Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia |
\.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.2 Desain Panalungtikan
1.7 Narasumber
Narasumberinforman nya éta pihak-pihak anu ngarojong kana kalancaran panalungtikan ku cara maparin informasi atawa katerangan ngeunaan hal-hal anu diperlukeun dina
panalungtikan. Panalungtik kudu bisa ngungkab sawatara pertanyaan sangkan narasumber nu diwawancara bisa ngajawab sarta ngajelaskeun kalawan jéntré tur daria. Katerangan ti
sawatara narasumber kaitung diperlukeun pisan pikeun ngungkab saca ra gembleng ma’na
jeung ajén inajén nu nyangkaruk dina pupujian.Pikeun kaperluan ieu panalungtikan, pihak- pihak anu dijadikeun narasumber téh nya éta pangasuh Pondok Pasantrén Al-Barokah, nu sok
mingpin pupujian nadoman jeung sawatara santriah.
Semiotik Téks
Kontéks
Eusi Pupujian Ikon
Simbol
Indéks
Ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung napsirkeun
Ngalarapkeun hasil panalungtikan kana widang atikan bahan pangajaran
Nyindekkeun Nyusun Laporan skripsi
Tatacara posisi diuk
Barang nu Marengan
Waktu
Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia |
\.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Suci Nurul Qori’ah, 2015 PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia |
\.upi.edu perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
1.1 Kacindekan
Pupujian mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda nu miboga ajén-inajén luhur. Pupujian mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda anu geus kaitung langka dihaleuangkeun
boh dipadésaan komo dipakotaan, tapi di salah sahiji wewengkon Kota Bandung masih kénéh kaitung hirup. Ieu panalungtikan ngagunakeun Métode kualitatif nya éta étnografi-deskriptif.
Tina hasil panalungtikan, kapanggih dua buku, hiji catetan jeung dua lambaran anu jumlahna 50 téks pupujian ti opat narasumber.
Unsur sémiotik anu dianalisis mangrupa unsur ikon, indéks jeung simbol nurutkeun tiori Budiman. Aya sapuluh jud
ul Pupujian nu dianalisis unsur sémiotikna nya éta “ Du’a Bulan Rajab DBR, Du’a pikeun Guru DpG, Du’a Réngsé NgajiNgaderes DRNg, Éling-éling
nu Sok Solat É2nS2, Ilahilastu Lilfirdausi Ahla ILA, Kalimah Toyyibah KT, Man Taroka MT, Ma’rifat ka Alloh jeung Rosululloh MkAjR, Niat NgaosTolab Élmu NNg,
Pancakaki Nabi PN.Tina sapuluh pupujian, kapanggih unsur ikon imagis jeung metaforis; unsur indeks zat, réngkak paripolah, kecap gaganti jalma, gejala fisik, jeung aktualisasi kecap
panunjuk; sarta unsur simbol katut interprétasina. Eusi téks pupujian nu dianalisis nurutkeun tiori Yus Rusyana nya éta aya genep
golongan, nya éta: 1 muji kaagungan Gusti Alloh; 2 solawat ka Kangjeng Nabi; 3 ngadu’a jeung tobat ka Gusti Alloh; 4 ménta pitulun
g ka Gusti Alloh jeung sapa’at ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw.; 5 naséhat pikeun ngajalankeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan
ma’siat; jeung 6 ajaran ngeunaan agama, upamana kaimanan, rukun islam, fikir, akhlak, tarikh riwayat, jeung tafsir Qur’an.
Kontéks nu kapanggih nya éta aya tatacara posisi diuk. Anapon posisi diuk ngan aya dua; 1 nyanghareup ka guru jeung 2 ngangabuleud leter O;waktu,
Ba’da Subuh, Waktu lohor, Duha, Lohor, Asar, Ngalogat Tos solat Isa, Waktu Ngaji Peuting ti jam 20.30-jam
23.00, Waktu Ngaderes Babarengan Santriyah malem Kemisan, jeung Sénénan Majlis Ta’lim Ibu-Ibu ti jam 7 nepika jam 11.30; katut barang nu marengan, nya éta cai hérang.