Mangpaat Tioritis Mangpaat Praktis

Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap. a. Pupujian naon waé anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah? b. Tanda ikon, indéks jeung simbol naon waé nu nyampak dina pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? c. Kumaha deskripsi eusi téks pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? d. Kontéks naon waé anu patali jeung pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung? e. Kumaha wangun bahan pangajaran pupujian dina aspék kaparigelan ngaregepkeun?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah-masalah anu geus dirumuskeun, tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadeskripsikeun pupujian anu masih aya kénéh hirup di masarakat.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun. a. Ngainventarisasi pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; b. Maluruh ikon, simbol jeung indéks nu nyampak dina téks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; c. Ngaguar sarta ngulik eusi téks nu aya dina pupujian anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; d. Kontéks nu patali jeung pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; jeung e. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun pupujian di SMP kelas VII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh miboga sababaraha mangpaat, saperti nu dipedar di handap ieu.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina widang sastra buhun, ngabeungharan analisis budaya Sunda hususna ngeunaan pupujian. Ogé bisa dijadikeun référénsi pikeun kaperluan anu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta: a. Pikeun masarakat, bisa mikawanoh sakaligus nambahan pangaweruh kana karya sastra Sunda hususna anu mangrupa pupujian, tur bisa dijadikeun alat da‟wah Islam. b. Pikeun siswa, bisa mikawanoh jeung ngainventarisasi pupujian nu aya di wewengkon sorangan, upama diajar pupujian di sakola. c. Pikeun nu nalungtik, bisa ngadéskripsikeun pupujian anu kapanggih ti Pondok Pasantrén Al-Barokah Kacamatan Sarijadi Kota Bandung. d. Mangpaat pikeun guru pangajaran, bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran waktu ngajarkeun puisi pupujian di sakola. 1.5 Raraga Tulisan Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkahna. Anapon raraga panulisan ieu skripsi baris dijéntrékeun ieu di handap. Bab I mangrupa bagian awal dina tulisan ieu skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat tioritis boh mangpaat praktis, jeung raraga panulisan skripsi. Bab II ngajelaskeun ngeunaan rupaning tatapakan tiori anu ngawengku tiori folklor, tradisi lisan jeung sastra lisan, pupujian, semiotik, téks jeung kontéks, katut pangajaran ngaregepkeun. Bab III eusina mangrupa métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, kaasup sababaraha komponén, saperti: a. Métode Panalungtikan; b. Téhnik Panalungtikan; c. Lokasi Panalungtikan; d. Populasi jeung Sampel; é. Instrumen Panalungtikan; f. Desain Panalungtikan; jeung g. Narasumber. Bab IV eusina mangrupa hasil panalungtikan anu ngawengku déskripsi kaayaan pupujian di Pasantrén Al-Barokah. Anapon dina pedaran, eusina ngadadarkeun analisis data panalungtikan jeung nyusun bahan pangajaran pupujian di SMP Kelas VII. Bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran atawa rékoméndasi- rékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar hasil analisis sémiotik, téks, jeung kontéks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al- Barokah Bandung. Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung hasil panalungtikan. Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

1.1 Métode Panalungtikan

Métode asal kecapna tina methodos dina basa Latin. Kecap methodos diwangun ku kecap meta jeung hodos. Meta hartina menuju,ngaliwatan, nuturkeun sanggeus: hodos hartina jalan, cara, arah. Dina wangenan anu leuwih lega, Ratna 2010, kc. 34-35 nétélakeun yén métode mangrupa padika, cara-cara, strategi, léngkah-léngkah sistematis pikeun maham réalitas, jeung léngkah-léngkah sistematis pikeun ngaréngsékeun hiji masalah. Sacara umum, ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan nya éta sémiotik, téks jeung kontéks Pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung. Ulikan sémiotik museur kana unsur ikon, indéks, jeung simbol, ulikan téks museur kana déskripsi eusi téks pupujian, sedengkeun kontéks museur kana tatacara, waktu jeung barang nu marengan. Dina ieu panalungtikan, métode anu digunakeun nya éta métode étnografi-deskriptif. Heigham 2009, kc. 93 nétélakeun yén panalungtikan étnografi mangrupa panalungtikan perkara paripolah manusa dina kahirupan sapopoé nu latarna setting lumangsung tuluy- tumuluy, kalawan museurkeun paniténna kana interprétasi budaya tina saban paripolah manusana. Panalungtikan étnografi ngamungkinkeun panalungtik maluruh kumaha manusa nyieun, ngajalankeun, ngarobah jeung ngajaga kalumangsunganana saban ajén-inajén, kapercayaan, jeung paripolah anu ngawujud dina wangun budaya. Sedengkeun métode déskriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa kajadian, boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan sarta bédana jeung kajadian lianna Sukmadinata, 2009, kc. 72. Data anu aya patalina jeung téks katut kontéks.

1.2 Téhnik Panalungtikan

Dina ieu bagéan dipedar perkara téhnik ngumpulkeun data katut téhnik nganalisis data.

1.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dina ieu panalungtikan dikumpulkeun ngaliwatan téhnik-téhnik dokuméntasi, observasi, jeung wawancara.