk siswa yaitu siswa harus sering latihan menulis dengan memperhatikan syarat-syarat menulis naskah pidato yang baik.


(5)

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

ABSTRACT

This research entitled"Ability of Class XSMA Laboratorium Percontohan UPIin Writing Text Speech". Formulation ofthis researchaims to describeortogetan idea ofstudents' skills inwritinga text,interms of: (1) the contents ofthe speech, (2) styleof language, (3) diction(choice of words), (4) the structure ofthe sentenceand, (5) writingneatness. The method usedin this researchis descriptive method, themethod used toexaminethe dataat that time, which isthen analyzed. Objects in this studythatall students inthe classXBSMA Laboratorium Percontohan UPI, which has 21 people. The analysis of datasampledcanbe concludedthat theXB students in gradeSMA Laboratorium Percontohan UPI57.14% can alreadywritethe speech. To be more clearwouldfurther divided intoseveralparts:(1) abilityto writespeechesseenfrom the contents oftextsstudentsreached32.72%, (2) abilityto writespeechesrelating to thestyleof language reached23.26%, (3) abilitywritingspeechesviewsofdiction(choice of words) reached17.58%, (4) abilityto writespeechesrelating tothe structure ofthe sentencereaches16.69%, (5) abilityto writespeechesstudentviewsofneatnesspostsreached9.75% .Furthersuggestionsmadeforimproving the teaching ofthe languagein general, teaching writingspeechesin particular. The firstsuggestionisintended forteachers oflanguageareasin orderoftengiventhe task ofwritingspeechestostudents, so thatstudentscould writea goodspeech. The secondsuggestionis intendedforstudentsthatstudentsmustoftenpracticewritingwith respect tothe terms ofwritinga goodspeech.


(6)

Yeni Yunia, 2013

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ……… i

PANGJAJAP ………... ii

TAWIS NUHUN ……….. iii

DAFTAR EUSI ……… v

DAFTAR SINGGETAN ………. viii

DAFTAR TABÉL ……… ix

DAFTAR LAMPIRAN ……… x

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah ………. 1

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah ……….. 4

1.2.1 Watesan Masalah ……… 4

1.2.2 Rumusan Masalah ……….. 4

1.3. Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan ………. 4

1.3.1 Tujuan Panalungtikan ……… 4

1.3.2 Mangpaat Panalungtikan ……… 5

1.4. Anggapan Dasar ……….. 5

1.5. Définisi Operasional ……… 6

1.6. Sistematika Penulisan ……….. 6

BAB II KAMAMPUH NULIS NASKAH BIANTARA 2.1. Nulis ……… 9


(7)

2.1.1 Wangenan Nulis ……… 9

2.1.2 Fungsi jeung Tujuan Nulis ……….. 10

2.2. Biantara ……….. 12

2.2.1 Wangenan Biantara ……… 12

2.2.2 Hakekat Biantara ……… 13

2.2.3 Sipat-sipat Biantara ……… 13

2.2.4 Métode Biantara ……… 14

2.2.5 Tatahar Biantara ……… 15

2.2.6 Nyusun Biantara ……….. 17

2.3. Gaya Basa ………. 20

2.3.1 Wangenan Gaya Basa ………... 20

2.3.2 Papasingan Gaya Basa ……… 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Métode Panalungtikan ………. 23

3.2. Populasi jeung Sampel ……… 24

3.3. Prosedur Panalungtikan ……….. 24

3.3.1 Téknik Panalungtikan ………. 24

3.3.2 Téknik Ngumpulkeun Data ……… 24

3.3.3 Instrumén Panalungtikan ……… 25


(8)

Yeni Yunia, 2013

3.4. Lengkah Panalungtikan ……… 27

BAB IV DATA PANALUNGTIKAN JEUNG DÉSKRIPSI HASIL PANALUNGTIKAN 4.1. Analisis Tingkat Kamampuh Nulis Naskah Biantara Siswa ……… 29

4.2. Nguji Sipat Data ……… 31

4.3. Pedaran Kasalahan Nulis Naskah Biantara ……… 36

4.3.1 Kasalahan Eusi Biantara ……… 36

4.3.2 Analisis Makéna Gaya Basa ……… 42

4.3.3 Kasalahan Milih Kecap (Diksi) ……… 44

4.3.4 Kasalahan Struktur Kalimah ……… 46

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekan………. 50

5.2. Saran ……… 51

DAFTAR PUSTAKA……… 52

LAMPIRAN………... 53


(9)

1

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah

Basa téh miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Dina kagiatan komunikasi aya nu maké basa lisan jeung tulisan, dumasar kana kapéntingan masyarakat nu makéna, Basa miboga 4 kaparigelan nya éta:

a. Kaparigelan ngaregepkeun b. Kaparigelan nyarita

c. Kaparigelan maca d. Kaparigelan nulis

Patali jeung fungsi, basa miboga pancén pikeun komunikasi dina hirup kumbuh manusa. Dina prosés komunikasi basa mibanda pancén pikeun nepikeun amanat, ngungkabkeun kahayang, ngajéntrékeun ide, pikiran, imajinasi, émosi, jeung gagasan. Pangajaran basa Sunda di sakola kudu bisa ngaronjatkeun pangaweruh bidang kognitif, apéktif jeung psikomotorik murid kalawan saimbang tur leuwih condong kana kamahéran ngagunakeun basa Sunda. Teu sakabéh jalma perigel ngagunakeun basa Sunda nu alus tur bener, boh lisan boh tulisan. Hal ieu lantaran sabagian siswa nganggep énténg kana basa Sunda dibandingkeun palajaran séjénna.

Ku sabab kitu, saban guru hususna guru basa Sunda kudu bisa ngaronjatkeun karesep siswa kana palajaran basa Sunda. Dina prak-prakanana prosés diajar ngajar ieu silih mangaruhan antara kaparigelan hiji jeung nu séjénna. Tujuan diajarkeun basa Sunda di sakola nya éta sangkan para siswa parigel kana katatabasaan boh nyarita, maca, nulis jeung ngaregepkeun.


(10)

2

Yeni Yunia, 2013

Kaparigelan nyarita jeung nulis disebut pamahaman basa sacara éksprésif (produktif). Sedengkeun kaparigelan ngaregepkeun jeung maca disebut pamahama basa sacara résétif (pasif). Salah sahiji kaparigelan nulis nya éta nulis naskah biantara basa Sunda anu ayeuna dijadikeun objék panalungtikan panulis.

Nulis téh kacida pentingna pikeun pendidikan, ku sabab nulis téh bisa ngabantuan siswa sangkan mikir. Diantarana mikir kritis, nyusun urutan pikeun pangalaman, jst.

Dumasar kana kaparigelan di luhur,nulis naskah biantara téh kaasup kana kaparigelan nulis. Dina tujuan pangajaran basa Sunda, salian ti kudu bisa nyangkem tiori nu patali jeung kabasaan, siswa ogé dipiharep sangkan mampuh ngagunakeun basa Sunda nu hadé tur bener, luyu jeung kaédah nu baku.

Dina nulis naskah biantara, siswa mindeng ngagunakeun kasalahan–kasalahan makéna basa. Di antarana kasalahan anu sok remen aya nya éta kasalahan kaédah– kaédah basa dina widang linguistik anu ngawengku fonologi (ucapan), sintaksis (tatabasa), morfologi (gramatikal), semantik (ma’na) jeung kandaga kecap.

Dina nulis biantara, basa anu digunakeun nya éta basa Sunda lulugu, basajan, tur luyu jeung éjahan basa Sunda. Hal ieu sangkan pamaca bisa nyangking eusi éta biantara sarta sangkan luyu jeung aturan undak usuk basa Sunda anu aya. Aya sababaraha masalah anu biasa karandapan ku siswa nalika nyieun naskah biantara, nya éta kurangna gagasan dina eusi naskah biantara, pamakéan gaya basa anu kurang merenah, diksi nu kurang merenah, sarta struktur kalimah nu kurang merenah.

Sangkan siswa mibanda kamampuh biantara anu hadé diperlukeun tahapan sasadia. Di antara tahapan sasadia ieu téh nya éta Nyieun Naskah Biantarana, supaya pedaran nyoko kana maksud jeung tujuan anu baris di tepikeun.


(11)

3

Ku kituna saméméh siswa ngalakukeun prakték biantara, tés kamampuh nyieun naskah biantara téh penting dilakukeun pikeun siswa nya éta pikeun ngalatih sarta ngembangkeun kamampuh atawa kaparigelan siswa dina nulis pikeun ngébréhkeun gagasan basa anu pas sarta merenah. Siswa SMA tangtuna waé geus wanoh kana naon nu disebut biantara ku sabab kantos ningali atawa ngadéngé jalma nu keur biantara.siswa dipiharep mampuh nyieun naskah biantara sorangan. Dumasar hal éta panulis ngarasa kataji pikeun ngayakeun panalungtikan ngeunaan kamampuh siswa kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina nulis naskah biantara. Ku kituna

ieu panaungtikan téh dibéré judul “Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina Nulis Naskah Biantara ”.

Ieu analisis téh perlu dilaksanakeun ku guru atawa calon guru sabab pikeun mikanyaho kasalahan–kasalahan anu sok dipilampah ku siswa, kasalahan nambahkeun unsur basa nu teu perlu, salah nempatkeun unsur basa, salah nyusun unsur basa, luyu heunteuna antara judul jeung eusi, satra patalina antar paragraf. Panalungtikan téh ngawatesanan masalah nu bakal ditalungtik, nyaéta kamampuh Siswa kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina nulis naskah biantara, anu nyoko kana eusi biantara, gaya basa nu dipakè, diksi (milih kecap), struktur kalimah sarta karapihan tulisanna. Panalungtikan ieu miboga tujuan nu rék dihontal, tujuan éta diantarana nyaéta: (1) Pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nyieun naskah biantara. (2) Pikeun mikanyaho nepi kamana kamampuh siswa dina nerapkeun gaya basa sarta diksi dina nyieun naskah biantara.


(12)

4


(13)

5

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Ieu panalungtikan téh ngaguar ngeunaan Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina Nulis Naskah Biantara. Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, sangkan ieu panalungtikana leuwih museur jeung teu lega teuing dina nganalisisna, ku kituna nu di talungtik di watesanan. Masalahna leuwih museur kana eusi, gaya basa, diksi, struktur kalimah, sarta karapihan nulis naskah biantarana.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sacara umum rumusan masalah dina ieu laporan panalungtikan bisa dirumuskeun dina wangun patalékan, ieu dihandap:

1. Kumaha kamampuh nuliskeun eusi naskah biantara siswa SMA ? 2. Kumaha kamampuh maké gaya basa nu aya dina naskah biantara? 3. Kumaha kamampuh milih diksi (milih kecap) siswa?

4. Kumaha kamampuh ngalarapkeun struktur kalimah siswa? 5. Kumaha karapihan tulisan naskah biantara?

1.3Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Panalungtikan

Unggal kagiatan tangtu ngabogaan tujuan anu pasti. Tujuan mangrupa hal utama sangkan panalungtikan bisa réngsé luyu jeung kahayang panulis. Ku kituna, saacan ngalaksanakeun kagiatan, tujuan kudu dirumuskeun sacara jelas. Tujuan anu jelas, tangtu lengkah jeung usaha nu dilakukeunana pasti leuwih hadé. Saluyu jeung kasang tukang masalah, katut rumusan masalah, geus diébréhkeun, yén tujuan ieu panalungtikan nya éta hayang ngadéskripsikeun:


(14)

6

Yeni Yunia, 2013

1. kamampuh nulis naskah biantara siswa ditempo tina eusi naskahna. 2. kamampuh nulis biantara siswa ditempo tina gaya basa nu aya dina

naskah biantara siswa.

3. kamampuh diksi nu aya dina naskah biantara. 4. kamampuh ngalarapkeun struktur kalimah 5. karapihan tulisan naskah biantara siswa.

1.3.2 Mangpaat Panalungtikan

1) Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta :

a. pikeun informasi kamampuh siswa dina nulis naskah biantara. b. pikeun bahan pangdeudeul dina pangajaran nulis naskah biantara. 2) Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta :

a. pikeun dokuméntasi kamahéran basa Sunda nu dipaké dina naskah biantara.

b. pikeun bahan tinimbang para guru dina nyusun sumber pangajaran basa Sunda.

c. pikeun ngalatih siswa maké basa Sunda anu merenah.

1.4Anggapan Dasar

Anggapan Dasar dina ieu panalungtikan sakumaha kaunggel ieu dihandap.

1. Biantara mangrupa bagéan tina pangajaran basa Sunda nu di ajarkeun di Kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI.

2. Pangajaran biantara mangrupa bagéan tina bahan pangajaran nyarita jeung nulis.

3. Pangajaran biantara kaasup kana kaparigelan basa anu produktif anu kudu dicangking ku siswa.

4. Siswa miboga tingkat kamampuh biantara basa Sunda anu luhur ditilik tina aspèk kabasaan.


(15)

7

5. Siswa nu geus diajar basa Sunda dipiharep boga kamampuh nyieun naskah biantara kalayan merenah.

1.5Definisi Operasional

Aya sababaraha istilah nu kudu dijéntrékeun luyu jeung judul ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

1. Kamampuh Nulis nya éta hiji kagiatan ngébrehkeun pikiran hiji jalama ngaliwatan wangun tulisan sangkan jalma lian apal kana maksud nu hayang ditepikeun.

2. Teks biantara nya éta karangan atawa tulisan ngeunaan bahan picaritaeun dihareupeun jalma réa atawa pikeun biantara.

3. Siswa kelas X nya éta jalma anu ngalakukeun kagiatan diajar disakola atawa anu jadi subjek dina kagiatan panalungtikan anu aya dikelas X. 4. SMA Laboratorium Percontohan UPI nya éta tempat anu disebut sakola

pikeun lumangsungna kagiatan diajar ngajar anu pernahna aya di Jl.Sanjayaguru, Kampus UPI.

1.6 Sistematika Penulisan

Sistematika penulisan ieu ngawengku: 1) Judul Panalungtikan,

2) Lembar pengesahan, 3) Surat Pernyataan, 4) Pangjajap,

5) Tawis Nuhun, 6) Abstrak, 7) Daftar Eusi, 8) Daftar Singgetan, 9) Daftar Tabél, 10)Daftar Lampiran,


(16)

8

Yeni Yunia, 2013

11) BAB 1 Bubuka, (1) Kasang Tukang, (2) Watesan Masalah, (3) Rumusan Masalah, (4) Tujuan,

(5) Mangpaat, (6) Anggapan Dasar, (7) Definisi Oprasional, (8) Sistematika Penulisan,

12)BAB II Kamampuh Nulis Naskah Biantara, (1) Nulis,

a. Wangenan Nulis, b. Fungsi Nulis, c. Tujuan Nulis, (2) Biantara,

a. Wangenan Biantara, b. Sipat-sipat Biantara, c. Métode Biantara, d. Tatahar Biantara, e. Nyusun Biantara, (3) Gaya Basa

a. Wangenan Gaya Basa b. Papasingan Gaya Basa 13)BAB III Métode Panalungtikan,

(1) Métode Panalungtikan, (2) Populasi jeung Sampel,

a. Populasi, b. Sampel,

(3) Prosedur Panalungtikan, a. Téknik Panalungtikan,


(17)

9

b. Téknik Ngumpulkeun Data, c. Instrumén Panalungtikan, d. Téknik Ngola Data,

14)BAB IV Data Panalungtikan jeung Déskripsi Hasil Panalungtikan, 15)BAB V Kacindekan jeung Saran,

16)Daftar Pustaka, 17)Daftar Lampiran,


(18)

23

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Mètode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah pikeun ngahasilkeun data kalayan tujuan jeung kagunaan nu tangtu. Métode nu dipaké dina panalungtikaan ieu nya éta métode déskriptif. Sacaraharfiah, panalungtikaan déskriptif mangrupa akumulasi data kalayan déskriptif hungkul. Jeung uji hipotésis, teu diramalkeun,atawa teu boga’an implikasi (Suyatna,2002:14).

Maksud digunakeuna ieu métode nya éta pikeun ngadéskripsikeun masalah nu saayana, kucara ngumpulkeun data, nafsirkeun jeung méré kacindekaan. Panalungtikan déskriptif narékahan sangkan bisa ngagambarkeun kalayan sistematis jeung taliti fakta-fakta actual jeung sipat-sipat populasi anu tangtu, tujuanna pikeun ngungkulan pasualan-pasualan actual nu disanghareupan ayeuna, sarta ngumpulkeun data atawa informasi pikeun disusun, dipedar, sarta dianalisis (Margono, 2009:8).

Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan lantaran luyu jeung tujuan nu rék dihontal, nya éta ngadéskripsikeun data anu geus ngumpul, anu satuluyna dianalisis jeung ditafsirkeun.

Anapon léngkah-léngkah dina panalungtikan, di antarana kayaning ieu di handap:

1) Ngayakeun obsérvasi ka tempat panalungtikan, 2) Nangtukeun sumber data,

3) Ngumpulkeun data, 4) Ngola data,


(19)

24

Yeni Yunia, 2013

5) Ngadéskripsikeun jeung nyindekeun hasil analisis data. 3.2. Populasi jeung Sampel

3.2.1. Populasi

Populasi dina ieu panalungtikan nya èta sakabèh siswa jeung guru SMA Laboratorium Percontohan UPI.

3.2.2. Sampel

Arikunto (2006:131) nyebutkeun yén sampel nya èta sabagian atawa wakil populasi anu ditalungtik. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun sampel quota. Pikeun nagtukeuna siswa teu diundi. Sampel dina ieu panalungtikan nya èta siswa kelas X B nu aya di SMA Laboratorium Percontohan UPI.

3.3 Prosedur Panalungtikan

3.3.1. Tèknik Panalungtikan

Téknik anu digunakeun nya éta teknik ngumpulkeun data jeung téknik analisis data. Téknik ngumpulkeun data kucara observasi kasakola nya éta ngayakeun tés. Tujuan téhnik tés nya éta sangkan bisa mikanyaho kana kamampuh siswa dina nulis naskah biantara, pangpangna dina segi eusi karangan, gaya basa nu dipaké, pilihan kecap (diksi), sarta karapihan tulisan. 3.3.2. Téknik Ngumpulkeun Data


(20)

25

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara

Téknik ngumpulkeun data anu digunakeun dina panalungtikan nya éta téknik obsérvasi data, maksudna kagiatan museurkeun perhatian kana hiji objék ngagunakeun pancaindera.


(21)

26

Yeni Yunia, 2013

3.3.3. Instrumèn Panalungtikan

Instrumèn atawa alat nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya èta tès kamampuh nulis naskah biantara. Tès nu digunakeuna nya èta tès prèstasi nu sok digunakeun pikeun ngukur kamampuh hiji jalma sabada diajar hiji hal.

Kritèria meunteun hasil karangan siswa: 1) Eusi

Mariksa gagasan dina tulisan nu disusun ku murid 1) Gaya basa

Milih gaya sarta tulisan nu merenah ngagunakeun kalimah nu èfèktif 2) Diksi

Milih kecap nu merenah nu disusun ku murid 3) Struktur kalimah

Struktur kalimah nu merenah nu disususn ku murid 4) Karapihan tulisan

Karapihan tulisan mangrupa indikator tampilan fisik. Tulisan jieunan murid ngagunakeun huruf nu jelas sarta babari kabaca.


(22)

27

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara Tabél 3.3.3.

PADOMAN MEUNTEUN NASKAH BIANTARA Kamampuh

Nulis

Skor Tingkat Keterangan

Eusi 27-30

23-26 19-22 15-18 hadépisan- sampurna cukup- hadé sedeng- cukup pisan- kurang

loba pisan gagasanna loba gagasanna gagasanna kurang gagasanna saeutik pisan Gaya Basa 22-25

18-21 14-17 10-13 hadépisan- sampurna cukup- hadé sedeng- cukup pisan- kurang merenah pisan merenah kurang merenah teumerenah Diksi 17-20

13-16 9-12 5-8 hadépisan- sampurna cukup- hadé sedeng- cukup pisan- kurang merenah pisan merenah kurang merenah teumerenah StrukturKalimah 17-20

13-16 9-12 5-8 hadépisan- sampurna cukup- hadé sedeng- cukup pisan- kurang merenah pisan merenah kurang merenah teumerenah KarapihanTulisan 8

7 6 5 hadépisan- sampurna cukup- hadé sedeng- cukup pisan- kurang rapih,jelas,kabaca kabaca lumayan kabaca teu kabaca JulmahSkor 5-30


(23)

28

Yeni Yunia, 2013

INSTRUMEN TÉS KEUR SISWA

Pék jieun naskah biantara panjangna sakurang-kurangna opat paragraf, anu eusina:

a. Biantara ngeunaan paturay tineung b. Biantara ngeunaan kabersihan c. Biantara ngeunaan kabudayaan

3.3.4. Téknik Ngolah Data

Téknik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun téknik analisis, klasifikasi data (ngumpulkeun data-data anu aya dumasar kana jenisna), jeung tabulasi data (ngalaporkeun data dina wangun tabél).

3.4 Lengkah Panalungtikan

Léngkah-léngkah anu dipilampah dina ieu panalungtikan ngawengku opat léngkah, nya éta: tatahar, ngumpulkeun data, ngola data jeung nyusul lapoaran.

a. Tatahar

1) Ngasongkeun usulan panalungtikan, 2) Nyusun rancangan panalungtikan, 3) Ngayakeun studi pustaka,


(24)

29

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara 5) Konsultasi jeung dosen pangaping.

b. Ngumpulkeun data

1) Ngayakeun tés kamampuh nulis naskah biantara, 2) Konsultasi jeung dosen pangaping,

c. Ngola data

1) Mariksa sakabéh data anu geus dikumpulkeun, 2) Nganalisis kasalahan nu aya dina biantara,

3) Ngajén kamampuh siswa dina makéna diksi,gaya basa, stuktur kalimah,eusi,jeung karapihan tulisan,

4) Ngadéskripsikeun data panalungtikan, 5) Konsultasi jeung dosen pangaping. d. Nyusun laporan

1) Hasil panalungtikan disusun dumasar aturan anu aya dina karangan ilmiah pikeun nyusun skripsi.


(25)

51

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data nu aya dina bab IV, bisa kapanggih yén masih kénéh aya kasalahan siswa kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina nulis naskah biantara. Éta kasalahan téh ngawengku (1) eusi, (2) diksi, (3) gaya basa, jeung (4) stuktur kalimah.

Sabada ngayakeun panalungtikan bisa dicindekeun yén siswa SMA Laboratorium Percontohan UPI Bandung rata-rata mampuh nulis naskah biantara. Sabada ngolah data bisa kapaluruh tina 21 siswa, 12 siswa dianggap geus mampuh nulis naskah biantara sésana 9 siswa nu dianggap can mampuh nulis naskah biantara. Lamun dipersenkeun nya éta 57,14% siswa nu geus mampuh nulis naskah biantara, 42,86% siswa nu dianggap can mampuh nulis naskah biantara.

Dumasar kana kritéria anu dipeunteun nya éta eusi, diksi, gaya basa, struktur kalimah, sarta karapihan tulisan. (1) tina jumlah 21 siswa. Kamampuh eusi naskah baintara nu dijieun ku siswa kapaluruh hasil 32,72%. Kusabab masih aya sababaraha siswa nu dianggap kurang mampuh nétélakeun gagasan. (2) sabada dianalisis diksi nu dipaké ku siswa kapaluruh hasil 17,58%. Hal ieu disababkeun masih kénéh loba kasalahan diksi nu dipaké ku siswa. (3) gaya basa kapaluruh hasil 23,26% ku sabab masih loba siswa nu ngalarapkeun gaya basana kurang merenah atawa teu ngalarapkeun pisan gaya basa dina biantarana. (4) sabada nganalisis struktur kalimah kapaluruh hasil 16,69%. masih aya kénéh


(26)

51

Yeni Yunia, 2013

sababaraha struktur kalimah anu kurang merenah dina naskah biantara nu di jieun ku siswa. (5) karapihan tulisanna kapaluruh hasil 9,75% kusabab loba siswa nu tulisanna sakahayang teu bisa kabaca ku batur.

5.2Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan sarta tina pangalaman sacara langsung nganalisis naskah binatara siswa kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI, panulis baris nepikeun saran-saran sangkan kamampuh nulis naskah biantara siswa bisa ngarojong, saperti anu disebutkeun dihandap ieu.

1) Dina milih media pangajaran guru kudu bisa milih media anu cocok, anu dipikaresep ku siswa sangkan dina nepikeun pangajaran, daya imajinasi siswa dina neangan ide jeung kecap-kecap anu éféktif bisa kapanggih, satra dina ngembangkeun ide jeung pamikiran siswa leuwih kréatif.

2) Aspék anu kurang dina nyumponan wangun diksi sarta struktur kalimah. Ku kituna, guru dipiharep bisa leuwih ningkatkeun éta aspék, sangkan pangaweruh ngeunaan aturan dina nulis bisa dipikaharti ku siswa.

3) Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan informasi ngeunaan nulis sarta dipiharep bisa jadi bahan pangajaran nulis naskah biantara, pikeun siswa SMA.

Salian éta, ieu panalungtikan téh dipangaruhan ku kasang tukang budaya jeung kulawarga. Ku sabab kulawarga mibanda peran penting dina ngawanohkeun basa indung ka barudakna.


(27)

(28)

52 Yeni Yunia, 2013

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharmi, 2010. Prosedur Penelitian Suatau Pendekatan Praktik (edisi Revisi, 2010). Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Tarigan, Henry Guntur. 1983. Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa

Rusyana, Rus. 1984. Bahasa dan Sastra Dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV. Diponegoro.

Rusmadi, Dedi. 2007. Pidato dan Sambutan. Bandung: Del Fajar

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah, Bandung: UPI.

Rakhmat, Jalaludin. 2008. Rétorika Moderen Pendekatan Praktis. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Kosasih, Dede. 2009. Santika Basa. Bandung.

Sudaryat, Yayat. 2002. Waruga Basa Pangajaran Kompetensi Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK Kelas X. Bandung: Karya Iptek.

Sudaryat, Yayat. SIGAP Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK Kelas X. Bandung: Karya Iptek.

Tamsyah, Budi R. 2003. Kamus Lengkap Basa Sunda: Sunda-Indonesia: Indonesia-Sunda: Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.


(1)

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

INSTRUMEN TÉS KEUR SISWA

Pék jieun naskah biantara panjangna sakurang-kurangna opat paragraf, anu eusina:

a. Biantara ngeunaan paturay tineung b. Biantara ngeunaan kabersihan c. Biantara ngeunaan kabudayaan

3.3.4. Téknik Ngolah Data

Téknik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun téknik analisis, klasifikasi data (ngumpulkeun data-data anu aya dumasar kana jenisna), jeung tabulasi data (ngalaporkeun data dina wangun tabél).

3.4 Lengkah Panalungtikan

Léngkah-léngkah anu dipilampah dina ieu panalungtikan ngawengku opat léngkah, nya éta: tatahar, ngumpulkeun data, ngola data jeung nyusul lapoaran.

a. Tatahar

1) Ngasongkeun usulan panalungtikan, 2) Nyusun rancangan panalungtikan, 3) Ngayakeun studi pustaka,


(2)

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara

5) Konsultasi jeung dosen pangaping.

b. Ngumpulkeun data

1) Ngayakeun tés kamampuh nulis naskah biantara, 2) Konsultasi jeung dosen pangaping,

c. Ngola data

1) Mariksa sakabéh data anu geus dikumpulkeun, 2) Nganalisis kasalahan nu aya dina biantara,

3) Ngajén kamampuh siswa dina makéna diksi,gaya basa, stuktur kalimah,eusi,jeung karapihan tulisan,

4) Ngadéskripsikeun data panalungtikan, 5) Konsultasi jeung dosen pangaping. d. Nyusun laporan

1) Hasil panalungtikan disusun dumasar aturan anu aya dina karangan ilmiah pikeun nyusun skripsi.


(3)

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data nu aya dina bab IV, bisa kapanggih yén masih kénéh aya kasalahan siswa kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI dina nulis naskah biantara. Éta kasalahan téh ngawengku (1) eusi, (2) diksi, (3) gaya basa, jeung (4) stuktur kalimah.

Sabada ngayakeun panalungtikan bisa dicindekeun yén siswa SMA Laboratorium Percontohan UPI Bandung rata-rata mampuh nulis naskah biantara. Sabada ngolah data bisa kapaluruh tina 21 siswa, 12 siswa dianggap geus mampuh nulis naskah biantara sésana 9 siswa nu dianggap can mampuh nulis naskah biantara. Lamun dipersenkeun nya éta 57,14% siswa nu geus mampuh nulis naskah biantara, 42,86% siswa nu dianggap can mampuh nulis naskah biantara.

Dumasar kana kritéria anu dipeunteun nya éta eusi, diksi, gaya basa, struktur kalimah, sarta karapihan tulisan. (1) tina jumlah 21 siswa. Kamampuh eusi naskah baintara nu dijieun ku siswa kapaluruh hasil 32,72%. Kusabab masih aya sababaraha siswa nu dianggap kurang mampuh nétélakeun gagasan. (2) sabada dianalisis diksi nu dipaké ku siswa kapaluruh hasil 17,58%. Hal ieu disababkeun masih kénéh loba kasalahan diksi nu dipaké ku siswa. (3) gaya basa kapaluruh hasil 23,26% ku sabab masih loba siswa nu ngalarapkeun gaya basana kurang merenah atawa teu ngalarapkeun pisan gaya basa dina biantarana. (4) sabada nganalisis struktur kalimah kapaluruh hasil 16,69%. masih aya kénéh


(4)

Yeni Yunia, 2013

sababaraha struktur kalimah anu kurang merenah dina naskah biantara nu di jieun ku siswa. (5) karapihan tulisanna kapaluruh hasil 9,75% kusabab loba siswa nu tulisanna sakahayang teu bisa kabaca ku batur.

5.2Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan sarta tina pangalaman sacara langsung nganalisis naskah binatara siswa kelas X SMA Laboratorium Percontohan UPI, panulis baris nepikeun saran-saran sangkan kamampuh nulis naskah biantara siswa bisa ngarojong, saperti anu disebutkeun dihandap ieu.

1) Dina milih media pangajaran guru kudu bisa milih media anu cocok, anu dipikaresep ku siswa sangkan dina nepikeun pangajaran, daya imajinasi siswa dina neangan ide jeung kecap-kecap anu éféktif bisa kapanggih, satra dina ngembangkeun ide jeung pamikiran siswa leuwih kréatif.

2) Aspék anu kurang dina nyumponan wangun diksi sarta struktur kalimah. Ku kituna, guru dipiharep bisa leuwih ningkatkeun éta aspék, sangkan pangaweruh ngeunaan aturan dina nulis bisa dipikaharti ku siswa.

3) Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan informasi ngeunaan nulis sarta dipiharep bisa jadi bahan pangajaran nulis naskah biantara, pikeun siswa SMA.

Salian éta, ieu panalungtikan téh dipangaruhan ku kasang tukang budaya jeung kulawarga. Ku sabab kulawarga mibanda peran penting dina ngawanohkeun basa indung ka barudakna.


(5)

Yeni Yunia, 2013

Kamampuh Siswa Kelas X SMA Laboratorium Percobaan UPI Dina Nulis Naskah Biantara


(6)

52

Yeni Yunia, 2013

Arikunto, Suharmi, 2010. Prosedur Penelitian Suatau Pendekatan Praktik

(edisi Revisi, 2010). Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Tarigan, Henry Guntur. 1983. Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa

Rusyana, Rus. 1984. Bahasa dan Sastra Dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV. Diponegoro.

Rusmadi, Dedi. 2007. Pidato dan Sambutan. Bandung: Del Fajar

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah, Bandung: UPI.

Rakhmat, Jalaludin. 2008. Rétorika Moderen Pendekatan Praktis. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Kosasih, Dede. 2009. Santika Basa. Bandung.

Sudaryat, Yayat. 2002. Waruga Basa Pangajaran Kompetensi Basa Sunda Pikeun Murid

SMA/SMK Kelas X. Bandung: Karya Iptek.

Sudaryat, Yayat. SIGAP Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK Kelas X. Bandung: Karya Iptek.

Tamsyah, Budi R. 2003. Kamus Lengkap Basa Sunda: Sunda-Indonesia:

Indonesia-Sunda: Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.